Home Atikan Budaya Ujungan: Seni Bela Diri Tradisional Sunda
Budaya

Ujungan: Seni Bela Diri Tradisional Sunda

Seni ujungan téh nyaéta seni katapisan anu bisa disebutkeun kumplit. Musababna ujungan ngawengku sababaraha katapis. Tinangtu waé katapis anu diwengku mangrupa katapisan hadé. Di antarana katapis ngibing, olah raga, béla diri, kawedukan, samalah mah anasir magis deuih.

Share
ujungan budaya sunda
Share

Sakur mahluk anu kumelip di satungkebing langit jeung satangkaraking jagat pasti satékah polah nyukupan bubutuh sapanjang hirupna. Ti mimiti anu sipatna alami jeung kasat mata nepi ka anu sipatna maya teu kasat mata. Sakumaha anu didadarkeun ku Abraham Harold Maslow dina bukuna, A Theory of Human Motivation, 1943. Di dinya digambarkeun bubutuh manusa dina wangun piramid hirarki. Anu kudu dicumponan ti mimiti bubutuh dasar (fisiologis), rasa aman, kabutuh kanyaah (social), kabutuh raéhan (ego achievment), jeung kabutuh dipihormat (self actualization). Bubutuh dasar dicumponan heula. Misilna kadaharan, inuman, papakéan, panganjrekan, sarta bubutuh seks. Upama geus kacumponan naék kana bubutuh di luhurna. Di puncak piramid hirarki kabutuh nyaéta dipihormat. Ti dieu pisan rupaning kaahlian keur ngaludang ajén diri mimiti timbulna, salah sahijina nyaéta budaya ujungan.

Seni ujungan téh nyaéta seni katapisan anu bisa disebutkeun kumplit. Musababna ujungan ngawengku sababaraha katapis. Tinangtu waé katapis anu diwengku mangrupa katapisan hadé. Di antarana katapis ngibing, olah raga, béla diri, kawedukan, samalah mah anasir magis deuih.

Dipintonkeun ku dua lalaki di hiji pakalangan sarta dilalajoanan ku balaréa. Sanajan wangunna dina pasanggiri tanding sacara “duél” atawa ijén tapi wajib dipirig ku tatabeuhan basajan. Pamilon ujungan mawa pakarang hoé leuleus, panjangna kira-kira saméter. Ukur diwenangkeun maké calana pangsi atawa komprang. Tatabeuhan anu mirig biasana dogdog, kenong, goong leutik, kohkol leutik, jeung kecrék. Irama tatabeuhanana basajan waé jeung kaasup monoton. Kareungeuna ukur dog-dog-dog, trék-trék, trok-trok-trok, cleung  gung. Rada naék dinamis amun naék kana padungdung, upama pamilon ujungan lila teuing ngibing teu geuwat ngayakeun serangan.

Prak-prakan ujungan dimimitian ku ditabeuhna waditra. Rob jalma mimiti ngaronom. Laras nu ditabeuh disebutna unculan. Teu lila gajleng hiji pamilon asup pakalangan. Pamilon urang sebut waé jawara, terus ngibing unculan sambari mamérkeun hoé pakarangna. Kalan-kalan bari ngahaleuang lagu panangtang jeung sindiran keur nangtang lawan. Gajleng deui, hiji jawara anu nguntup ngasupan kalang. Lawanna ngibing sakeudeung muteran kalang. Tatabeuhan dipadungdungkeun, nu rék tarung mimiti padeukeut ngincer kahéngkér lawan. Terus silih sabet nepi ka salah sahiji jawara taluk teu sanggup neruskeun duél. Aturanana anu meunang disabet atawa digitik, ukur ti cangkeng ka handap utamana tulang sahandapeun tuur jeung bincurang. Bagéan palangkakan anu dianggap vital diiwalkeun, teu meunang digitik. Jawara anu meunang, neruskeun ngibing ngaléjég, nepi ka aya nu nguntup deui ngalawan. Kitu saterusna nepi ka pakalangan ditutup sabab geus soré.

Babagian anu tatu biasana ti cacariuan ka handap nepi ka bincurang atawa tungtung ramo suku. Jawara ujungan kudu ngajaga pisan tungtung ramo suku sangkan ulah kabeunangan, sabab di dieu pisan poin utama dina ujungan. Luyu pisan jeung ngaran ieu bela diri, ujungan, di mana ujung hoé nyabet ngagitik ujung ramo. Temahna ramo bakal bucat kasabet hoé, matak tatu lain meumeueusan, sanajan remek tulang bitis jeung bucat bincurang lain tatu énténg-énténg. Manakomo amun unsur magis ilubiung. Jawara ujungan nu kasipuh elmu kawedukan bakal lana digjaya. Kitu deui pakarang hoé anu dikocapkeun ngandung maunat-karamat. Cenah mah baheula aya legenda hoé urat getih. Ampuh jeung maunatna lain kaléng-kaléng. Tangkal hoéna jadi di tengah batu, serat-seratna beureum badis urat-urat getih jelema. Teu aya kocap élmu weduk, digitik ku hoé urat getih mah kana moal manggapulia deui.

