Home Warta Katumbiri Wisuda Unisba 2025 Aya nu Gancang jeung Unggul, Saha Éta?
Katumbiri

Wisuda Unisba 2025 Aya nu Gancang jeung Unggul, Saha Éta?

Share
Nu maranggung di Wisuda Unisba 2025. (foto: Komhumas Unisba)
Share

Kota Bandung–Universitas Islam Bandung (Unisba) ngagelar Wisuda Jirangan I Taun Akademik 2024–2025 di Aula Kampus Utama Unisba (22-23/2/2025). Dina éta wisuda téh, Unisba masrahkeun pangajén ka wisudawan nu nyangking predikat unggulan, pangorana, jeung panggancangna. Saha éta téh?

Wisudawan Unggulan jeung Panggancangna

Amelia Adhi Gustina, mahasiswa Fakultas Ilmu Komunikasi (Fikom) Universitas Islam Bandung (Unisba) Angkatan 2021, bisa nganggeuskeun studi dina dangka kurang ti 3,5 taun  nyaéta 3 taun, 3 bulan, 26 poé. Préstasi nu ngalantarankeun Amelia kasinugerahan salaku lulusan panggancangna. Inyana gé dilélér wisudawan unggulan kalayan IPK 3,95 predikat Pujian. Éta mojang Garut téh nulis Skripsi nu judulna ‘Efektivitas Pesan dalam Sosialisasi Penerapan Sistem Informasi Kesehatan Digital’.

Ti anggalna gé Amelia tas tatahar sangkan bisa nyongcolang. Seméster 1 nepi ka 3 mah ngawangun pondasi akademik kudu boga niléy aralus. Laju ancrub organisasi di seméster 4 jeung 5, kaasup jadi staf di Departemen Agama BEM Fikom, aub di tim nu narima dana hibah PKK ORMAWA 2023, ngawakilan Unisba dina agénda Abdidaya Ormawa 2023 tingkat nasional di Universitas Jember. Tah seméster 6 jeung 7 mah fokus deui kana akademik nganggeuskeun skripsi.

“Kedah disiplin! Sim kuring mah nyetél alarem kanggo forum sareng kuis supados teu kalangkung. Pasisiang dianggo kagiatan organisasi, wengina diajar,” pokna.

Amelia Adhi Gustina Wisudawan Unisba pangunggulna jeung panggancangna. (foto: Komhumas Unisba)

Amelia tigin diajar sangkan bisa ngahontal target nyusun skripsi di seméster 7. Mangsa peré téh luang ngudag SKS nu dibutuhkeun, sangkan di seméster 7 kari ngeureuyeuh. Dirojong ku kolotna, Amelia bisa ngahontal udaganana. Najan loba tangtangan, saperti ngabagi waktu antara akademik jeung organisasi, éta bisa diurus ku rarancang nu asak.

“Sim kuring ngadamel daftar kagiatan sadinten sateuacanna, janten tiasa ngatur waktos,” pokna.

Nyangking pangajén wisudawan unggulan jeung panggancangna téh hiji hal nu teu kasawang ti anggalna. Tips pikeun mahasiswa nu aya karep gancang lulus kalayan hasil nu nyugemakeun nyaéta pengkuh kana komitmen, sarta aya widi ti kolot.

Ka hareupna, satutas lulus téh, Amelia boga targét nuluykeun studi S2 di Unisba sabari digawé. Dipiharep bisa naratas karier di industri televisi.

Wisudawan Pangorana

Sri Ayuni Wisudawan Unisba pangorana. (foto: Komhumas Unisba)

Sri Ayuni kacatet jadi wisudawan pangorana Universitas Islam Bandung (Unisba) ti Fakultas Hukum dina umur 20 taun 4 bulan. Mojang Kota Sukabumi téh bisa nganggeuskeun studi dina dangka 3,5 taun atawa tujuh seméster, nyumponan rarancang ti mimiti kuliah. Sri Ayuni jadi Sarjana ngaliwatan skripsi nu judulna ‘Penegakan Hukum Tindak Pidana Kasus Penipuan Budidaya Ikan Lele (Studi Kasus di Kepolisian Resor Sukabumi Kota)’.

Saacan lima taun Sri Ayuni asup Sekolah Dasar (SD). Najan mimitina mah héngkér nuturkeun pangajaran di kelas 1, inyana bisa adaptasi di kelas 2 nepi ka lulusna. Basa asup ka Fakultas Hukum Unisba téh umurna 16 taun.

Salila kuliah di Unisba, Sri Ayuni fokus akademik pikeun ngahontal target lulus dina dangka 3,5 taun. Hasilna, inyana lulus kalayan Indeks Prestasi Kumulatif (IPK) 3,79 predikat Pujian. Lian ti préstasi akademik, Sri Ayuni gé resep olahraga, hususna badminton. Basa sakola di SMA Negeri 4 Sukabumi, Sri kungsi nyangking juara 2 ganda putri Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN) tingkat Kota Sukabumi.

Kungsi aub dina klub badminton kampus Unisba. Kateug di taun kahiji lantaran operasi usus buntu. Maén badminton jadi kalangenan di luar kampus. Di kampus mah sumanget neuleuman élmu hukum. Sri Ayuna ngaapresiasi lingkungan kampus Islami. Mekarkeun poténsi tanpa ditibanan bangbaluh.

Satutas lulus di Unisba, Sri Ayuni rarancangna nuluykeun atikan S2. Inyana miharep Unisba salawasna aya dina kamajuan.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis...