Home Atikan Budaya Trusmi, Puseur Batik Cirebonan
Budaya

Trusmi, Puseur Batik Cirebonan

Batik Trusmi téh salah sahiji warisan budaya anu beunghar ku sajarah jeung seni di Kota Cirebon. Kampung Trusmi, nu aya di Kacamatan Pléréd, Cirebon, geus kaceluk minangka puseurna batik Cirebon. Batik Trusmi lain saukur karajinan kaén nu dihias ku motip-motip anu éndah, tapi deuih jadi simbol kabudayaan lokal anu terus nanjeur nepi ka kiwari.

Share
Pedaran Budaya-Batik Trusmi
Pedaran Budaya-Batik Trusmi
Share

Ku: Ceuceu Gumilang

Sing saha nu kungsi ulin ka wewengkon Cirebon nu ayana di basisir kalér Laut Jawa, tangtu apal ka salah sahiji tempat nu jadi puseur karajinan batik di Kota Cirebon, nyaéta Trusmi. Nyaba ka Cirebon tapi teu kungsi mampir ka Trusmi mah asa kurang apdol sigana. Lantaran batik Trusmi téh geus kakoncara lain ukur di Indonesia, tapi geus ka manca nagara.

Lamun urang balanja batik di Trusmi, urang lain ukur balanja kaén atawa baju nu geus jadi tinggal rap, tapi ogé bakal bisa nempo musium batik, sajarahna tur nempo kumaha prosés nyieun batik tulis tradisional nu bisa méakkeun waktu mangbulan-bulan.

Batik Trusmi téh salah sahiji warisan budaya anu beunghar ku sajarah jeung seni di Kota Cirebon. Kampung Trusmi, nu aya di Kacamatan Pléréd, Cirebon, geus kaceluk minangka puseurna batik Cirebon. Batik Trusmi lain saukur karajinan kaén nu dihias ku motip-motip anu éndah, tapi deuih jadi simbol kabudayaan lokal anu terus nanjeur nepi ka kiwari.

Dina kotrétan ieu, urang bakal ngoréhan sajarah asal muasalna Batik Trusmi jeung naon baé rupa-rupa motipnya kaasup salah sahiji motip batikna anu kawentar, nyaéta motip Méga Mendung.

Sajarah Batik Trusmi

Batik Trusmi geus aya ti jaman Karajaan Cirebon, diperkirakeun geus mulai aya ti abad ka-16. Kampung Trusmi nu ayana di Kacamatan Pléréd dipilih jadi tempat pikeun ngembangkeun batik Cirebon lantaran tempatna anu stratéhis sarta aya di jalur perdagangan anu penting antara Cirebon jeung kota-kota gedé séjénna.

Di Trusmi, batik dijieun sacara manual maké alat tradisional, nyaéta canting (alat pikeun ngalukis malam) jeung cap batik (stémpel batik). Batik Trusmi dipikawanoh lantaran kualitasna anu alus sarta motipna anu has. Tradisi ngabatik Trusmi dijaga tur diwariskeun turun-tinurun ti generasi ka generasi, dalah ayeuna jadi salah sahiji industri karajinan anu penting di Cirebon.

Salah sahiji hal nu ngajadikeun Batik Trusmi istiméwa nyaéta ayana gabungan unsur budaya Sunda, Jawa, jeung Tionghoa. Cirebon nu ngabogaan darmaga Tanjung Emas, nurutkeun sajarah geus jadi puseur perdagangan rupa-rupa bangsa ti baheulana, jadi tempat panggihna rupa-rupa adat budaya bangsa séjén, ngabaur ngahiji nu tungtungna ngawujud jadi akulturasi budaya. Salah sahijina nyaéta ngawujud dina batik Trusmi anu mibanda ciri has sorangan.

Batik Trusmi lain saukur kawentar di Indonesia, tapi ogé geus kakoncara ka mancanagara tur produk batikna geus nyebar ka mana-mana. Prosés nyieun batik Trusmi teu sagawayah, tapi ngandelkeun kamotékaran, ketalaténan, jeung kasigepan dina ngolah kaén, nerapkeun motip, sarta ngawarnaannana maké kelir alami.

Batik Trusmi téh lain saukur jadi hiji karajinan, tapi deuih simbol kabudayaan anu ngandung siloka seni sarta ngabogaan pilosopi anu jero. Urang bisa manggihan rupa-rupa motip anu henteu ngan saukur dihias dina kaén, tapi deuih ngandung ma’na jeung tujuan spiritual.

Batik Trusmi
Batik Trusmi

Batik Trusmi ngabogaan rupa-rupana motip, masing-masing motip mibanda ciri has jeung pilosopi séwang-séwang nu ngagambarkeun kabudayaan jeung kahirupan masarakat Cirebon.

Aya sababaraha motip batik Trusmi anu kakoncara, di antarana nyaéta:

1.  Motip Méga Mendung

Motip méga mendung mangrupa salah sahiji motip batik Trusmi anu pangkawentarna. Motip ieu digambarkeun ku méga mendung anu ombak-ombakan, biasana diwarnaan ku kombinasi warna biru, beureum, oranyeu, jeung coklat.

Motip méga mendung anu paling kawentar tur jadi ciri has batik Cirebon. Motip ieu miboga rupa méga anu lemes, ombak-ombakan, kalayan kombinasi warna anu moronyoy. “Méga” dina basa Sunda hartina awan, sedengkeun “mendung” maksudna awan anu ngandung hujan. Jadi, motip méga mendung ieu bisa dihartikeun gambaran awan mendung, anu ngandung unsur harepan pikeun hujan nu mawa berekah.

