Home Warta Tamu Abah Erza, Naratas Voice Of Bacéprot, Ti Garut Ngeundeurkeun Panggung Dunya
Tamu

Abah Erza, Naratas Voice Of Bacéprot, Ti Garut Ngeundeurkeun Panggung Dunya

Kabiasaan ngabacéprot nu matak ateul ceuli nu lian téh teu eureun najan tas diwadahan ku komunitas téater. Abah Erza nungtun tilu mojang éta sangkan mudalkeun sagala nu dikemu dina wangun karya. Marsya (nénéhna Firdda Kurnia) nulis karya tina laptop Abah Erza. Sabari ngetik, lagu nu disetél téh band musik aliran heuras.

Share
Foto: instagram @voiceofbaceprot
Foto: instagram @voiceofbaceprot
Share

Kiwari kecap bacéprot teu ngan ukur dipikaharti ku urang Sunda. Masarakat internasional—hususna nu mikaresep musik métal—aya karep ngulik-ngulik harti éta kecap. Nu jadi cukang lantarana ketak tilu mojang Sunda nu manggungkeun ngaran Voice of Bacéprot (VoB). Band nu anggotana Firda Kurnia (gitar & vokal), Widi Rahmawati (bass), jeung Euis Siti Aisyah (drum) téh tas ngeundeurkeun panggung dunya.

Voice of Bacéprot (VoB) tas jadi grup band nu sohor ka mancanagara. Itikurih tina band indie ti Garut. Nu ilaharna mah band métal téh anggotana lalaki sangar tatoan, VoB mah diluluguanana ku tilu mojang nu ditiung teureuh Banjarwangi. Lalakon nu ngebat ngalanglang dunya téh dimimitian ti Madrasah Tsanawiyah (MTs) Al-Baqiyatussolihat Singajaya, Garut. Alpukah salah saurang guru, Erza Eka Susila Satia (43), minat jeung bakat tilu mojang éta bisa mekar tur nyambuang.

Abah Erza (kitu nénéhna) nétélakeun yén ngabdi di dunya atikan téh leuwih lega batan tugas-tugas administratif nu kasengker ku lobana aturan. Teu saukur ngaping nepi ka lulusna. Sajeroning éta, aya karep mucunghulkeun kabisa. Ku pamikiran éta, Abah Erza ningali aya titik telek nu béda dina nyanghareupan siswa nu remen asup kana catetan Guru Bimbingan & Konseling.

“Waktos sakola gé tas katawis aya nu bénten ti murangkalih téh. Kahudang rasa miduli kana pasualan sosial, ku yuswa tsanawiyah tos wantun mairan naon nu disebat kaadilan téh beurat sabeulah,” ceuk Abah Erza basa ngawangkong jeung Manglé di Ruang Riung Bacéprot, Cikajang, Garut (23/11/2024).

Miang tina pamikiran nu béda éta, Abah Erza maké pamarekan seni sangkan siswa nu kapeunteun rada mahiwal téh bisa mapalérkeun rupaning hal nu ngagolak dina haté jeung pikiranana. Éta alumni Sastra Inggris UIN Sunan Gunung Djati téh, laju ngararancang kagiatan téater jeung musik.

“Ngadamel komunitas Téater Bacéprot. Midangkeun hal-hal nu dianggap palalaur. Bakat barudak katawisna dina produksi, kana musik,” pokna.

Kabiasaan ngabacéprot nu matak ateul ceuli nu lian téh teu eureun najan tas diwadahan ku komunitas téater. Abah Erza nungtun tilu mojang éta sangkan mudalkeun sagala nu dikemu dina wangun karya. Marsya (nénéhna Firdda Kurnia) nulis karya tina laptop Abah Erza. Sabari ngetik, lagu nu disetél téh band musik aliran heuras.

Remen babarengan katitén bakat barudak. Marsya nu wanter jeung calakan jadi gitaris jeung vokalis. Widi karakter musikna onjoy basa maén bass. Demi Siti mah kabiasaan tatalu di kelas, asa diulangtaunkeun diasongkeun stik drum. Tas nimu jalan keur ngamalirkeun kereteg haté mah, Abah Erza ngeprak barudak pikeun ludeung miluan féstival band. Sangkan dirojong ku sakola, saheulaanan maké ngaran Voice of Bakitos.

Sabada lulus, kamahéran Marsya cs téh beuki ningkat. Abah Erza kabiruyungan diangkén ASN. Inyana ngagadékeun SK keur nyieun studio di Singajaya, Garut. Éta nu jadi titimangsa medalna Voice of Bacéprot.

Dina dangka 7 taun mah sagalana dipigawé ku manajemen saayana. Nurutkeun Abah Erza, lain sakali timbul kahayang eureun dina bén-bénan, hirup baé ilaharna urang lembur. Aya tuntutan kedah ngahasilkeun.

“Tangtangan téh mucunghul ti lebet, sareng nembrag ti luar. Nu sesah mah dina nancebkeun kayakinan ka kulawarga. ” ceuk éta panaratas Voice of Bacéprot.

Panaratas Voice of Bacéprot (VoB) Erza Eka Susila Satia. (foto: Yadi)
Panaratas Voice of Bacéprot (VoB) Erza Eka Susila Satia. (foto: Yadi)

Abah Ezra ngémbohan yén jalma nu lahir ti pilemburan mah teu boga pilihan. Hirup sangaguluyurna baé. Upama milih jalan hirup téh loba cucuk rungkang. “Aya salah saurang personil nu naros, Bah band nu kasebat suksés téh nu kumaha? Sim kuring ngawaler, band nu hoyong bubar. Margi tos teu aya udagan,” pokna.

Najan loba pisan kawatesanan,  VoB terus medalkeun karya. Miluan festival ti panggung ka panggung, nepi ka bisa manggung di acara televisi. Kiwari VoB jadi salah sahiji grup band métal nu dipigandrung ku warga internasional.

“Nikreuh ngeureyeuh, engké gé tinemu lolongkrang. Murangkalih gaduh modal nu saé. Sasarengan ti aalit. Sakumaha pagedrug gé tiasa akur deui. Tatali batin nu nyagreud pageuh, ngalantarankeun VoB tiasa manjang medalkeun karya,” ceuk Abah Erza tandes naker.

Salaku panaratas, Abah Erza teu pati maliré kana parobahan nu mucunghul tina kasohor. Éta guru basa Indonésia SMPN 2 Singajaya téh miharep para personil VoB jadi pribadi nu haténa pinuh ku rasa sukur tur bagja. Musik mah nyeukeutan rasa, lolongkrang nepikeun kahadéan nu ngadongkang ambahan nu leuwih lega. Teu kudu aya bangbaluh udagan. Dunya musik mah ngabagjakeun.

Edisi majalah: 3005

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...

Tamu

Prof. Cecep Darmawan; Waktuna Jabar Némbongkeun Kakuatan di Tingkat Nasional

Larapna démokrasi saperti Pilkada Jabar 2024 ka tukang-tukang, lain semet milih pamingpin,...

Tamu

Wahyudin Iwang; Loba Invéstor Kotor Alatan Aturan Henteu Peurahan

‘Alam ngajaga urang, urang ngajaga alam’. Ieu kekecapan, negeskeun, yén dina ngurus...

Mo Sidik, Komika nu kasohor. (foto: istimewa)
Tamu

Mo Sidik: Di Tatar Sunda Humor Jadi Budaya

Urang Sunda mah resep heureuy. Tina ngabanyol téh sok tuluy jadi bukur...