Kabupatén Bandung-Wakil Menteri Pendidikan Dasar dan Menengah (Wamendikdasmen), Dr. Fajar Riza Ul Haq, M.A ngaresmikeun ruang kelas baru (RKB) SMP Muhammadiyah 3 Kertasari, Kabupaten Bandung, (25/2/2025). Sarana nu diresmikeun téh wangunan anyar ngaganti wangunan heubeul nu ruksak parna balukar lini bulan Séptémber 2024 harita.
Anapon rekontruksi SMP Muhammadiyah 3 Kertasari téh hasil kolaborasi PWM Jabar jeung Lazismu Pusat kalayan anggaran Rp1.854.386.000. Éta waragad téh éstu hasil kolaborasi, tanpa bantuan APBD. Wamendikdasmen Fajar Riza ngaapresiasi tarékah Muhammadiyah nu panghareupna dina nyadiaan layanan pendidikan ka masarakat. Tanpa sepérak gé bantuan ti pemerintah, Lazismu jeung PWM Jabar bisa ngawangun RKB nu ngarojong lumangsungna pendidikan di masarakat.
“Lini nu eundeur waktos sasih Séptémber 2024 téh ngarugrugkeun wangunan, kalebet kelas-kelas di SMP Muhammadiyah 3 Kertasari. Lazismu sacara inisiatif narékahan, teu ngantosan bantosan ti pemerintah, boh pusat atanapi daérah. Muhammadiyah pangpayunna dina maparin palayanan pendidikan,” ceuk Fajar tandes naker.
Fajar ngémbohan yén Muhammadiyah téh mitra strategis pemerintah di tingkat daérah, provinsi, sarta pusat. Wamen miharep ka Pemerintah Kabupaten Bandung hanteu ngawilah-wilah sakola swasta jeung sakola negeri.
“Muhammadiyah mah naratas atanapi ngalengkepan. Upami di hiji wewengkon tas aya sakola swasta, nya pemerintah teu kedah ngadamel sakola negeri. Kumargi Kemendikdasmen, sareng Menteri Prof Abdul Mu’ti téh satékah polah ngawalatrakeun aksés pendidikan,” pokna.

Wamen Fajar Riza ngécéskeun Permendikdasmen Nomor 1 Taun 2025 ngeunaan Redistribusi Guru Aparatur Sipil Negara pada Satuan Pendidikan yang Diselenggarakan oleh Masyarakat. Éta aturan nandeskeun yén guru nu statusna aparatur sipil negara (ASN) bisa ngajar di sakola swasta.
“Guru daftar PPPK kedah ngajar di sakola negeri. Tah ku Permendikdasmen mah guru swasta nu tas PPPK téh tiasa ngajar di sakola swasta. Éta buktos bumélana pemerintah pusat, sangkan ajén pendidikan walatra,” ceuk Wamen écés naker.
Sekretaris Pimpinan Wilayah Muhammadiyah (PWM) Jawa Barat Iu Rusliana nandeskeun yén prosés pangwangunan nepi ka ngaresmikeun RKB di SMP Muhammadiyah 3 Kertasari téh wangun komitmen Muhammadiyah dina ngalegaan layanan pendidikan nu saméméhna ngabugbrug lantaran lini.
“Katawisna mah paur pisan upami rohangan éta dipaksakeun dianggo. Janten dirugrugkeun lajeng diwangun deui rohangan nu énggal,” pokna.
Prosés éta luangsung kalayan donasi dti Lazismu Pusat Rp200 juta, Lazismu PWM Jawa Barat Rp200 juta, Lazismu Jawa Timur Rp100 juta, Lazismu Jawa Tengah Rp25 juta, Lazismu Bangka Belitung Rp13,5 juta, katambah bank mitra, sarta ti masarakat.
Iu Rusliana ngémbohan yén Muhammadiyah Jabar boga tim solid nu ngawengku Lazismu, MDMC, PDM nepi ka PCM. Tim Terpadu nu rikat mairan hal-hal nu aya patalina jeung musibah. Ti mimiti mitigasi, kajadian musibah, nepi ka satutasna. Éta wangun komitmen Muhammadiyah di widang kamanusiaan.***
Leave a comment