Home Warta Katumbiri Unisba Expo 2025: Ngawanohkeun Kampus ku Paméran Inovasi
Katumbiri

Unisba Expo 2025: Ngawanohkeun Kampus ku Paméran Inovasi

Share
Unisba Expo 2025, lumangsung di Kampus Utama Unisba Jalan Tamansari Kota Bandung (23/1/2025). (foto: Komhumas Unisba)
Share

Bandung – Universitas Islam Bandung (Unisba) ngagelar Unisba Expo 2025, di Kampus Utama Unisba Jalan Tamansari Kota Bandung (23/1/2025).  Éta kagiatan téh ngahijikeun unsur panalitian, pangabdian ka masarakat, jeung ngawanohkeun lingkungan kampus.

Ketua Lembaga Penelitian dan Pengabdian Kepada Masyarakat (LPPM) salaku panangkes Unisba Expo 2025, Prof. Dr. Neni Sri Imaniyati, S.H., M.Hum., nétélakeun yén éta kagiatan téh digelar dina wangun kolaborasi antara LPPM Unisba ngaliwatan RESVEX 6th (Research and Community Service Expo) jeung Bagian Komunikasi Humas (Komhumas) Unisba kalayan jejer C.L.U.E (College Life & University Expo).

“Unisba Expo taun 2025 téh jejerna “SDGs in Action: An Innovation Expo for Future Leaders”. Midangkeun rupaning karya inovasi, panalitian, pangabdian ka masarakat, sarta hasil pangajaran sivitas akademika Unisba,” ceuk Prof. Neni tandes naker.

Ketua Lembaga Penelitian dan Pengabdian Kepada Masyarakat (LPPM) salaku panangkes Unisba Expo 2025, Prof. Dr. Neni Sri Imaniyati, S.H., M.Hum. (foto: Komhumas Unisba)

Prof. Neni ngémbohan yén RESVEX téh dilaksanakeun saban taun ku LPPM Unisba. Minangka panggung apresiasi ka para panaliti jeung nu ngabdi nu diwuwuhan ku ékspo hasil panalitian jeung pangabdian masarakat.

“Dipiharep Expo ieu téh tiasa langkung ngagedurkeun motivasi sadayana dosén Unisba pikeun ningkatkeun ajén panalitian sareng pangabdian ka masarakat, dina raraga nebarkeun mangpaat nu lega pikeun nagara,” pokna.

Patali jeung C.L.U.E, écés Prof. Neni, nyaéta sarana ngawanohkeun lingkungan kampus jeung program studi nu aya di Unisba. C.L.U.E ogé ngaapresiasi sakola/lembaga pendidikan nu tas mimitran jeung Unisba. Apresiasi éta dina wangun pamasrahan pangajén pikeun guru, hususna guru Bimbingan Konseling (BK), ogé ngayakeun seminar ningkatkeun kompetensi guru.

C.L.U.E muka lawang pikeun masarakat, hususna siswa SMA, SMK, Madrasah Aliyah/satata, dina mekarkeun inovasi jeung kréativitas siswa. Kamotékaran siswa téh diuji ku rupaning pasanggiri kalayan tatapakan ajén Islam nu jadi karakter utama Unisba.

Unisba Expo 2025, ceuk Prof. Neni, diiluan ku dosén, mahasiswa, tenaga kependidikan, UMKM binaan Unisba, perguruan tinggi sa-Bandung, masarakat, sarta wawakil guru jeung siswa SMA/sederajat se-Bandung Raya. Midangkeun bazaar, hasil inovasi, program PPKM, workshop mekarkeun wisata halal, cék kaséhatan jeung konsultasi gratis, workshop désa binaan, lomba inovasi LPPM, lomba karya kreatif nu jejerna Unisba Challenge. Acara éta gé medalkeun Aplikasi Komunitas Desa (KomDesa) jeung Wanagri Centre.

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...