Carpon Saéfudin Firmansyah
Poé kamari mangrupa poé panungtung ASAS (Asésmen Sumatif Akhir Seméster). Barudak aya kagiatan class meeting. Sedengkeun guru mah sibuk ngerjakeun RDM atawa Raport Digital Madarasah. Sakabéh guru ngeusian templaté anu di-download tina RDM. Wali kelas leuwih loba deui tugasna. ASAS lumangsung salila saminggu. Dina ASAS anu ayeuna kuring jadi sekretaris. Loba tugas tapi resep. Leuwih jauhna kuring mikir bakal meunang anu gedé.
“Tulus cair ayeuna honor ASAS?” tanya Bu Reni.
Kuring teu némbal.
Sabenerna keuangan ti barudak geus arasup kabéh. Saacan prung ASAS, sakabeh murid geus mareunang kartu peserta. SPP jeung biaya ASAS anu gedéna saratus rébu kudu lalunas nepi ka bulan Désémber. Ancoan pengeluaranana geus diatur ku panitia. Ngan kamari waktu ku kuring ditanyakeun ka bendahara, ceuk Pa Ohan téh duitna diinjeum ku Kamad (Kepala Madrasah).
Kuring keuheul kabina-bina. Geus der deui umarinjeum kana duit anu geus rék dicairkeun. Témpo dibayarkeun poé ieu euweuh duitna. Para guru geus ngarep-ngarep cair. Pengeluaran teu réa cara ASAS nu maké keretas, ayeuna mah online. Honor ASAS bakal leuwih gedé. Nyieun soal ASAS online mah rada lila lantaran kudu nyieun heula dina word, terus dipindahkeun kana Google Formulir (GF). Ngan aya untungna, teu kudu capé mariksa hasil ASAS hiji-hiji.
“Tagih atuh!” titah kuring.
“Araringgis teuing,” Pa Ohan ngabirigidig.
Sakabéh panitia geus arapaleun. Ngaromongkeun pamolah Kepala Madrasah dina grup ASAS.
“Rék iraha eureunna ngaganggu kana duit sakola atuh?” kuring kumecrék.
“Ari geus kieu téh kuring mah sok hayang pindah tempat ngajar,” ceuk éta guru Fikih.
“Sarua. Ngan ayeuna mah hésé hayang ngajar di sakola anu kosong téh, parinuh,” ceuk kuring.
Teuing kudu kumaha nerangkeun hal ieu ka guru nu lian. Tada teuing bakal sarua ngagibah éta Kepala Madrasah anu boga anak dua. Inget ka waktu kamari, Bu Ida anu butuheun duit pikeun mayar hutang, kari-kari ayeuna honorna moal cair.
Kawas lain jalma berpendidikan Kepala téh, duit BOS remen didahar ku sorangan. Nyebutkeun ka batur mah hayuh wé can cair. Marukankeun teu nyarahoeun. Guru-guru téh loba kawawuhan di unggal sakola, nyaho iraha cair henteuna. Atuh honor anu kuduna cair téh jadi henteu. Teu anéh di ieu madrasah mah honor elat waé, ti mimiti sabulan nepi ka tilu bulan. Nu jadi bendahara adina, ma’lum madrasah boga yayasan. Ketua yayasanna téh deui bapana. Lain Kamad wungkul anu sok ngaganggu kana duit sakola, sakulawarga.
Témpona bayar susah. Dipopohokeun. Amit-amit.
Teu sarieuneun ku pamali kitu? Teu ngaraku deui geus ngaganggu duit sakola. Nginjeum wé hayuh, ari balayar henteu. Kaharti kituna mah, boh kepalana boh bendaharana keur barutuheun ku duit. Duanana can aya anu diangkat jadi ASN atawa PPPK. Bapana pangsiunan, baheula ngajar di MTs. Gaya hirup wé luhur, hayang kawas batur, duit nu sakola wé diparaké. Bélaan para guru mah déng nungguan gajih mangbulan-bulan teu cair. Ngeunah wé diparaké, kulinér jeung balanja. Pamajikanana deuih saruana, marukankeun duit salakina.
Inget ka waktu kuring keur jadi Wali Kelas 11. Ketua yayasan nelepon isuk kénéh, tara-tara. Sugan rék méré duit, justru rék nginjeum duit. Sugan aya cenah duit tabungan anu murid, rék diinjeum. Kuring jadi bingung. Kapaksa ngabohong yén murid anu diwalikelasan ku kuring mah teu narabung. Padahal mah méh saban poé narabung. Hadéna ketua yayasan percayaeun. Gancang kuring ngomongan barudak sangkan ulah aya anu bébéja osok nabung. Barudak narurut. Kumaha teuing mun duit tabungan barudak dicokot ku kolotna bari penting samisal pikeun biaya tatamba, heug duitna can dipulangkeun. Matak jadi omong kolot, nyanyalah ka guru jeung ngaran sakola jadi goréng.
