Bandung – Unisba Expo taun 2025 téh jejerna “SDGs in Action: An Innovation Expo for Future Leaders”. Salaku Perguruan Tinggi Islam, Unisba nebarkeun kahadéan keur pangeusi alam. Dina acara Unisba Expo téh, salah sahiji karya inovasi nyaéta Unisba Sunda Politan. Modél ngawujudkeun SDGs Islam, Lokal, jeung Global, nyorang Indonésia Emas 2045.
Dosén Teknik Perencanaaan Wilayah dan Kota Unisba, Weishaguna S.T., M.M., nétélakeun yén karya inovasi Unisba Sunda Politan tas dilélér pangajén Indonesia SDGS Action Award ti Badan Perencanaan Nasional taun 2023. Aprésiasi pikeun gawé nu mayeng salila 10 taun mémérés pasualan SDGs di wewengkon Bandung Wétan
“Aya opat garapan nu dikeureuyeuh ku modél Unisba Sunda Politan. Kahiji, ngungkulan pasualan désa-désa nu kakantun tina kamajuan jaman. Padahal désa téh puseurna budaya agraris tradisional. Kedah dijagi tina modernisasi kota balukar rarancang Silicon Valley Asia Teknopolis Gedébagé sareng Tegalluar. Dilaksanakeun Program Jarambah sareng Program Nata Lembur nu medalkeun langkung ti 20 Hak Cipta mangrupa branding sarta place modél rancangan kawasan wisata alam sareng budaya Sunda tématik,” ceuk Weishaguna dina katerangan ka média (23/1/2025).

Nu Kaduana, émboh Kang Igun (nénéhna Weishaguna), ngungkulan pasualan Sumber Daya Manusa lokal nu kaséréd ku kamampuh ti piluaran nu miboga kapasitas SDM Global. Ngaliwatan program Caang Narawangan, écés Kang Igun, bisa ngalarapkeun rupaning modél pendidikan inklusi dumasar cara pangajaran panca niti urang Sunda.
“Salajengna, ngungkulan pasualan ékonomi masarakat lokal. Kawon ku sistim sareng produk ekonomi kapitalis global. Ngalangkungan program Mukti Motékar, tiasa ngatik warga sangkan motékar ngolah tatanén nu minim karbon, ékonomi budaya kréatif, sareng nyiptakeun kawasan tanpa réntenir,” pokna.
Nu pamungkas, tandes Kang Igun, ngungkulan ganjorna daya kompetitif lembaga lokal ka lembaga Global. Ngaliwatan program Calakan Nagara, bisa medalkeun leuwih ti 40 kelompok tématik nu tigin dina miara alam jeung ngamumulé budaya Sunda.
“Jati ulah kasilih ku junti. Unisba Sunda Politan, dina budaya tradisional urang napak, dina budaya modern urang ngapak,” ceuk Kang Igun bangun gedé haté.***
Leave a comment