Home Gaya Hirup Wisata Sakalian Ngeueum dina Cai Panas
Gaya HirupImplik-implik

Wisata Sakalian Ngeueum dina Cai Panas

Share
Arga Hot Spring, mangsa keur réa wisatawan. (Ade K.)
Share

Keur nu resep ulin di alam, kiwari di Tasikmalaya aya Arga Hot Spring nyaéta leuweung pinus anu perenahna teu pati jauh ti kota. Siga kumaha éta patempatan? Jeung naon unggulna? ***

Sakumaha anu kungsi diajak ngobrol ku Manglé, ulin ka Arga Hot Spring di Cisayong Tasikmalaya mangrupa pangalaman anu pikaresepeun. Lian ti waragad asupna kawilang murah, jarak ti puseur Kota Tasikimalaya jeung puseur kota Kabupatén Tasikmalaya (Singaparna) kawilang deukeut.

Sakuriling bungking rajeg ku tangkal pinus. (Ade K.)

Saluyu jeung ngaranna, Arga Hot Spring téh mangrupa sumber cai panas anu asalna ti Gunung Galunggung. Ngan ku sabab geus ditata ku nu ngokolakeun, éta tempat wisata téh matak pikabetaheun ka nu daratang.

Bédana jeung tempat wisata séjénna nu ngunggulkeun sumber cai panas, balong-balong atawa tempat mandi nu mangrupa cai panas téh diwangun siga keur sakulawargaeun. Baruleud, anu paling réa gé paling mahi keur 10 jalmaeun. Najan aya anu rada lega ogé, mangrupa tempat mandi cai tiis anu paling pinuh diancruban ku sagala lapisan umur.

Éndahna, éta pamandian nu perenahna di Sundakerta, Kacamatan Sukahening, Kabupatén Tasikmalaya téh dilingkung ku leuweung pinus. Jadi, bari ngeueum téh sakalian ngararasakeun éndahna alam. Boh pamandanganana nu mangrupa rajegna tangkal pinus, sarta hawana nu seger ilaharna di tempat luhur.

Keur ngajugjug ka dinya nu lokasina deukeut pisan jeung Wisata Curug Badak Batu Hanoman téh kurang leuwih sajam mun disorang ti puseur Kota Tasikmalaya. Jalanna kawilang alus anu bisa diliwatan ku kandaraan roda dua atawa mobil.

“Nu paling narik mungkin ku margi harga tikétna nu ukur Rp. 10.000,-. Janten wantun pisan. Komo deui ku sakitu téh teu kedah mayar deui upami badé ngeueum atanapi ngojay,” ceuk Yuyus Rustini warga Kota Tasikmalaya.

Paling nambahan biaya parkir kandaran nu ukur Rp. 2.000,- keur motor sarta mobil nu teu sabaraha mahal. Nu lianna mah taya anu kudu mayar deui.

Yuyus Rustini, teu kabagéan ngeueum. (Ade K.)

Kitu deui pikeun nu hayang apal kumaha peuting di Arga Hot Spring, teu kudu hariwang, sabab éta tempat wisata anu kasebut anyar jeung keur ‘viral’ téh bukana nepi ka peuting. Kitu deui aya wahana keur kémping nu tangtuna éta mah béda deui waragdna, nyaéta Rp. 25.000,- keur sapeutingna.

Ti saprak resmi dibuka dina pertengahan 2023, Arga Hot Spring mampuh ngagerakkeun ékonomi masarakat di sabudeureunana. Utamana nu daragang jeung nu gawé di tempat wisata éta ti mimiti tukang parkir jeung nu mancén di jero.

Pangjugjugan Balaréa

Unggal poéna teu weléh didatangan wisatawan. Komo dina usum peré mah saperti acara munggahan jeung dina libur lebaran, nu daratang lain ukur warga Kabupatén jeung Kota Tasikmalaya. Malah réa anu di jauhna.

Tempat kémping di Arga Hot Spring. (nét)

“Diantawisna seueur nu ti Bandung. Mungkin sakantenan mudik nya arameng ka dieu,” ceuk nu jaga karcis.

Hal kitu dienyakeun ku Yuyus Rustini. Yuyus nu datangna ka dinya téh jeung dulur dulurna anu daratang ti Bandung, ngaku teu kabagéan ngeueum cenah dina cai panas nu sabenerna mah geus diajam ti saméméhna.

“Seueur pisan nu sarumping. Dugi ka sim kuring sareng rombongan gé henteu kabagéan ngeueum da pinuh waé,” ceuk Yuyus deui.

Kasebutna tempat wisata, di Arga Hot Spring gé sagala aya. Ti mimiti musola, toilét, gazébo jeung nu lianna. Nu jelas tempat parkir kandaraan mah kaitung lega.

Nurutkeun katerangan nu gawé di dinya, sabenerna mah Arga Hot Spring téh baheulana mah ngaranna Curug Arga. Sanggeus dikeureuyeuh ti mimiti taun 2019, nya diwangun Arga Hot Spring. Tapi ku sabab aya wabah Covid 19, kungsi eureun pangwangunan téh. Kakara pertengahan taun 2023 resmi dibuka keur masarakat umum.

Tempat ngeueum nu wangunna buleud. (nét)

Taya salahna keur nu resep ulin di alam mah datang ka Arga Hot Spring. Lian ti murah waragadna, sakalian wisata téh bisa bari ngeueum dina cai panas. Tapi sapanitén Mangle, leuwih hadé mun rék ngahajakeun wisata ka Arga Hot Spring, saméméhna nangenan heula cuacana.

Najan mun geus aya di lokasi mah éndah tiis tingtrim pikabetaheun, upama hujan mah bakal kurang tumaninah. Sabab can réa wangunan atawa gazébo pikeun ngiuhan. Komo deui upama keur loba anu daratang, tangtu moal kabagéan pisan ngiuhan. Cag. ***

Manglé 2976

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Gaya HirupImplik-implik

Paniisan Cippo Tempat Ngojay di Gunung Manglayang

Lain tempat ngojay nu standar sabenerna mah. Tapi Paniisan Cippo atawa anu...

Gaya HirupImplik-implik

Khalana Villa Citengah Wisata Murah Ngaharib-harib Ubud Bali

Piknik atawa wisata mah henteu kudu mahal, nu penting bisa sugema nyukakeun...

Gaya HirupImplik-implik

Rafting di Walungan Palayangan Situ Cileunca Pangaléngan

Wisata rafting/arung jeram atawa tumpak parahu karét di walungan anu caina tarik...

Gaya HirupImplik-implik

Ngamangpaatkeun Poé Peré Naék ka Gunung Papandayan

Pikeun nu resep suasana alam, naék gunung mangrupa hal nu kaasup penting....