Asal usul motip méga mendung téh dipercaya aya pangaruh tina budaya Tionghoa, hususna bangun méga anu melengkung lemes. Motip ieu ngalambangkeun kabersihan, kesaimbangan alam, jeung harepan kahirupan anu subur jeung ma’mur. Méga mendung anu sering digambarkeun minangka tanda datangna hujan anu bakal mawa berekah jeung kama’muran.

Batik Trusmi motip méga mendung sering dipaké dina acara-acara adat kayaning kawinan atawa  acara pormal séjénna di masarakat Cirebon. Motip ieu dianggap simbol nu bakal ngadatangkeun kauntungan, kebagjaan, jeung kamakmuran pikeun nu makénya.

2.  Motip Kawung

Motip kawung ogé jadi salah sahiji motip batik Cirebonan nu sering diincer ku turis-turis nu datang ka Trusmi. Motip ieu nyorotkeun wangun buleud-buleud anu ngagambarkeun buah kawung (kalapa), minangka siloka kasinugrahaan jeung kakuatan.

Motip kawung dipercaya asalna ti budaya Jawa, nu ngagambarkeun harmoni antara alam jeung manusa. Kawung nu wangunna buleud dianggap sabagé simbol kalanggengan, sabab buah kawung téh jadi salah sahiji bahan dahareun anu ngabogaan rupa-rupa mangpaat. Motip ieu nyimbolkeun kamakmuran tur kasinugrahaan.

3. Motip Sido Mukti

Motip sido mukti mangrupa salah sahiji motip batik Cirebon nu ngagambarkeun harepan ka hareup sangkan manggih kabagjaan tur kasinugrahaan. Wangun motipna mangrupa garis-garis anu kerep nu diharmonikeun ngawangun hiji pola anu diharepkeun

Motip sido mukti dipercaya asalna ti jaman karajaan, nu dijadikeun siloka nu pinuh ku dunga sarta harepan sangkan rahayat meunang karaharjaan sarta kamakmuran. Kecap “sido” hartina jadi jeung “mukti” hartina mak’mur. Jadi motip ieu sering dipaké dina upacara penting pikeun ngawangun harepan sangkan masarakat leuwih suksés dina sagala usaha tur bisa ngahontal kama’muran.

4. Motip Cuwiri

Motip cuwiri mangrupa motip batik Cirebon nu winangun pola-pola anyaman anu geométris. Motip ieu dipaké pikeun ngagambarkeun pola anu éndah tur rapih, ngagambarkan gawé rongkah tur talatén.

Motip cuwiri biasana dipaké dina acara-acara adat, saperti hajat kawinan atawa nyunatan kaasup kariaan husus séjénna. Motip cuwiri ieu ngandung siloka karukunan, segut gawé, jeung kawani dina ngahontal kahayang.

5.  Motip Truntum

Motip truntum mangrupa motip batik nu aya di batik Trusmi biasana dipaké pikeun acara kawinan. Motip truntum ngandung gambaran pola kekembangan nu keur ligar tur mawa hégar.

Motip truntum asalna ti Jawa, tapi di Cirebon ngalaman adaptasi sajalan jeung budaya tur kabiasaan rahayat. “Truntum” téh dina basa Jawa hartina mekar atawa mekar deui. Dina budaya Cirebon, motip ieu sering dipaké dina acara kawinan pikeun ngagambarkeun cinta anu terus mekar nu jadi jalan datangna kabagjaan dina rumah tangga.

Sabenerna masih aya kénéh motip-motip batik Cirebonan séjénna nu bisa dipanggihan di Batik Trusmi, kayaning motip gajah duduk, motip méga mendung geulis, jeung motip sura baya.  Lamun hiji waktu ngulampreng ka musium Batik Trusmi, geura tanyakeun motip-motip batik éta, geus tangtu bakal ditémbongkeun. Kaén batik nu matak kabita, keur nambahan koléksi eusi lomari.

Mun diregepkeun mah, batik Trusmi téh jadi salah sahiji kabeungharan lir harta karun budaya keur rahayat Cirebon hususnya anu mustahil dipisahkeun tina sajarah jeung kahirupan masarakat Cirebon. Ku ayana rupa-rupa motip batik Trusmi tur dasar pilosopina, ngajarkeun ka urang ngeunaan rupa-rupa siloka luluhur dina ngajalanan kahirupan, kayaning kasaimbangan alam, harepan pikeun kamakmuran, tarékah ngalawan kagoréngan, sarta ngariksa tur  ngamumulé tradisi.

Batik Trusmi téh pinuh ku siloka ngeunaan kabudayaan Sunda umumna jeung Cirebon hususna, nu kudu dijaga tur dimumulé sangkan tetep nanjeur salawasna teu kagerus ku budaya deungeun nu can tangtu saluyu jeung adat kabiasaan urang. Geus jadi kawajiban urang Sunda pikeun ngariksa jeung ngamumulé adat budaya Sunda. Lamun lain urang, rék saha deui?

Edisi majalah: 3005

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
BMKG
Budaya

BMKG Nalingakeun Galagat Alam

Ku : Edoy Suhendar Lamun karasa aya lini, nu didagoan ku masarakat...

tradisi badud
Budaya

Badud, Hirup Teu Neut Paeh Teu Hos

Ditulis ku: Ummi Annadzriel Wanoh jeung seni badud téh mareng jeung apal...

Hidroponik Tatanén Téréh Panén
Budaya

Hidroponik Tatanén Téréh Panén

Ku: Edoy Suhendar Naha enya tatanén hidroponik téréh ka panén? Enya. Sababna,...

Kuliner Basisir Kaler
Budaya

Kuliner Basisir Kalér

Ku: Ceuceu Gumilang Cirebon kaceluk ku ayana makam salah saurang Wali Songo,...