Home Gaya Hirup Implik-implik Yans Aksa Nyipta Lagu Pikeun Anak Indonésia Hébat
Implik-implik

Yans Aksa Nyipta Lagu Pikeun Anak Indonésia Hébat

Sangkan élmu atawa kaweruh gancang kahartieun ku barudak, métodeuna kudu nu gampang kaharti. Diantarana ku lagu saperti nu dilarapkeun ku Yans Aksa, warga Subang nu kiwari jadi pencipta lagu. Kumaha lalakonna?

Share
Yans Aksa juara 1 sa-Kabupatén Subang nyieun Alat Permainan Edukatif
Share

Ceuk Yans, népakeun élmu ka barudak PAUD atawa TK ulah kaleuleuwihi. Ulah aya paksaan. Jadi mun aya istilah ulin bari diajar téh bener pisan. Tapi kalolobaanana kolot murid, boga pikiran lain. Sakaluarna budak ti PAUD/TK téh hayang geus pinter. Jadi dina neruskeunana ka SD téh saperti maca jeung nulis geus barisa.

Salah sahiji métode anu gancang kaharti dina nerapkeun élmu ka barudak nyaéta ngaliwatan lagu. Nya ti harita Yans Aksa mimitina nyiptakeun lagu husus keur barudak. Malah kiwari mah karyana terus nambahan. Lain ukur ajangkeuneun keur barudak PAUD jeung TK, tapi pikeun murid SD, SMP sarta SMA.

“Alhamdulillah karya sim kuring katampi. Buktosna sababaraha karya sim kuring sering dilombakeun di tingkat Jawa Barat,” ceuk Yans Aksa sababaraha waktu ka tukang.

Ku hal éta Yans Aksa kungsi meunang pangajén ti Dinas Pendidikan Kabupatén Subang minangka guru berpréstasi kréatif jeung inovatif sarta sababaraha panghargan lianna.

Sakumaha anu kasaksén ku Yans Aksa di dunya Pendidikan Anak Usia Dini, métode para guru dina ngajarkeun ka muridna ku cara-cara anu gampang kaharti ku barudak téh geus bener. Anu salah sahijina ku lagu téa.

“Hanjakalna ampir di mana-mana laguna mah éta-éta kénéh. Salah sawios contona ‘Balonku’. Nu digentos téh ukur rumpaka.  Dina émutan sim kuring mah asa lebar.  Naha atuh henteu sakantenan sareng laguna?” ceuk Yans Aksa deui anu ngobrol téh dina acara kagiatan PGRI Kabupaten Subang.

Nya ti harita Yans Aksa terus nyiptakeun lagu anu mimitina mah ukur ajangkeuneun barudak PAUD atawa TK. Diantarana hasil karyana téh ‘Alat Transportasi’, ‘Ikan’, ‘Tubuhku’, ‘Guruku’, ‘Bersyukur’, ‘Kita Saudara’, ‘Rukun Islam’, ‘Nama-Nama Malaikat’, ‘Berzikir’ ‘Anggota Tubuh’, ‘Bunda Yanda’, ‘Garuda’, ‘Terimakasih Guruku’ jeung lian ti éta.

Geus puluhan lagu cenah hasil ciptaanana téh. Kaasup jeung ‘génré’ réligi keur déwasa saperti lagu ‘Do’a yang Tertunda’, ‘Arah Langkah’, ‘Renungkanlah’, jeung ‘Hati yang Bicara’. Jeung karya nu paling anyar nyaéta ‘Kuku Jariku’ sarta ‘A-I-U-E-O’.

Kitu deui sok nyiptakeun lagu-lagu pesenan anu jejerna pariwisata, pencalonan lurah jeung anu lianna. Malah jaman keur kuliah di Bandung, Yans nyiptakeun lagu Pop Sunda saperti ‘Lain ti Baheula’, ‘Kapegung’, ‘Waktu teu Mundur’ jeung ‘Teu Sawios’. Sarta basa jaman mahabuna Covid-19, salah sahiji lagu karya dirina kungsi dilombakeun di tingkat nasional.

“Alhamdulillah basa dilombakeun kénging peringkat anu lumayan,” Yans reueus.

Boga Bekel

Dina urusan lagu atawa nyanyi, singhoréng ieu asli urang Subang téh boga bekel. Inyana kungsi tilu kali juara kahiji Pop Singer sa-Kabupatén Subang.

Nu paling reueus ceuk Yans Aksa, lagu ‘Guruku’ hasil karyana kungsi dijadikeun salah sahiji lagu dina Pasanggiri Tembang keur tingkat SD, SMP, SMA (sadarajat) negri jeung swasta sa-Jawa Barat.

Sumanget Yans Aksa nyiptakeun lagu beuki ngagedur. Hal kitu meunang dukungan ti Ketua PGRI Kacamatan Dawuan Kabupatén Subang, Dian Nurdiani, S.Pd., sarta kahudang ku kekecapan Mentri Pendidikan nu umajak sangkan lagu keur barudak téh leuwih dihangkeutkeun siga baheula. Kitu deui Yan teu weléh miluan lamun aya lomba cipta lagu keur barudak tingkat nasional.

“Énggal kénéh sim kuring ngiringan dua lomba cipta lagu tingkat nasional, tapi hasilna teu acan nyugemakeun. Da kahoyong mah aya tingkat kabupatén heula, ngan dugi ka kiwari tara aya waé,” ceuk Yans nu teu weléh sumanget.  

Yans Aksa nu boga cita cita hayang aya pasanggiri nyanyi keur tingkat PAUD atawa TK kalawan nu dinyanyikeunana lagu ciptaanana, terus sumanget nyiptakeun lagu. Malah sababaraha lagu ciptaanana keur SD jeung SMP geus mimiti dikeureuyeuh pikeun milu ngawujudkeun sakumaha kahayang Mentri Pendidikan sangkan Anak Indonésia Hébat téh bisa kahontal. *** (éép nr)

Manglé édisi 3007

.

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Implik-implik

Banjarmasin Kota Sarébu Walungan

Unggal daérah atawa kota sok boga jujuluk. Contona Garut nu sok disebut...

Implik-implik

Lalampahan ka Prambanan

Candi Prambanan geus kasohor ka mamana. Pada ngadatangan lain waé ku wisatawan...

Implik-implik

Tebing Karaton Éndahna Pamandangan di Lamping Gunung

Tebing Keraton atawa Tebing Karaton mangrupa déstinasi wisata bagian tina Taman Hutan...

Implik-implik

Abah Udin Milu Ngaramékeun Pasar Kopi di Tatar Jabar

Keur sabagian jalma, kopi dianggap jadi kabutuh nu utama. Malah nginum kopi...