ujungan pedaran budaya
Ujungan menta ujan

Ujungan seni bela diri anu popiler di wewengkon basisir kalér Jawa. Ti tungtung wétan nepi ka tungtung kulon Pulo Jawa. Pantes wé lamun ujungan dipiwanoh ku rupa-rupa sebutan. Umpamana disebut samyong di Majaléngka, tibyan ti tatar Jawa Tengah, gitikan atawa sabet rotan di Bekasi nepi ka Banten. Di Karawang mah ujungan, pamilonna ukur dicalana jeung mawa hoé wungkul. Béda jeung di tempat séjén, salian ti hoé, jawarana maké alat pelindung. Kayaning taméng jeung kedok beungeut, disebutna balakutak jeung cadok. Aturanna ogé kudu diwasitan. Di Karawang mah pamaén anu culika amun licik cukup dihaukan ku anu lalajo.

Dina sawangan élmu sajarah, ujungan geus dipiwanoh ti mimiti abad VII Maséhi. Panalungtikan arkeologis manggihan artéfak jeung garabah anu ngait kana ujungan ti abad éta di daérah Buni, Babelan, Bekasi. Dina jaman penjajahan nepi awal-awal kamerdikaan, ujungan dipaké alat dina ngalatih wawanén para pamuda pikeun ngalawan penjajah. Hanjakal ka dieunakeun tompérna taun 1980, ujungan geus hésé kapanggih atawa dipintonkeun. Cenah di tatar wétan mah, ujungan masih aya dipintonkeun. Fungsina geus ngagésér, ukur jadi pintonan seni tari jeung ritual ngondang hujan.

Baheula di Karawang, ujungan diayakeun kalawan tilu cara, nyaéta: Néangan jawara ujungan sajati. Dina mangsa-mangsa rinéh pagawéan di sawah atawa mayang, geus biasa lamun aya rombongan jawara ujungan anjoran lembur séjén. Datang ka hiji lembur hahaok nangtangan jawara ujungan di tempat nu didatanganana. Paribasa istilah “Lu jual gué beli”, panangtang téh dilayanan ku jawara “setempat”. Prung diadu, nepi ka aya piunggulna. Nu jadi ahéng, sabérésna tanding teu aya siksik melik. Istuning sipat sportif ébréh pisan. Kadangkala sok silih ubaran tatu, antara nu meunang jeung nu éléh. Jeung deuih teu kungsi kapanggih aya paguron heuseus bagbagan élmu ujungan. Tanda yén ujungan lain élmu keur maténi jalma.

Kaduana ujungan jadi cara pikeun nangtukeun hiji piunggul. Contona, upama hiji kolot bingung nangtukeun calon minantu lalaki keur anak parawanna, mangka ujungan diasongkeun pikeun cara “duél”. Saha anu unggul dina ujungan, nya, éta nu dipilih jadi minantu.

Katiluna mah mirip cara nu kahiji, nyaéta néangan jawara ujungan sajati. Ngan bédana diayakeun dina acara anu ambahanna leuwih lega. Contona dina acara pésta bumi sabérésna panén, atawa acara pésta nadran laut. Dilalajoan ku anu lalajo ti suklakna ti siklukna. Ti unggal daérah jeung ti unggal sélér. Acara dibarengkeun jeung pintonan séjén. Kayaning pintonan wayang, topéng banjet, ronggéng, atawa séba laut ngarak hulu munding dilarung ka tengah laut.

Urang kudu ngarasa lebar, ujungan ulah nepi ka musnah. Tong diantep tilem kalindih élmu béladiri séjén ti luar, kayaning karaté, judo, aikido, wushu, kapoéra jeung sajabana. Saheunteuna ujungan urang ropéa jadi aset wisata, pintonkeuneun dina event pariwisata. Mugia. Cag.

Karawang, Sasih Haji 1444 H.

Ditulis ku: Yudi Rahmat Budiman

Edisi majalah: 2968

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Pedaran Budaya-Batik Trusmi
Budaya

Trusmi, Puseur Batik Cirebonan

Ku: Ceuceu Gumilang Sing saha nu kungsi ulin ka wewengkon Cirebon nu...

BMKG
Budaya

BMKG Nalingakeun Galagat Alam

Ku : Edoy Suhendar Lamun karasa aya lini, nu didagoan ku masarakat...

tradisi badud
Budaya

Badud, Hirup Teu Neut Paeh Teu Hos

Ditulis ku: Ummi Annadzriel Wanoh jeung seni badud téh mareng jeung apal...

Hidroponik Tatanén Téréh Panén
Budaya

Hidroponik Tatanén Téréh Panén

Ku: Edoy Suhendar Naha enya tatanén hidroponik téréh ka panén? Enya. Sababna,...