‘Alam ngajaga urang, urang ngajaga alam’. Ieu kekecapan, negeskeun, yén dina ngurus lingkungan alam mah kudu daria! Lantaran, lamun talobéh, bakal loba résikona. Ngan, kumaha ari buktina? Hanjakal, nu hirup di alam kiwari, demi kapentingan rupa-rupa kahirupan, loba pihak geus talobéh ka lingkungan, saperti waé katémbong tina paripolah manusa kana alamna.
“Malihan talobéhna ngokolakan alam ieu bangsa nu kasohor subur ma’mur, dicontoan deui ku kawijakan pamingpin ka tukang-tukang. Sapertos ayana Projek Strategi Nasional (PSN) ti pamaréntah pusat, buktosna mah geus ngabalukarkeun leungitna hak sareng kadaulatan rayat. Malihan PSN, janten salah sahiji palanggaran HAM nu beurat. Da, jero-jerona mah sanés keur kapentingna rayat. Malah geus ngantepkeun kasalametan manusa ku cara-cara ngaruksak lingkungan nu leuwih sporadis,” ceuk Wahyudin Iwang, Direktur Eksekutif Daerah Wahana Lingkungan Hidup Indonesia (WALHI) Jawa Barat mimiti nepikeun obrolanana.
Luyu jeung tékadna, sangkan pamaréntah jeung nu arusaha henteu talobéh, kiwari, Walhi Jabar ogé keur pokus nalingakeun masalah-masalah pangwangunan di Jawa Barat, saperti Tambang, Energi (PLTU, Geothermal, PLTSa jeung PLTA), Lahan Kritis, Daerah Aliran Sungai (DAS), Tata Ruang, masalah runtah, masalah pagar laut jeung pangwangunan infrastruktur.
“Utamina nu jadi sorotan kasus pagar laut, dina pandangan Walhi, jelas-jelas aya peran pamaréntah nu tos ngalégalkeun pengelolaan jeung ngamangpaatkeun pesisir laut ka korporasi. Buktina, ijin SHM sareng ijin-ijin lianna tos dikaluarkan ku Kementrian Kelautan & Pulau (KKP). Sareng terang aya masalah, tapi angger diantepkeun. Nembé, saatos viral, kakara curinghak. Janten, ‘No Viral No Justice’ téa. Margi kitu, sikep Walhi tegas, proyékna cabut, téangan dalangna nepi ka jero-jerona, tanjeurkeun hukum nu peurahan,” pokna deui tandes.


Butuh Kawani ti Pamingpin Anyar
Loba ruksakna alam, dina émprona mah balukar talobéhna para pamingpin, boh dina nyieun aturan atawa ku resepna miara investor kotor. Pangna kitu, sanggeus nagara jeung saban daérah boga pamingpin anyar, rayat miharep jeung nganti kawani keur mémérésna. “Walhi ogé miharep sangkan pamingpin anyar bisa mawa ieu nagara nu mandiri, henteu gumantung kana investasi kotor nu jelas-jelas geus ngarampas sumber kakayaan alam nu kaleuleuwihi. Kitu deui, ka para pamingpin daérah Jawa Barat; Gupernur, Bupati jeung Walikota, stop invéstasi kotor! Margi jelas-jelas geus ngajauhkeun rayat tina sumber kahirupanana. Wujudkeun niat jeung visi nu bener-bener keur ngajaga lingkungan. Larapkeun pengawasan nu kuat, bener, jeung jujur sarta tanjeurkeun hukum nu bener-bener peurahan, sangkan nu ngaruksak henteu nyieun kasalahan deui. Kitu dieu, dina nyieun kawijakan anyar ulah kaliru. Sapertina waé kasus révisi undang-undang minerba nu milukeun ormas kaagamaan dina kagiatan tambang. Ayeuna muncul deui, geusan milukeun perguruan tinggi. Ieu ogé jelas keliru. Lantaran henteu sadayana perguruan tinggi ngagaduhan kaahlian husus widang tambang. Hartosna, pami dilégalisasi, mangka karuksakan alam sareng lingkungan ka payunna beuki nyampak, beuki sesah sareng beuki rumit dina ngugkulanana,” ceuk Wahyudin Iwang nu ogé perenah jadi Ketua Pusat Sumber Daya Komunitas (PSDK).
Pangna kitu, hususna keur para pangusaha nu invéstasi, ceuk Iwang (landian ieu Direktur Walhi Jabar) kudu tigin kana aturan nu bener, lain kana aturan nu bisa diatur jeung dijieun-jieun. Pangusaha kudu boga tékad ramah lingkungan, henteu sabalikna malah sarakah.
“Mung hanjakal, dina larapna nanjeurna aturan masih kénéh lemah. Aturan didamel ogé, kalah condong keur ngalégalisasi karuksakan. Buktina, tingkat karuksakan lingkungan henteu sabanding sareng tingkat cara ngungkulanana. Dina kapanggihna palaku nu ngaruksakna ogé, pamaréntah jarang méré hukuman nu beurat atawa nu peurahan. Ieu saleresna nu janten masalah bangsa kiwari mah. Hukum kedah peurahan, supados invéstasi henteu kotor, ogé lingkungan alamna tetep lestari,” pokna deui.
Keur nguatan tékad jeung sikep kitu, Walhi Jabar ogé terus ngayakeun kagiatan édukasi, saperti ka masarakat. Lian ti sosialisasi aturan-aturan pamaréntah nu jarang nepi ka masarakat luas, ogé ngayakeun sawala ngeunaan pentingna ningkatkeun peran komunitas, kelompok, wanoja, jeung kagiatan lianna dina ngajaga lingkungan.
