Kota Bandung – Anggota Pansus 2 DPRD Kota Bandung Elton Agus Marjan S.E., nétélakeun yén Pansus 2 DPRD Kota Bandung keur ngeureuyeuh Raperda (Rancangan Peraturan Daerah) ngeunaan Sosialisasi Pembinaan Ideologi Pancasila dan Wawasan Kebangsaan. Bahasan éta téh can nepi kana subtansi, masih dilaksanakeun konsultasi.
Elton nétélakeun yén konsultasi téh tas dilaksanakeun ka Badan Pembinaan Ideologi Pancasila (BPIP) jeung Kementrian Dalam Negeri. Dina éta konsultasi, BPIP usulan sangkan istilah ngabudayakeun téh digenti ku pangapingan Pancasila. Ku upaya éta, ceuk Elton, warga Kota Bandung ti mimiti budak sakola nepi ka nu rémpo bisa leuwih mikawanoh Pancasila.
“Kapungkur mah aya pangajaran P4. Kiwari mah teu aya. Teras istilah ngabudayakeun digentos janten ngaping. BPIP gé usulan digelarna seminar atanapi Sosialisasi Pangapingan Idéologi Pancasila sareng Wawasan Kabangsaan di saban tingkatan. Pikeun langkung teleb ngawanohkeun ajén Pancasila ka sakumna masarakat,” ceuk Elton tandes naker.
Pansus 2 DPRD Kota Bandung, émboh Elton, tas ngalaksanakeun konsultasi pamungkas ka Jakarta. Laju baris dipedar patali jeung Raperda Sosialisasi Pembinaan Ideologi Pancasila dan Wawasan Kebangsaan luyu jeung pituduh jeung pépéling ti BPIP, Kemendagri, jeung lembaga lianna. Dipiharep program nu dilaksanakeun dina raraga ngalarapkeun ajén Pancasila téh bisa mangaruhan masarakat.

Nurutkeun Anggota Pansus 2 DPRD Kota Bandung, bahasan Raperda can nepi kana pasal per pasal. Angot dinamika nu disanghareupan téh diijir bisa aya parobahan judul Raperda.
“Saupamina ditampi kamandang ti BPIP téh, otomatis judulna robih. Ayeuna mah judulna téh Sosialisasi Pembinaan Ideologi Pancasila dan Wawasan Kebangsaan,” pokna.
Elton ngécéskeun yén basa konsultasi téh Pansus 2 DPRD Kota Bandung gé ngobrolkeun pasualan téhnis sosialisasi ka BPIP jeung lembaga lianna lantaran patalina jeung waragad sarta pangrojong lianna. BPIP ngadorong sangkan dina ngaping Pancasila téh luyu jeung aturan saluhureunana. Sangkan poin-poin patali jeung sosialisasi ka masarakat gé aya.
Salah sahiji upaya sangkan sosialisasi bisa dilaksanakeun, nya kudu digelar bimtek (bimbingan teknis). Pemerintah bisa nunjuk saha waé keur miluan bimtek ngeunaan idéologi Pancasila, kaasup anggota Dewan. Laju peserta nu miluan bimtek téh bisa ngalaksanakeun sosialisasi ka masarakat.
Pamahaman Idéologi Pancasila téh kacida pentingna lantaran beuki dieu téh beuki ngurangan kahayang neuleuman ajén inajén Pancasila. Ku mucunghulna Perda téh dipiharep bisa ningkatkeun deui rasa jeung kereteg dina ngalarapkeun idéologi Pancasila.**
Leave a comment