Home Warta Katumbiri Waragad Pendidikan Kurang, SPP Kudu Diayakeun Deui
Katumbiri

Waragad Pendidikan Kurang, SPP Kudu Diayakeun Deui

Share
Ketua Komisi V DPRD Jabar, H. Yomanius Untung (kénca) jeung Pangurus Puseur Asosiasi Komite Satuan Pendidikan Indonesia, Dra. Rachmi Krisdiani (katuhu).
Share

Kota Bandung – Ketua Komisi V DPRD Jabar, H. Yomanius Untung, miroséa ajén pendidikan SMA/SMK hususna negeri, di Jawa Barat nu kateug. Salah sahiji cukang lantaranana waragad pendidikan nu  kurang.

Hal éta ditepikeun Untung basa jadi narasumber kagiatan diskusi pendidikan ahir taun 2024, Forum Wartawan Pendidikan Jabar, nu jejerna “Evaluasi Capaian Prestasi di tahun 2024, PR dan Tantangan di Tahun 2025”, di Hotel Rooms Inc d’Botanica Bandung (30/12/2024). Éta acara gé diluuhan ku Kepala Balai TikomDik, Disdik Jabar, Dr. Firman Oktora, S.Si., M.Pd., Pangurus Puseur Asosiasi Komite Satuan Pendidikan Indonesia, Dra. Rachmi Krisdiani, jeung Kepela SMKN 4 Kota Bandung sakaligus Pangurus MKK SMK Jabar widang Link & Macht, Dr. Agus Setiawan, S.Pd., M.Si.

Nurutkeun Untung, hasil kajian dumasar rupaning variabel, waragad pendidikan nu meujeuhna di Jabar keur tingkat SMA Rp 4,6 juta persiswa pertaun, sarta SMK minimal Rp 5,7 juta persiswa pertaun, gumantung jurusan. Demi waragad ti pamaréntah puseur ngaliwatan Bantuan Operasional Sekolah (BOS) keur SMA persiswa pertaun téh Rp 1,5 juta, SMK Rp 1,6 juta persiswa pertaun. Ditambah Bantuan Operasional Pendidikan Daerah (BOPD) SMA Rp 98 – Rp 125 ribu persiswa perbulan, sarta SMK Rp 170 ribu persiswa perbulan, béda-béda unggal sakola.

Éstuning ngandelkeun BOS jeung BOPD. Waragad ti orangtua siswa ngaliwatan SPP ditutup, laju sumbangan orangtua teu nyubadanana harepan. Éta nu ngalantarankeun waragad pendidikan di Jabar masih kurang.

“Waragad nu kawatesanan téh mingkin héngkér kumargi masarakat uninga kana pendidikan haratis. Tos lumangsung ampir 20 taun. Ti saprak harita, ajén atikan téh teras nyirorot,” ceuk Untung tandes naker.

Untung ngémbohan yén éta nu ngalantarankeun pendidikan dikokolakeun sahayuna. Balukarna siswa tinemu pasualan mangsa diajar nu mangaruhan kana ajén lulusan. Kitu deui tina sarana. Untung kungsi nganjang ka sakola favorit nu di laboratoriumna maké komputer produk 2015.

Laju nilik Sumber Daya Manusa (SDM) Guru nu kompetensi kawates. Angot nu diuji téh ngan aspék kognitif, henteu kana kamampuh ngajar. Tangtu éta aya pangaruhna kana ajén ngajar.

“Medalkeun lulusan SMA SMK nu unggul sangkan ditampi di dunya usaha sareng industri téh peryogi waragad. Demi nu salami ieu lumangsung mah saayana, margi kakonci ku régulasi. Aya karep ti komite, mung disingsieunan ku istilah pungli. Tas kitu téh sakolana remen kasumpingan oknum wartawan nu ngagoréng sakola ku jejer peran orangtua siswa,” ceuk Untung tandes naker.

Ku kituna nurutkeun Untung mah kudu diayakeun deui SPP. Kalayan catetan siswa miskin mah teu mayar. Sangkan sakola boga rarancang nu kaukur dina Rencana Kegiatan dan Anggaran Sekolah (RKAS). Ijiran Untung mah SPP Rp 200 rébu persiswa perbulan. Ngan lantaran masarakat tas kajongjonan kampanye pendidikan haratis, usulan éta bakal loba nu teu panuju. Padahal aktivasi SPP, ceuk éta pulitisi Partéy Golkar, waragad tina SPP bisa asup orientasi pendidikan unggul.

Pangurus Puseur  Asosiasi Komite Satuan Pendidikan Indonesia (AKSPI), Dra. Rachmi Krisdiani, nétélakeun yén komite sakola téh mitra nu dipayungan ku Permendikbud No 75 Taun 2016 ngeunaan Komite Sakola, ogé Pergub No 97 taun 2022. Komite ngabantu ngawaragadan sakola ngaliwatan sumbangan orangtua siswa.Ngan tarékah éta teu signifikan dina nambah kakurangan. Antukna sawatara program sakola jadi kateug.

“Sepertos LKS (Lomba Kompetensi Siswa), aya siswa nu juara di tingkat Jabar, margi kirang pangrojong mah antukna di tingkat nasional henteu optimal. Prihatin LKS 2024 mah Jabar ngabulasin,” ceuk Rachmi tandes naker.

Rachmi miharep para stakeholder ngarojong peran komite sakola dina ningkatkeun kualitas pendidikan. Rachmi gé ngahudang kasadaran masarakat yén sakola haratis téh teu bisa ningkatkeun ajén pendidikan. Rachmi miroséa kana peran komite sakola nu dianggap resep pungli kuh oknum APH, LSM, jeung wartawan. Padahal komite téh ngabantu sakola dina ningkatkeun ajén atikan sangkan medalkeun generasi unggul tur mibanda akhlakul karimah.***

Mangle No. 3010

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Plt IKWI Resmi Ditunjuk Dina Perayaan HPN 2025 di Riau

PEKANBARU:  Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu...

Katumbiri

Puncak Dipiélingna HPN 2025 di Riau Menkomdigi: Waktuna Mentés Kawani, Integritas, jeung Sumanget Juang

Pekanbaru, 9 Fébruari 2025 – Puncak Dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025...

Katumbiri

Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H....

Katumbiri

Dibekelan Sertifikat BNSP Lulusan SMKN 5 Bandung Babari Digawé

Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di...