“Édukasi kanggo numuwuhkeun kasadaran masarakat nyaah ka lingkungkan ogé penting kacida. Ku cara kitu, moal pareumeun kader atanapi generasi nu gaduh perspektif saé kana pentingna lingkungan,” ceuk ieu carogé Ita. R deui.


Ludeung Nyarita
Upama Wahyudin ayeuna jadi tokoh pejuang lingkungan nu mancén Direktur Eksekutif Daerah Walhi Provinsi Jawa Barat, sabenerna ti keur leutik mah teu ngimpi-ngimpi acan. Ngan, kétang! kabawa ludeung nyarita kritis mah, alatan ti keur leutik nepi ka déwasa ogé, lalampahanana henteu pegat jeung alam.
Wahyudin atawa nu sering dilandi Iwang, dilahirkan di Désa Cibeureum, 1 Maret 1986 Kacamatan Kertasari Kabupatén Bandung. Sedengkeun wilayah Cibeureum jadi tempat nu boga peran penting keur lumangsungna walungan Citarum, walungan nu panggedéna jeung pangpanjangna di Jawa Barat nu ogé ngahubung ka 12 wilayah kabupatén jeung kota.
“Ti aalit dugi déwasa sering pisan ngabandungan masalah nu pakait sareng Citarum. Utamina nu diraoskeun di wilayah leuweung sareng DAS Citarum ngawitan taun 2008. Ti dinya, asa beuki ngenes, dugi ahirna sasarengan sareng masarakat lokal ngabentuk komunitas Wahana Pecinta Alam Semesta (WANAPASA) kanggo mayunan masalah-masalah lingkungan sareng sosial. Saterasna, taun 2009 nembé ngabentuk Pusat Sumber Daya Komunitas (PSDK), nu pokusna kana masalah nu leuwih daria, nyaéta masalah perencanaan sareng penganggaran désa, sarta kajian sareng advokasi kana isu Das Citarum. Ti dinya, dina taun 2012, saterusna mah dipercanten manén pupuhu PSDK. Janten, ti rumaja kénéh ogé tos ancrub ngiring ngungkulan masalah lingkungan,” ceuk Kang Iwang nu kiwari nganjrek di wilayah Majalaya Kacamatan Ibun Kabupatén Bandung.
Kiwari mémang lain bihari. Atuh parobahan jaman teu bisa disinglar deui, nu ngabalukarkeun ogé robahna rupa-rupa paripolah manusa. Enya, dina angen-angen ieu rama Giandra jeung Windu ogé, upama hirup teu jeung kadalina, utamana agama, meureunan loba pisan paripolah manusa ka dieunakeun nu ‘lolong’ kana papagon atawa aturan. Mana, keur Iwang mah, dina manahna teu weléh sukuran ka Gusti Alloh Swt., lantaran, wasilahna dorongan doa jeung tigin kana papatah sepuhna, jadi milu berjoang keur nyalametkeun lingkungan alam nu leuwih daria.
“Dimana waé hirup, nu pentingna mah ulah pegat ibadah, bisa nitipkeun diri, panceg dina lampah saé, campur gaul jeung sasama, tur mancén nu wijaksana,” ceuk Wahyudin, nineung kana papatah sepuhna mangsa keur leutik.
Tigin kana papatah kitu, mana dina lalampahan saterusna, tékad ieu putra Pa Oyib, beuki ngagedur sarta beuki dipercaya nu ngalantarankeun jadi pangurus di Wahana Lingkungan Hidup Indonesia (WALHI) Jawa Barat. Mimiti tina staff divisi Kebencanaan, manajer Advokasi jeung Kampaye, ahirna dipercaya jadi pupuhu Direktur Eksekutif Walhi Jawa Barat.
“Kanggo mastikan Walhi Jabar gaduh niléy sareng nyepeng pageuh kana prinsip bebeneran, mangka dina mayunan tangtangan, teges bakal daria. Kituna teh supados kadaulatan lingkungan sareng kadaulatan rayat leres-leres tiasa kajamin ku nagara, sareng mangpaatna tiasa karaos aman, betah sareng raharja kanggo rayatna,” ceuk ieu alumni MA Al-Fatah Kertasari téh.
Mancén pupuhu Walhi Jabar nu kaasup organisasi non pamaréntah (Ornop), ceuk Kang Iwang nu keur leutikna hayang jadi tentara, mémang butuh niat jeung tékad nu kuat keur mekarkeun diri, numuwuhkeun karakter, nambah pangaweruh sarta nyieun jaringan nu salega-legana. Lantaran kitu, dina lelembuatanana ogé, karasa loba mangpaatna, utamana nguatan tékad ibadah ngaliwatan perjoangan nanjeurkeun bebeneran, nambah pangaweruh utamana masalah kaarifan lokal, ogé bisa deukeut jeung lingkungan masarakat.
“Insya Alloh Walhi Jabar teras berjoang sareng ngémutan ka para pihak pentingna lingkungan nu lestari. Margi kitu, miharep ka sakumna pihak; pamaréntah, dunya usaha, akademisi, mahasiswa, tokoh agama, komunitas lingkungan, atanapi antar generasi, tiasa ngagaduhan perspéktif, yén ngajaga jeung miara alam téh wujud tanggung jawab manusa di ieu bumi,” ceuk Wahyudin nu hobina Badminton, nutup obrolanana.***
Manglé édisi 3013
Leave a comment