Home Warta Tamu Zahra Alvin Lir Permata Loba nu Néangan
Tamu

Zahra Alvin Lir Permata Loba nu Néangan

Share
Share

“Kabisa jeung kadaék, janten modal anu utama!” Kitu, ceuk Zahra mah. Tambahna, cenah, gedé kaludeung. Hartina, ulah épés méér, kudu ‘tahan banting’ ari hayang maju mah. Majar téh, kawas berlian apan moncorong herang téh lantaran diasah sina témbong kualitas nu sabenerna.
Ih, saha téa Zahra téh? Piraku teu loba nu apal. Inyana téh, Zahra Alvin Nabila Rahayu, urang Bandung. Medalna ka alam dunya di  Bandung,23 Maret 2002.

Najan ngora keneh pisan,  pangalamanana mah lain lalaworakeuneun. Ieu mojang Bandung nu katelahna Ara téh, keur nu leukeun niténan dunya hiburan atawa kasenian nu loba ‘diapungkeun’ dina média sosial mah, moal bireuk deui.


Néng Ara (sesebutan urang Sunda mojang pantaran Ara), pantes mun loba nu mikawanoh téh. Da, ieu mahasiswa téh aktif dina rupa-rupa kagiatan boh di kampus, boh di masarakat.
Zahra  téh mahasiswa Politeknik Kesejahteraan Sosial (Poltekesos) Bandung.  Najan riweuh nyuprih élmu di kampus, inyana boga karep mantuan kulawarga. Geuning, waktu boga kasempetan ngagunakeun pangabisana, inyana nyayagikeun waktu keur  Freelance Model, jeung Content Creator.

Kadaek jeung Kabisa

Kadaék jeung kabisa, dina pipikiran Ara  mah, lir dua sisi mata uang. Boga kadaék wungkul, ari teu boga panggabisa mah, moal jalan; kitu deui sabalikna. Ku lantaran kitu, ngarasa boga kabisa, haténa gé ngajurung ludeung malar kabisna leuwih mekar.


Tah, naon waé hasilna tina kabisa, kadaék, jeung kaludeung téh? Mémang, lain ukur lulumayanan, da geuning puguh pangabisana téh, jadi cukang lantaran inyana jadi juara dina sababaraha lomba.

Mislana:
First RU Putri Batik Indonesia 2024;- Winner Putri Batik Jawa Barat 2024; jeung- Duta Seni Kampus Poltekesos 2023.


Ngabandungan paripolah Nyi Mojang dina rupa-rupa hal, ceuk batur mah kaasup daékan. Da, mémang enya kituna téh. Néng Ara mah, aktif pisan. Di kampusna gé, lain ukur ngadon kuliah, tapi deuih aktif miluan unit kagiatan mahasiswa sanggar seni Sunda (Garnida); jeung miluan dina organisasi pemberdayaan perempuan di luar kampus.


Upma ayeuna jadi aktivis, mémang geus témbong ti bubudak. Ti leuleutik, geus témbong karesepna téh, saperti dina widang seni, ti anatara resepeun pisan lalajo filem.


Impina Neng Ara,  bisa ancrub dina widang sosial pangpangna mah jadi pagawé dina widang sosial. Da, keur pribadina mah, gunana hirup téh, demi méré mangpapat, keur balaréa,  lain ukur keur kapentingan pribadi. “Nu disebat berhasil téh, sanés ngan tiasa ngahontal cita-cita kanggo kapentingan urang pribadi,   tapi ogé pangaruh atawa mangpaatna kanggo anu sanes,” pokna.

Edisi majalah: 3008

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

Prof. H. Deni Miharja; Nyurahan Sunda-Islami dina Kakiwarian

Islam téh ajaran nu  universal, rembes nyerep meuntasan wates-wates sélér, ras jeung budaya....

Tamu

Acuviarta Kartabi: Mekarkeun Ékonomi Larapna Kudu Walatra

Kaayaan alam di ieu bangsa kaasup di tatar Sunda, lain ukur padumukan,...

Tamu

Kang Gun: Mawa Seni Malar Boga Pangaji

Lamun keyeng tangtu pareng. Tah, kekecapan karuhun nu kawas kitu téh, ku...

Tamu

KH. Asep Mustofa Kamal; Mekarkeun Pasantrén Nataharkeun Generasi Qur’ani Unggulan

Hadirna pasantrén-pasantrén  tahfidz hususna di Tatar Sunda Jawa Barat, henteu leupas tina...