Siga taya béakna tempat wisata sabudeur Bandung mah. Julg-jleg di ditu di dieu. Salah sahijina Wisata Bukit Senyum anu nawarkeun kaéndahan alam pagunungan. Di wewewengkon mana jeung aya naon waé? ***
Teu perlu asruk-asrukan lamun hayang ulin ka gunung mah. Di Kampung Pasir Manggu, Désa Cipada, Cikalong Wétan Kabupatén Bandung Barat, ngadeg tempat wisata anu disebut Bukit Senyum.
Anggangna ti puseur Padalarang mah 15 km. Sedengkeun ti puseur dayeuh Kota Bandung kurang leuwih 30 km. Bisa disorang ngaliwatan jalan nu ka Purwartakeun atawa ka Jalan Dr. Setiabudi. Ké sanggeus ngaliwatan Kampus UPI Bandung ngénca ngaliwatan Cihideung tempat ngajual rupa-rupa tatangkalan.
Tong miharep aya raraméan di dinya mah, sabab tempat wisata anu diadegkeun Nopémber 2016 téh bener-bener nawarkeun alam pagunungan anu mémang aya di antara 1116 nepi 1300 méter MDPL. Henteu anéh lamun éta tempat milik Perhutani téh jadi pangjugjugan keur nu geus bosen di nu karaméan.
Tangkal pinus anu jarangkung nambahan asri éta tempat. Sakapeung kadangu sora-sora manuk rarécét paselang jeung sora angin anu neumbagan dangdaunan nambahan betah hayang lila di dinya.
Objék Wisata Bukit Senyum bisa iraha waé didatangan. Sabab bukana unggal poé kalawan waragad nu kudu dikaluarkeun keur asupna ukur 10 rébu. Tapi leuwih alusna isuk-isuk atawa burit, sabab kadang kadang masih aya halimun nu malah nambahan artistik.
Ku sabab Bukit Senyum perenahna aya di lamping Gunung Burangrang, hawana karasa matak seger kana badan. Komo deui ku sabab geus loba anu ngadatangan, réa anu daragang dina saung-saung nu ngajajar hareupeun tempat parkir.
Rupa rupa tujuan anu daratang ka Bukit Senyum. Diantarana anu ukur hayang popotrétan atawa balakécrakan bari ngararasakeun segerna hawa pagunungan jeung anu olahraga utamana nu sasapédahan.

Andelan Désa
Nurutkeun anu daragang jeung nu jaga di éta tempat wisata, disebut Bukit Senyum téh cenah lain pédah wangun pasirna anu siga biwir nu keur imut, tapi tina kekecapan salah saurang anggota kolompok Tani Hutan Rimba Sejahtera nu wastana Sugondo.
Harita cenah Sugondo sok nangenan jalma-jalma anu kagabung dina Lembaga Masyarakat Hutan (LMDH) sok imut (tersenyum). Malah imutna jalma jalma tadi téh beuki katara lamun maranéhna geus ngararasakeun éndahna pamandangan sabudeur Gunung Burangrang. Ti harita cenah Sugondo nyebut tempat éta téh Bukit Senyum.

Nu jelas, pangna dingaranan Bukit Senyum ceuk Kapala Désa Cipada jaman Ukin Sudaryana, tina babalagonjangan. Disebut ‘bukit’ da enya bukit, sedengkeun ‘senyum’ mah dipiharep para wisatawan datangna ka dinya téh sangkan gumbira.
Keur nambah daya tarik wisatawan, pihak nu ngokolakeun lian ti nyieun saung-saung keur pangreureuhan jeung tempat ‘selfie’, ogé nyieun samodél tangga-tangga atawa jambatan tina awi nu jadi ciri hasna Bukit Senyum. Anu mana tempat éta jadi udagan keur nu raresep dipoto kalawan kasang tukang alam jeung pagunungan nu bakal jadi pangalaman nu hésé dipopohokeun.
Kitu deui nu ngokolakeun nyéwakeun ‘hammock’ warna-warni anu ditalikeun tina tangkal pinus ka tangkal pinus lianna. Ti mimiti anu pendék nepi ka anu luhur aya.
“Fasilitas nembé sakieu buktosna. Istilahna mah kanggo pangreureuhan,” ceuk salah saurang nu ngokolakeun.
Nu jelas, tujuan mimiti diadegkeun tempat Wisata Bukit Senyum téh, sangkan anu asalna éta kebon kopi téh aya kamajuan keur masarakat sabudeureunana. Pokona Bukit Senyum jadi andelan Désa Cipada. Hasilna?

“Alhamdulillah kiwari Bukit Senyum anu aya di Burangrang Selatan téh unggal dintenna seueur waé anu sarumping. Janten nambih pangasilan. Hasil ngebon kopina tetep aya, ditambih ku tina tempat wisata,” nu ngokolakeun reueus.
Dina keur rinéhna, patani kopi téh dikaryakeun ngurus Bukit Senyum saperti nu jadi tukang parkir, jaga karcis, nu daragang jeung lian ti éta.
Henteu bisa dipungkir ceuk nu ngokolakeun, animo masarakat kana tempat wisata leuwih ti kana kopi. Padahal kopi Burangrang Selatan mah geus dipikawanoh di Nusantara.

Sawatara éta, keur anu resep olah raga sapédah, Bukit Senyum minangka salah sahiji tempat anu wajib ditalukkeun. Hal kitu dilisankeun ku Rian Isrud jeung rombonganana anu jauh jauh ti wewengkon Cibiru Kota Bandung ngahajakeun ka Bukit Senyum, Minggu 4 Séptémber 2022. “Sanés ukur tebihna wungkul, rute ka Bukit Senyum seueur tangtanganana. Dugi ka réréncangan gé seueur anu gareubis. Ngan ku kitu téh kaubaran ku pamandangan anu kacida éndahna. Diantawisna arula arileuna jalan sabudeur kebon entéh,” ceuk Rian nu ngakuna atlét sapéda downd hill ti Kota Bandung. ***
Mangle No. 2901
Leave a comment