Salila tilu poé, 6, 7 jeung 8 Désémber 2024, turnamén pingpong beregu antar Lembaga Kemasyarakatan Kelurahan (LKK) Cipadung digelar di GOR Caruluk, Gang Kujang, Jalan AH Nasution Kota Bandung.
Nu jadi juara nyaéta RW 15 anu atlétna Maman, Nunung jeung Dudi Kurniawan kalawan dina final ngéléhkeun RW 10.
Lian ti turnamén antar LKK, panitia ogé ngayakeun katagori ganda divisi 19 umum anu dipiluan lain waé ti Kota Bandung, tapi ti nu jauhna saperti ti Garut. Nu jadi juarana pasangan Asep Kayudin jeung Iwan ti PTM Askay nu dina final ngéléhkeun pasangan Jajang jeung Andri. Sedengkeun juara tiluna nyaéta pasangan Asep Bonde jeung Haji Ayi ti PTM Wargi Jaya sarta pasangan Jajang jeung Iqbal.

Turnamén nu digelar unggal taun di Cipadung téh basa pembukaan dihadiran ku H. Tedy Rusmawan, AT., MM., anggota DPRD Jabar ti Komisi 1, Aswan Asep Wawan anggota DPRD Kota Bandung ti Komisi D, Lurah Cipadung, Lukman Ependi, Ketua LPM jeung anu liannna.
“Pingpong beregu antar LKK téh mungkin anu munggaran diayakeun di Cipadung. Mudah-mudahan ku pingpong langkung ngaraketkeun silaturahmi, langkung séhat sareng langkung guyub. Margi dina pingpong mah tara aya kajantenan riributan,” ceuk H. Tedy anu ogé Ketua PTMSI Kota Bandung.
Sedengkeun ceuk Lurah Lukman Ependi, insya Alloh cenah di Cipadung mah bakal terus diayakeun kagiatan saperti kitu téh.

“Mudah mudahan ku digelarna turnamén beregu LKK Cipadung sareng ganda umum Divisi 19 téh, janten motor penggerak kana olahraga sanésna di Cipadung,” Lurah Cipadung reueus.
Hal kitu dienyakeun ku Aswan Asep Wawan. Nurutkeun ieu anggota déwan nu anyar kénéh dilantik téh, lain pédah dirina warga Cipadung, tapi kagiatan kitu téh saluyu jeung widangna minangka anggota déwan nu salah sahijina olahraga. “Alhamdulillah unggal taun turnamén pingpong lumangsung kalawan suksés. Saha anu apal ka payunna ti Cipadung bakal aya anu janten atlét tingkat Jawa Barat atanapi nasional. Wilujeng ka nu jaluara,” Aswan Asep Wawan nutup obrolan. ***
Mangle No. 3008
Leave a comment