Home Gaya Hirup Pepetétan Mejeng Wisuda Tahfidz Qur’an Masjid Fathul Khoir
Mejeng

Wisuda Tahfidz Qur’an Masjid Fathul Khoir

Share
Wisuda murid pangajian Masjid Fathul Khoir.
Share

Senén, 15 Juli 2024, geus lumangsung acara Wisuda Tahfiz pangajian barudak Fathul Khoir di Babakansari, Kalurahan Cibiru, Kacamatan Cibiru Kota Bandung.

Nurutkeun Zacky Jalaludin Sutisna, S. Sos., ketua panitia anu ogé salah saurang pembimbing pangajian, tujuan diayakeun éta kagiatan minangka éksisténsi jeung édukasi ka masarakat. Yén dirina, babarengan jeung pembingbing lianna anu dirojong kolot murid singhoréng mampuh ngajanggélékkeun barudakna anu apal kana bacaan Al Qur’an.

Najan puncak acara dilaksanakeun 15 Juni 2024, tapi nurutkeun Asep Farhanil Ibad, S.Ag., MM., pingpinan nu ngajar tahfidz ka barudak, ti awal Méi gé proses kana dilaksanakeun wisuda téh geus dimimitian.

“Janten para murid anu tos dianggap lulus ku pembingbing sapertos Umi Nur Fatihah, Téh Eva, Téh Keukeu, Téh Ayang, Téh Naeni, Téh Ida, Kang Zaki dina ujian ‘Tasmi’, dités deui ku sim kuring. Ngan duka ku margi geumpeur atanapi kumaha, murid-murid aya anu teu lulus,” ceuk Asep Farhanil Ibad saréngséna acara.

Kabuktian, nu ujian juz 28 tina 7 murid téh nu lulusna saurang. Dina juz 29 tina nu milu ujian 16 téh nu lulusna 11. Jeung dina juz 30 tina nu milu ujian 13 téh nu lulusna ukur limaan.

Lian ti geumpeur kamungkinan teu lulus téh alatan umur nu rata rata kurang ti 10 taun. Padahal materi ujian téh sabenerna pikeun nu umurna leuwih ti sakitu.

Dina hal éta, Asep Farhanil Ibad jeug réngrénganana nerapkeun aturan nu kacida ‘ketat’na. Rék budak saha waé anu dianggap can nyumponan sarat pikeun lulus, moal diluluskeun.

“Pokona sim kuring tos paheut sareng sadaya pembingbing, pikeun subjéktif dina meunteun para murid. Kaadilan sareng kajujuran kedah ditanjeurkeun,” Asep Farhanil Ibad nandeskeun.

Henteu gampang hayang numuwuhkeun éksisténsi jeung édukasi ka masarakat sakumaha anu dilisankeun ku Zacky. Tapi Asep Farhanil Ibad jeung réngrénganana bakal terus ihtiar, sangkan barudak di lingkunganana jadi générasi nu pinter tahfidz.

Sababaraha tarékah terus dilakukeun pikeun ngahudang sumanget murid-muridna. Diantarana Kolompok Pengajian Anak Fathul Khoir kungsi ngayakeun Musabaqah Hifdzil Qur’an sa-Bandung Raya 25 Fébruari 2024.

“Alhamdulillah kagiatan naon waé anu dilaksanakeun ku sim kuring saparakanca iklas bari henteu ngabeungbeuratan sepuh murid. Waragadna ti para agnia sareng dermawan,” Asep Farhanil Ibad nutup obrolan. ***

Manglé 2988

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Gaya HirupMejeng

Tirtalega, Ngatik Atlét Ngojay ti Leuleutik

Lamun hayang bisa ngojay anu bener, tangtu kudu diajar ka ahlina. Nu...

Gaya HirupMejeng

SD Negeri Cigerenem Juara Umum Biantara Basa Sunda sa-Kacamatan Cikadu

Ari ku rajin latihan mah bari didorong ku para guru jeung Kapala...

Mejeng

Selina Kuo Hayang Jadi Fashion Desainer

Saliwat gé katawis tina jenenganana, Selina Kuo mah jelas sanés urang Sunda....

Mejeng

Pingpong Ganda Caruluk Suksés Digelar Awal Taun 2025

Sababaraha waktu kaliwat anu pancegna Minggu 2 Pébruari 2025, turnamén pingpong ganda...