Nasib jalma taya nu nyangka. Kungsi jadi tukang dagang asong di tempat wisata, malah pernah ngamén tapi kiwari bisa ngadegkeun pasantrén haratis. Kumaha lalakonna? Manglé ngobrol jeung Yopi Firmansyah nu ngadegkeun Pasantrén Baitul Jannah di Lémbang. ***

Mungkin ku sabab Yopi Firmansyah ngalaman pait peuheurna hirup di kulawarga nu kurang harmonis, ngajanggélékkeun inyana jadi kuat. Jajauheun tina épés-méér. Malah haténa kagerakkeun hayang mantuan barudak anu sanasib jeung dirina.
Saméméh kiwari ngaranna jadi Pasantren Baitul Jannah, nu diadegkeun ku Yopi Firmansyah téh nyaéta Pondok Al Quran Yatim Dhuafa Baitul Jannah anu puseurna di Jl. Pagermaneuh No. 275 RT 09 RW 04 Désa Pagerwangi Kacamatan Lémbang, Bandung Barat.
“Mitembeyan ngadegkeun pasantrén téh Januari 2018. Saterasna ngajak sobat sim kuring Ustaz Irvan Nur Ulum, lulusan pasantrén kanggo janten guru sakaligus pingpinan pondok,” ceuk Kang Uga (38 taun) di pasantrénna awal puasa 1446 Hijriyah.
Ti harita nepi ka kiwari, ceuk Yopi Firmansyah anu sok pada nyebut Kang Uga (Ustad Gaul), lain ukur nyadiakeun pendidikan pasantrén haratis, tapi ogé ngaharatiskeun pendidikan akademis keur santri jeung satriwatina. Ti mimiti usia dini nepi ka mahasiswa S1. Utamana dihususkeun keur yatim piatu, kaum duafa jeung ti kulawarga paburantak (broken home).

“Alhamdulillah, tos ratusan santri santriwati nu ngalap élmu di Baitul Jannah sapertos anu di Subang, Kota Bandung, Garut, Cianjur Selatan, Banten sareng di Lémbang,” ceuk Yopi pituin urang Cikolé Lémbang, Kabupatén Bandung Barat.
Basa ngamimitian ngadegkeun pasantrén, Yopi ngagunakeun tabungan pribadina pikeun mayar séwaan wangunan urut rumah makan anu sabenerna mah duitna téh ajangkeuneun waragad sakola barudakna.
Keur ngajalankeun operasionalna, Kang Uga ngarékrut rélawan pikeun ngajar anu siap dibayar saiklasna. Yopi terus sumanget nyéngsarkeun pangasilanana tina honor seminar-seminar minangka motivator di sababaraha komunitas jeung pausahaan atawa intansi. Kitu deui sok ngeusi pangajian dina sababaraha acara anu ciri has dawahna téh nekenkeun motivasi.
Hirup di Jalan
Pikeun Yopi, hirup sarwa kakurang geus biasa. Keur kalumangsungan hirupna, daék teu daék ieu Santri Gaul nu geus ditinggalkeun ku nu jadi bapa ti umur dua taun téh kungsi dagang di tempat wisata Tangkuban Parahu. Nawarkeun jajanan ‘souvenir’. Kitu deui pernah milu gawé di tukang baso jeung mantuan di tukang jasa ngaput.

“Jaman di SMA gé bari sok ngamén di sabudeur Simpang Dago. Numawi SMA teu tamat margi répot masalah ékonomi. Pokona ampir sadaya padamelan kasar kantos dicobian. Malihan dugi ka diperes ku préman gé ngalaman,” ceuk Yopi.
Najan sibuk ku sakola jeung néangan duit, harita Yopi tetep maneuh ka Pasantrén Daarut Tauhid. Hal kitu geus dilakukeun ti taun 2000. Yopi terus neuleuman agama sarta suksés nulis buku anu judulna ‘Kamu Pasti Bisa, 7 Kunci Sukses Menggapai Cita-cita’. Réngsé taun 2007 sarta suksés di pasaran nepi ka ngalaman 5 kali prosés dicitak.
Diaku ku Yopi, ti Daarut Tauhid réa meunang élmu. Tina nulis buku, dibantuan ku babaturan kuliahna jaman di Universitas Islam Negeri Sunan Gunung Djati, Yopi jadi motivator nu sok diondang di kampus kampus sarta ngalaman ngurilingan Indonésia, Malaysia, Qatar jeung Turki.
Macakal ti Leuleuik
Yopi Firmansyah anu geus biasa hirup peurih ti leuleutik, mangaruhan pisan kana kahirupanana kiwari. Pokona kudu bisa mandiri sangkan hirup ulah gumantung ka batur.
Di Pasantrén Baitul Jannah nu perenahna di sisi jalan gedé téh muka toko nu ngajual kulinér ciri has Lémbang saperti bolu susu. Kitu deui kungsi usaha ternak lélé gawé bareng jeung nu ahlina.

