Home Warta Katumbiri Unisba Nguatan Sinérgi Nyanghareupan Parobahan Ékonomi Global
Katumbiri

Unisba Nguatan Sinérgi Nyanghareupan Parobahan Ékonomi Global

Share
Share

Kota Bandung – Widang atikan nyanghareupan dinamika dunya, utamana parobahan ékonomi. Rektor Universitas Islam Bandung (Unisba), Prof. Dr. H. Edi Setiadi, S.H., M.H., nandeskeun yén Unisba kudu siap ngungkulan pasualan nu mingkin kompleks. Ku kituna penting dina ngawangun karakter nonoman. Unisba ngipuk ajén spiritual jeung moral sangkan lulusan Unisba boga karakter mujahidmujtahid, mujaddid. 

Hal éta ditepikeun Prof Edi dina acara Silaturahmi Idulfitri 1446 H nu lumangsung di Aula Unisba, Kota Bandung (7/4/2025). Prof Edi nandeskeun kana pentingna ningkatkeun kualitas sumber daya manusa (SDM), sangkan lulusan Unisba bisa bersaing di pasar kerja global.  Nurutkeun Prof Edi, kiwari kaayaan ékonomi global sing sarwa teu pasti, saperti Pemutusan Hubungan Kerja (PHK) gegedéan di sawatara nagara. Unisba satékah polah mekelan mahasiswa sangkan bisa ngungkulan éta pasualan.

“Unisba maliré pisan kana ningkatkeun kualitas SDM. Atuh Unisba gé nguatan sinérgi mayunan parobihan ékonomi global,” ceuk Prof Edi tandes naker.

Prof Edi ngémbohan yén wangun sinérgi téh nyaéta rukun gawé jeung pasantrén katut lembaga atikan lianna, sarta kolaborasi jeung séktor industri pikeun ngalegaan lolongkrang ka mahasiswa ogé alumni sangkan bisa macakal mangsa keur susah ékonomi. Atuh dina raraga mastikeun hal éta, Réktor neueulkeun kana pentingna ngalegaan panalitian nu luyu jeung kabutuhan pasar kerja.

. Rektor Universitas Islam Bandung (Unisba), Prof. Dr. H. Edi Setiadi, S.H., M.H.

“Kedah tiasa ngamangpaatkeun poténsi kaahlian nu aya di Unisba pikeun kolaborasi sareng instansi-instansi dina medalkeun solusi inovatif nu tiasa ngabantos kana ékonomi nagara,” pokna.

Prof Edi nandeskeun yén Unisba téh nu umat. Tujuan ngadegkeun Unisba téh dina raraga nanjeurkeun pulitik pendidikan nu dumasar kana pamadegan ulama, pulitisi, jeung birokrat. Pulitik pendidikan mah nebarkeun mangpaat pikeun umat jeung bangsa. 

Dina momen Idul Fitri, Prof Edi peupeujeuh sangkan introspeksi jeung refleksi kana cita-cita panaratas Unisba. Ku ngalenyepan éta, écés Prof Edi, Unisba bisa antisipasi rupaning dinamika. Sakabéh prodi jeung fakultas toh-tohan ningkatkeun ajénna séwang-séwangan. Éta upaya dina ngarojong kamajuan kampus.

Pintonan Gentra Musik Angklung Unisba.

Ketua Badan Pengurus Yayasan Unisba, Prof. Dr. K.H. Miftah Faridl, dina biantarana ngajak sakabéh civitas akademika pikeun babarengan ningkatkeun peran Unisba dina kahirupan bangsa.  “Insya Alloh, urang tiasa sasarengan milampah amanah para sepuh. Mugia Alloh salawasna nangtayungan tarékah urang saréréa,” pokna.

Acara Silaturahmi Idulfitri 1446 H Sivitas Akademika Unisba dieusian ku tausiyah nu didugikeun ku Ketua Umum Pimpinan Pusat Persatuan Islam (PP Persis), Dr.K.H.Jeje Zaenudin, M.Ag. Éta kagiatan gé direuah-reuah ku pintonan Gentra Musik Angklung Unisba.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...