Home Warta Tamu VOB Bébér Layar dina Lébel Anyar
Tamu

VOB Bébér Layar dina Lébel Anyar

Share
Voice of Baceprot satutas manggung. (foto: istimewa)
Share

Dikotomi mayor jeung indie masih aya di dunya musik. Voice of Bacéprot ngadeg tina kamandirian, bébér layar dina label anyar Dark Anthem Record. Minijemen mandiri nu marajian karya anyar, nu sawatara lagu tas midang di antarana Mighty Island jeung Rumah Tanah Tidak Dijual.

Manajer Voice of Bacéprot Dicki Lukman (30) nétélakeun yén kamandirian téh titincakan ideologis pikeun nebarkeun mangpaat nu leuwih lega. Nangtung dina kamandirian mah, ceuk Dicki, VoB bisa nguatan karakter, kaasup nu jadi ciri karakter Sunda.

“VoB mah langkung resep kana kagiatan nu aya patalina sareng pasualan lingkungan, gender, sareng sistim nu teu adil. Lagu-lagu VoB nyorakeun hal-hal sarupaning kitu. Némbongkeun ka masarakat yén VoB janten bagian tina upaya ngawangun dunya nu rapih kanggo saréréa,” ceuk Dicki basa ngobrol di Ruang Riung Bacéprot (RRB), Cikajang, Garut (23/11/2024).

Manajer Voice of Bacéprot Dicki Lukman. (foto: Yadi)

Éta lulusan Fikom Universitas Garut téh ngémbohan yén band kudu ngigelan jeung ngigelkeun zaman. Kamekaran téhnologi digital muka lawang nu lega dina nyebarkeun musik. Lantaran aya misi nu leuwih luhur, ceuk Dicki, RRB jadi rohangan kamekaran musik nu aweuhanana ngajomantara.

“RRB téh wangun inisiatif tina tarékah mekarkeun poténsi musik di Garut. Wiréhna di Garut téh seueur band, komunitas seni, mung sakedik pisan rohangan nu miluhung kamotékaran,” ceuk Dicki tandes naker.

VoB ngawangun ékosistem musik. RRB gé rohangan kamekaran widang seni lian, saperti satra, fotografi, lukis, jsb. RRB jadi bukti yén VoB méré kontribusi kana kamekaran musik di Garut. VoB nu tas kasohor téh jadi salah sahiji kakuatan di industri musik. Mawa pangaruh nu signifikan keur dunya musik independen di Garut.

“Band-band indie tos midang di acara-acara musik di Garut. VoB dipiharep tiasa ngabantos sangkan band indie ti Garut téh tiasa ngajomantara,” ceuk Dicki bangun miharep.

RRB nu jadi etalaseu VoB kalayan dipasieup ku rupaning karya tur kagiatan seni. Éta tempat nuansa kafé téh dipiharep bisa jadi inspirasi pikeun para musisi di Garut sangkan terus medalkeun karya.

Manglé No. 3005

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

Prof. H. Deni Miharja; Nyurahan Sunda-Islami dina Kakiwarian

Islam téh ajaran nu  universal, rembes nyerep meuntasan wates-wates sélér, ras jeung budaya....

Tamu

Acuviarta Kartabi: Mekarkeun Ékonomi Larapna Kudu Walatra

Kaayaan alam di ieu bangsa kaasup di tatar Sunda, lain ukur padumukan,...

Tamu

Kang Gun: Mawa Seni Malar Boga Pangaji

Lamun keyeng tangtu pareng. Tah, kekecapan karuhun nu kawas kitu téh, ku...

Tamu

KH. Asep Mustofa Kamal; Mekarkeun Pasantrén Nataharkeun Generasi Qur’ani Unggulan

Hadirna pasantrén-pasantrén  tahfidz hususna di Tatar Sunda Jawa Barat, henteu leupas tina...