Muka ogé Fitrah Healing Center gawé bareng jeung Dini Bayu Subagio sarta Haji Awin Supriatna nu tempatna teu jauh ti pasantrén.
Kiwari masih réa masarakat nu ngahartikeun ‘healing’ téh ulin atawa piknik. Padahal harti sabenerna mah pangobatan. Kecap asalna gé dina basa Inggris téh ‘health’ nu hartina séhat. Da ari ulin mah ‘holiday’ atawa ‘refresing’.
“Sanaos mungkin ku ulin tiasa ngajantenkeun séhat,” ceuk Yopy Firmansyah nu ahli dina widang konséling Islam nandeskeun.
Nurutkeun Kang Uga masarakat mun gering loba nu ka dokter. Padahal aya cara séjén keur ngungkulan éta panyakit, anu disebut ku alternatip téa sarta salah sahijina Fitrah Healing Center (FHC).
FHC tempat jeung suasanana genaheun. Wangunan ampir sagala rupana 90 persén ku bahan dasar awi. Hal kitu saluyu jeung harti ‘fitrah’ tina Basa Arab nyaéta balik deui kana kasucian atawa kamurnian.
“Saleresna pangobatan ngagunakeun cara cara tradisional sarta nganggo racikan tutuwuhan sapertos nu aya di FHC, kapungkur mah sateuacan aya obat pabrik atanapi pangobatan ku dokter, henteu disebat alternatip. Malah disebatna pangobatan utama,” Kang Uga nerangkeun.
Keur bahan dasar ubar hérbal, teu kudu hariwang. Indonésia aya di posisi kadua saenggeus Brasil nu boga leuweung Amazone sarta aya di luhureun Cina nu posisina katilu sa-alam dunya.
Saking beungharna ku tutuwuhan obat, dina salah sahiji katerangan, Walanda datangna ka Indonésia baheula téh boga 3 maksud. Nyaéta Gold, Glory jeung Gospel. Emas, kajayaan jeung nyebarkeun agama Kristen.
Tah Gold éta téh naha harti emas nu sabenerna atawa aya harti séjén? Mungkin waé maksudna mah rempah rempah, ceuk Kang Uga.
Salahsahiji terapi anu aya di Fitrah Healing Center nyaéta ‘Leuhang’ atawa Sauna. Bari dikekeb dina rohangan bilik téh ngagunakeun ‘uap’ bahan dasar minyak fitrah anu basa dina jaman Covid-19 kacida matihna. Malah kadieunakeun bisa nyageurkeun rupa rupa panyakit nu digunakeun ku cara 5D, Dibalur, Diinum, Diseuseup, Diolés jeung Diurut.

Dina Romadon kiwari, program di pasantrénna leuwih dihangkeutkeun saperti Kitab Kuning, Tahsin, Tahfidz, kasenian jeung wirausaha mandiri. Nepi ka diajar usaha téh dilarapkeun ka para santri sangkan dagang di tempat ngabuburit. Supaya saréngséna namatkeun pelajaran di Baitul Jannah, “Para santri téh tos leres-leres siap mandiri terjun di masarakat,” Kang Uga reueus. Kitu deui muka konséling haratis gawé bareng jeung para ahli dina widangna. Pokona ceuk Kang Uga, salah saruang nu kungsi ngaramékeun olahraga panahan téh, hirupna hayang leuwih mangpaat. Hususna keur kulawargana anu dijimatan 6 barudak sarta barudak séjénna nu sanasib jeung dirina, umumna pikeun balaréa. ***
Manglé 3017
Leave a comment