Home Warta Tamu Widi Rahmawati: Cangkang Métal Haté Nyunda
Tamu

Widi Rahmawati: Cangkang Métal Haté Nyunda

Share
Bassis Voice of Bacéprot Widi Rahmawati (Foto: Instagram @widivob)
Share

Diwanohkeun kana alat musik mah ti saprak sakola di MTs Al-Baqiyatussolihat Singajaya, Garut. Tapi dina kahirupan sapopoéna ti leuleutik, Widi Rahmawati dihuapan lagu-lagu Sunda ku ibu ramana. Teu matak hémeng, éta bassis Voice of Bacéprot téh apal ka Musisi Sunda Darso saparakanca. Karya para maéstro musik Sunda maneuh dihaleuangkeun saban isuk-isuk.

“Ungal dinten nyetél lagu-lagu Sunda. Ungal énjing-énjing disetélna mah, janten abdi nuju sasapu, gégéroh téh dipirig ku haleuang Kang Darso saparakanca,” ceuk Widi VoB dina katerangan via WhatsApp ka Manglé (23/11/2024).

Ku kabiasaan éta Widi kataji ku lagu-lagu Sunda. Aya nu nyangkaruk dina haténa nu ngalantarankeun ajén Sunda téh pageuh. Najan Widi keur ngalanglang dunya manggungkeun musik métal, hariring pop Sunda mah masih namper dina panineungan.

Teu matak hémeng, sawatara lagu Voice of Bacéprot diselapan ku ajén Ki Sunda. Saperti lagu “Mighty Island” aya rumpaka nu unina, ‘sacangreud pageuh, sagolék pangkek, ngeduk cikur kedah mitutur, nyokél jahé kedah micarék’. Tina sakitu lobana musisi ti Tatar Sunda, Widi reueus ku Isyana Sarasvati. Kataji ku lagu tur kaparigelan ngamusik.***

Mangle No. 3005

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...

Tamu

Prof. Cecep Darmawan; Waktuna Jabar Némbongkeun Kakuatan di Tingkat Nasional

Larapna démokrasi saperti Pilkada Jabar 2024 ka tukang-tukang, lain semet milih pamingpin,...

Tamu

Wahyudin Iwang; Loba Invéstor Kotor Alatan Aturan Henteu Peurahan

‘Alam ngajaga urang, urang ngajaga alam’. Ieu kekecapan, negeskeun, yén dina ngurus...

Mo Sidik, Komika nu kasohor. (foto: istimewa)
Tamu

Mo Sidik: Di Tatar Sunda Humor Jadi Budaya

Urang Sunda mah resep heureuy. Tina ngabanyol téh sok tuluy jadi bukur...