Home Gaya Hirup Tuduh Jalan Jaman Digital
Gaya Hirup

Tuduh Jalan Jaman Digital

Ayana program Local Guides memang kawas pedang dua seuseukeutna, nu hiji bisa mantuan jalma réa dina waktuna hayang nyaho  hiji tempat, sisi sejenna mah, bisa  waé dipaké pituduh keur nu boga karep milampah kajahatan.

Share
Local Guides
Local Guides
Share

Dina jaman ayeuna mah, rék inidt-inditan ka mana waé gé, moal hariwang sasab. Teu kudu ngagigiwing péta deuih. Cukup wé make nyekel hapé, da ku cara ngagunakeun éta alat komunikasi, gampang manggihan tempat nu ditéangan, ngaliwatan Google Maps.

Éta pakakas téh mekar leuwih ti dua dekadé, sarta terus dianyaran deui atawa inivasi téa. Atuh, kamampuhanana gé, lain ukur sakadar minangka péta tapi deuih nunjukkeun arah nu rék dituju. Tah, ku cara kitu ogé éta Google Map téh, lain ukur nuduhkeun arah, tapi méré mangpaat sosial keur balaréa.

Google téh geus ngawanohkeun Local Guides ti taun 2015 sarta kaanggotaanana téh terus nambahan nepi ka ratusan juta nu makéna sarta nu ngarojongna gé ti satungkebing dunya. . Program Local Guides lain program saperti  tour guide umumna, tapi leuwih ti kitu.  Local Guides téh pamandu lokal keur warga lokal jeung wisatawan ti rupa-rupa tempat ngaliwatan  platform peta digital. Kalayan sistem Crowdsourcing, Local Guides téh program anu ngajak  para para wisatawan di mana waé malar nyatetkeun pamamggihna  kaasup kesan ngeunanaan tempatna nu di sabaraha. Tangtu wé, kituna téh kalayan tujuan aya mangpaatna keur nu lian dina mangsana rék ngadatangan éta tempat.

Kétang, unggulna téh leuwih ti kitu. Local Guides ogé méré kalaluasaan méré pituduh nu ngalantarankeun tujuan sasabaanana teu gampang. Geura wé, nu nyaba ka hiji tempat wisata anya.  inya teu kudu tatanya. Atuh, saterusna, bisa nambahkeun éta tempat wisata anyarna téh dina  Google Maps. Malah, bisa ngébréhkeun kesan-kesanna, ogé foto-fotona, video, jeung sajabana.

Loba Untungna

Ke heula! Naon untungna ngagabung dina program Local Guides téh? Nepi ka danget ieu mah, mémang can aya ‘imbalan’ nyata saperti basa kakara éta program  di-diluncur-keun. Ngan, ditilik tina éta rupa-rupa pangalaman téa anu mawa mangpapatna mah. Apan, jadi  Local Guides matak resep pisan, da meunang tangtangan anyar jeung relasi anyar.

Local Guides digerakkan ku komunitas masarakat global anu sadar kalayan katerbukaan informasi jeung pamangpaatan média digital minangka sarana keur babagi pangaweruh ka balaréa. Pokona mah, boga pangalaman anyar lah!

Di Bandung gé aya  komunitas Bandung Local Guides anu geus aya ti Desember 2015, sarta terus aktif nepi ka danget ayeuna. Lalampahan salila salapan taun terus ngaédukasi masarakat sarta mantuan nu baroga usaha nepi ka 105 kali ngayakeun riungan nu para pamilonna téh ngawanohkeun mangpaat kontribusi informasi ngaliwatan  platform Google Maps.

Ari dina mangsa ayeuna, dina waktu néangan informasi naon waé ogé di média sosial, tungtungna mah  di Google Maps minangka tempat  verifikasi ngeunaan éta tempat téh. Malah, kanyaho ngeunaan éta tempat téh bakal nambahan ngaliwitan koméntar atawa ti nu kungsi datang ka dinya saméméhna.

Ayana program Local Guides memang kawas pedang dua seuseukeutna, nu hiji bisa mantuan jalma réa dina waktuna hayang nyaho  hiji tempat, sisi sejenna mah, bisa  waé dipaké pituduh keur nu boga karep milampah kajahatan.

Salah sahiji contona,  Agustus sawatara waktu ka tukang, loba hotél di kota Bandung ngaranna  dibajak ku nu teu dipikawanoh ogé nu teu tanggung jawab keur ngasupkeun nomor kontakna keur nipu jalma nu keur ngilikan éta tempat di Google Maps. Pangaruhna, nepi ka ayeuna loba  Local Guides Indonesia anu kasulitan ilu-biung (berkontribusi) saperti nu nepikeun pamanggihna (ulasan) tapi henteu muncul, ngoméan peta ogé tapi hasilna ditolak waé, jeung sajabana.

Konrtributor Local Guides
Kontributor Local Guides

Google terus ningkatkeun perhatianana kana pentingna  informasi anu sadia di Google Maps. Seperti ‘ngahukum’ para palaku usaha anu kanyahoan ngagunakeun  jasa ulasan palsu nu mangrupa peringatan di halaman profil bisnis maranéhna. Keur pihak ‘nu nakal’ nu sok nepikeun ulasan palsu lantaran kabencian jeung mépéhek, Google ogé nindak kalayan tegas ku cara mupus sacara otomatis  éta ulasan demi ngajaga nama baik bisnis nu ngarandapan mamalana.

Ku lantaran kitu, minangka  salah sahiji nagara kalayan nu maké  internet panglobana di dunya, urang sawadina ngajauhan hal-hal negatif anu bisa ngaruksak atawa nyasabkeun  informasi di platform digital. Ulah méré info nu matak sasab sarta palsu demi kauntungan diri sorangan sarta ngarugikeun batur. Urang kudu wijak ngagunakeunnana sarta méré informasi anu bener tur ngabogaan martabat lantaran informasi anu ku urang dibagikeun téh, dina hiji waktu mah, keur urang ogé, mémang perelu.

Edisi majalah: 3007

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Kirana cosplay
Gaya Hirup

Cosplay Gaya Jejepangan Dipikaresep Kaum Muda

Silih pangaruhan budaya mah biasa. Ngan, nu loba mangaruhan mah, angger wé,...