“Hanas geus atoh rék cair,” ceuk Bu Ika.
“Wayahna,” ceuk kuring ka éta guru Fisika.
“Tagih! Hak urang-urang éta mah!” ceuk Bu Oliv muncereng.
“Jung ku ibu!” kuring malikkeun.
Bari ngeusikeun nilai téh bari gibah. Nyiar-nyiar pidorakaeun. Kamad jarang ka sakola. Dina ayana ka sakola pasti butuheun duit.
“Asa kaingetan, ari ayeuna aya kénéh infak harian?” tanya guru Qur’an Hadits.
“Euweuh, Pa, kalah éra ku barudak,” ceuk kuring.
“Emh, pasti duitna euweuh teu puguh nya,” ceuk Pa Idris.
Kitu pisan. Inget basa éta Kamad ngurihit butuh duit ka bendahara.
“Sugan aya duit, dua ratus rébu mah,” ceuk Kamad isuk kénéh.
“Barudak can aya anu mayar SPP,” ceuk bendahara anu taya lian adina.
“Tina infak harian,” pokna aya ku énténg.
“Ulah! Éta mah duit barudak,” caramna.
Rencanana mah duit infak téh bisa digunakeun kayaning pikeun takziyah atawa nyumbang ka anu kamusibatan. Saban poé barudak méré sarébu. Kamad maksa, bendahara mikeun duit récéh.
“Ceuk urang mah usaha, naon wé usaha asal halal!” ceuk Pa Komar.
“Euweuh bakat, bakatna kana umarinjeum. Leuheung mun dibayar,” ceuk kuring.
Éta guru Biologi nyéréngéh.
Lain hal anyar deui dimana aya budak nu mayar SPP bari bendahara keur euweuh, ku Kamad ditampananana, duitna disakuan. Kana duit téh aya ku beuki. Saréréa gé beuki lantaran loba pangabutuh, ngan ari kudu kitu carana mah ulah. Mangkaning Kamad manéhna téh, geus leungit wibawa téh lain bobohongan. Di hareupeun mah saréréa siga anu enya ngahargaan, di tukangeun mah pada ngaromongkeun. Nyacampah. Ngajejeléh.
“Umarinjeum waé duit, pikeun naon? Piraku rék meuli béas waé kudu nginjeum duit?” tanya Pa Ohan.
“Bisa jadi. Sabaraha atuh gajihna, sakola urang téh lain sakola élit. Jaba budakna mareumeujeuhna raresep jajan,” ceuk kuring.
Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu mah diangkat jadi Kamad téh ku bapana salaku ketua yayasan, lain ku pamaréntah. Dimana rapat antar Kamad sahenteuna hayang katémbong gaya. Mobil ngaréntal, duitna meunang umarinjeum kana kas sakola. Disangka ku batur mah mobil sorangan.
“Saban poé téh hayuh wé nya ngaromongkeun kapala. Jinisna mah teu apaleun ieuh, kalah urang capé ngagibah bari ambek,” Pa Iman seuri maur.
“Geunggeureuhkeun atuh!” titah kuring.
“Embung ah, sieun dipecat!” jawabna.
Mun hadé mah éta kepala sina eureun. Teu anak teu bapa, teu adina, saruana purah ngarinjeum duit sakola anu lain hak maranéhna. Gaya hirup hayang élit, ari rejeki sulit. Tungtungna maké duit batur.
“Moal barokah ieuh, jaba dipaké maraban anak jeung pamajikan!” ceuk Bu Isah anu ti tadi jempé.
“Matak kuring mah ngajar teu kapalang, di tilu sakola!” ceuk Bu Kokom.
“Cair atuh nya?” tanya kuring.
“Puguh wé. Dina poé panungtung ASAS gé langsung cair. Honor bulanan lancar, jaba muridna loba,” manéhna atoh.
“Enya, ngan matak pusing ngatur jadwal,” ceuk Pa Iman anu ngajabat Wakamad kurikulum.
“Wayahna,” ceuk éta guru Basa Indonésia anu ogé ngajar di SMP Negeri jeung SMK Negeri.
Majalah edisi 3010
Leave a comment