Kota Bandung – Universitas Islam Bandung (Unisba) ngistrénan 1.400 wisudawan ti jenjang Doktor, Magister, Profesi, jeung Sarjana dina Wisuda Jirangan I Taun Akademik 2024-2025. Acara lumangsung kalayan opat sési di Aula Utama Unisba, Tamansari, Kota Bandung (22-23 Februari 2025).
Dina acara wisuda éta, lulusan piunggul IPK panggedéna jeung lulusan panggancangna dicangking ku Amelia Adhi Gustina ti Fakulltas Ilmu Komunikasi kalayan IPK 3,95 sarta lulus dina dangka 3 taun 3 bulan 26 poé. Demi lulusan pangorana mah Sri Ayuni ti Fakultas Hukum nu umurna 20 taun. Unisba gé masrahkeun pangajén ka 10 sakola nu alumnina nyangking préstasi salaku wisudawan unggulan.

Rektor Unisba, Prof. Dr. H. Edi Setiadi, S.H., M.H., dina biantarana nétélakeun yén wisuda téh lain rénghap pamungkas, tapi lawang ngalalanyah dunya nu saenyana. Ku kituna Prof Edi peupeujeuh yén élmu nu kabawa salila di kampus téh jadi modal mimiti pikeun terus mekar. Loba kénéh nu kudu disorang, utamana lebah nebarkeun mangpaat di masarakat, kalayan niat ibadah ka Alloh Swt.
Réktor maliré kana tangtangan nu disanghareupan ku para lulusan, hususna Generasi Milenial jeung Generasi Z. Prof Edi, sangkan mekarkeun kamampuh adaptasi. Nurutkeun Réktor kamampuh adaptable téh kudu dibarengan ku sikep amanah.
“Diajar téh teu mung formal di lembaga atikan atanapi maca buku, kedah ogé diseukeutan kamampuh maca realita di masarakat. Adaptable téh leuleus jeujeur liat tali kalayan pengkuh kana ajén. Ngayonan parobahan, nganjang ka pagéto, ngararancang solusi, teu paandel-andel,” ceuk Prof Edi tandes naker.
Momentum wisuda éta téh jadi nu pamungkas pikeun Rektor Unisba, Prof. Dr. H. Edi Setiadi, S.H., M.H., nu baris mungkas jabatan periode kadua. Prof Edi peupeujeuh ka wisadawan masing salawasna mikanyaah kolot, jadi mutiara dina kahirupan umat, handap asor, terus ngundeur paélmuan, tur ngajaga pamor almamater.
Gerakan Nyata Kaom Cendekiawan
Ketua Badan Pengurus Yayasan Unisba, Prof. Dr. K.H. Miftah Faridl, dina biantarana nétélakeun yén wisuda téh henteu mungkas upaya nyiar élmu. Da satutas lulus mah nyuprih élmu téh éstu medal dina kasadaran ngalarapkeun pituah Rasulullah Muhammad SAW yén minal mahdi ilallahdi. Nurutkeun Prof Miftah, kasadaran éta penting dina nyanghareupan rupaning tangtangan nagara, utamana dina séktor ékonomi, karaharjaan, jeung nanjeurkeun kaadilan.
“Unisba tigin medalkeun sarjana minangka wangun kamajuan peradaban. Dugi ka danget ayeuna, kinten-kinten 30% masarakat Indonésia nyangking gelar sarjana. Kedah syukur ni’mat. Janten para wisudawan kedah ngahaturkeun réwu nuhun ka sepuhna sareng pihak-pihak nu nyarengan lalakon akademik,” ceuk Prof Miftah tandes naker.

Prof Miftah ngémbohan yén sarjana téh boga peran dina ngokolakeun sumber daya alam Indonésia pikeun karaharjaan bangsa. Lulusan Unisba kudu jadi inspirasi nu ngawujudkeun gerakan nyata kaom cendekiawan. Ku kituna wisudawan kudu handap asor, ngalarapkeun élmu paré. Prosési wisuda téh mangsana ngalenyepan, hususna ngalenyepan kiprah intelektual luyu jeung profési akademik.
”Peran wisudawan téh bénten sareng ketak umumna masarakat. Kiprah insan akademik mah janten eunteung kamajuan peradaban masarakat. Ngadorong masarakat sangkan leupas tina raraged tur nyorang kabagjaan lahir batin,” pokna.
Salaku lulusan sistim Kampus Merdeka, émboh Prof. Miftah, para wisudawan dipiharep jadi individu kreatif tur inovatif. Wisuda téh lawang pikeun nyorang kahirupan kréatif, medalkeun rupaning inovasi nu ngawangun kamandirian masarakat. Prof. Miftah nandeskeun yén ciri mandiri lulusan Unisba téh mupusti spiritualitas dina saban réngkak paripolahna.



Parobahan Positif pikeun Indonésia
Kepala LLDikti Wilayah IV Jawa Barat dan Banten, Dr. Lukman, S.T., M.Hum., dina biantarana nétélakeun yén lulusan Unisba taun ayeuna téh boga saingan jeung 200 – 250 rébu lulusan ti sababaraha paguron luhur. Nurutkeun Lukman, lulusan Unisba boga kaunggulan nu bisa tarung di palagan dunya.
“Sim kuring yakin, sanaos tangtangan ka payunna langkung bangga margi seueur lulusan nu kualifikasina smai, lulusan Unisba mah gaduh kapunjulan sareng kamampuh nu bénten, nu tiasa unggul,” ceuk Dr Lukman tandes naker.
Nurutkeun Dr Lukman, bekel élmu nu dikukumpul salila kuliah di Unisba téh jadi dadasar nyorang kasuksésan. Sangkan leuwih daria ngahontal kasuksésan téh, ceuk Lukman, kudu ngawasa élmu, kamahéran basa asing, parigel dina ngamangpaatkeun téhnologi informasi, sarta alus komunikasi. Lukman miharep yén lulusan Unisba mah oriéntasina teu ukur bisa digawé, tapi ogé nyiptakeun lahan pakasaban keur nu lian.
“Nyadiaan lahan padamelan téh sanés mung ngabantos ka nu nuju ngaligeuh, nanging nebarkeun mangpaat kanggo kulawarga karyawan kalih warga sabudeureun. Ku nyiptakeun lahan pakasaban mah, urang téh tiasa masihan kontribusi dina ngawangun ékonomi nu langkung saé,” pokna.
Dr Lukman peupeujeuh ka lulusan Unisba pikeun ngalarapkeun konsép ILMU DUIT (Doa, Usaha, Ikhtiar, dan Tawakal). Lebah ngadunga dibarengan ku neda widi ti kolot. Mantengkeun ikhtiar sabari nataharkeun rarancang lianna. Dr. Lukman neueulkeun kana pentingna ngajaga integritas dina lalakon karier.
“Masing émut kana kulak canggeum. Dipahing ngarempak palanggeran. Wisudawan nu kasinugerahan élmu téh kedah tiasa ngamangpaatkeunana kanggo ngalap berkah, ulah kabobodo ténjo nu matak tigebrus,” pokna.
Dr Lukman miharep para lulusan Unisba bisa jadi generasi nu mawa parobahan positif pikeun Indonésia. Jadi generasi nu suksés, jeung rmangpaat pikeun balaréa.***
Leave a comment