Home Gaya Hirup Tirtalega, Ngatik Atlét Ngojay ti Leuleutik
Gaya HirupMejeng

Tirtalega, Ngatik Atlét Ngojay ti Leuleutik

Share
Najan masih laleutik, geus pinter rupa-rupa gaya renang.
Share

Lamun hayang bisa ngojay anu bener, tangtu kudu diajar ka ahlina. Nu engkéna mah naha ukur sakadar bisa sagala gaya rupa renang saperti gaya dada, punggung, bébas jeung kupu-kupu, atawa diniatan jadi atlét.

Kiwari mah henteu susah. Tinggal daékna. Salah sahijina di Kolam Renang Tirtalega, Jalan Mohamad Toha No. 70 Kota Bandung.

Rudiman jeung muridna.

Di éta kolam renang bogana pamaréntah Kota Bandung téh aya sababaraha urang nu ahli ngajarkeun ngojay. Boh ka barudak, rumaja atawa déwasa. Salah sahijina nyaéta Rudiman nu ngalatih ngojay téh bari gawé di Tirtalega nu kurang leuwih 4 taun lilana.

“Ngamangpaatkeun waktos. Da sadidinten téh pancén sim kuring mah beberesih, ngawaskeun nu ngojay sangkan salamet,” ceuk Rudiman (17/04/2025).

Jaman keur budak, Rudiman téh atlét renang nu remen milu kana kajuaraan. Jadi soal élmu ngojay mah geus tangtu nyampak pisan di dirina. Hal kitu nerap pisan ka muridna nu kiwari remen jadi juara dina perlombaan antar pelajar atawa antar kleup.

Murid-muridna kiwari kurang ari ti 20 mah. Ti mimiti kelas pemula saperti barudak SD jeung SMP sarta SMA. Malah anu diajar ngojay ku ieu urang Ciparay téh aya ogé anu geus boga anak incu sarta aya anu keur kaperluan tésting sangkan ditarima di hiji pagawéan jeung anu lianna.

Murid Rudiman geus réa nu boga préstasi.

“Konci suksésna mah murid kedah sumanget, aya pangdorong ti sepuhna sareng disiplin,” ceuk Rudiman nu unggal poé jadi kuncén di Kolam Renang Tirtalega.

Jadi mun hayang bisa ngojay anu bener, taya salahna datang waé ka Tirtalega. Iwal poé Senén, unggal poé Tirtalega buka anu harga tiket asupna murah pisan. ***

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Gaya HirupImplik-implik

Paniisan Cippo Tempat Ngojay di Gunung Manglayang

Lain tempat ngojay nu standar sabenerna mah. Tapi Paniisan Cippo atawa anu...

Gaya HirupImplik-implik

Khalana Villa Citengah Wisata Murah Ngaharib-harib Ubud Bali

Piknik atawa wisata mah henteu kudu mahal, nu penting bisa sugema nyukakeun...

Gaya HirupImplik-implik

Rafting di Walungan Palayangan Situ Cileunca Pangaléngan

Wisata rafting/arung jeram atawa tumpak parahu karét di walungan anu caina tarik...

Gaya HirupImplik-implik

Ngamangpaatkeun Poé Peré Naék ka Gunung Papandayan

Pikeun nu resep suasana alam, naék gunung mangrupa hal nu kaasup penting....