Home Warta Katumbiri Tirta Lega Kolam Renang Primadona Warga Kota
KatumbiriWarta

Tirta Lega Kolam Renang Primadona Warga Kota

Share
Kolam Tirta Lega, primadona masarakat kota. (éép nr)
Share

Pikeun nu resep olahraga ngojay, Kolam Renang Tirta Lega nu perenahna di Jalan Mohammad Toha Kota No. 70 Bandung, wajib didatangan. Sabab lian ti harga asupna nu kawilang murah, Rp. 5000,- keur poé biasa jeung Rp. 6.000 dina poé peré, tempatna genaheun.

Rudiman, najan poé peré kudu tetep datang ngalaksanakeun pancén. (éép nr)

“Caina hérang. Ukuranana ogé standar. Nyaéta panjang 50 méter, lébarna 21 méter,” ceuk Rudiman, salah saurang nu mancén ngurus éta tempat ngojay légéndaris kareueus warga Kota Bandung. (Kemis, 17/04/2025).

Tara pati abreg-abregan anu daratang ka Tirta Lega mah. Iwal lamun keur poé peré sok pinuh téh. Najan kitu, ku sabab Kolam Renang Tirta Lega anu diwangun taun 1978 téh kasebutna lega, masing keur pinuh gé keur nu geus barisa ngojay mah teu jadi pasualan. Da moal matak ngaganggu. Sabab aya bagian anu déét jeung anu jerona.

Komo deui lian ti aya kolam utama anu ukuranana standar téa, aya ogé kolam renang leutik nu husus keur barudak leutik.

Nurutkeun Rudiman anu sapopoéna mancén di éta kolam saperti beberesih, nalingakeun nu keur ngarojay sangkan kajaga kasalametana, digawé di Tirta Lega kurang leuwih geus 4 taun. Ku sabab inyana ogé ahli ngojay da basa keur leutikna remen milu perlombaan, jadi aya oge nu sok hayang dilatih ku dirina.

“Kanggo sagala umur. Ti kawit murangkalih dugi ka déwasa. Malah kanggo nu nu badé ngiringan kanggo persaratan testing didamel ogé aya,” ceuk Rudiman.

Kénca katuhueun kolam, aya saung iuh-iuh nu genaheun keur istirahat. (éép nr)

Lian ti dipaké keur nu ngarojay, Kolam Renang Tirta Lega ogé sok dimangpaatkeun keur nu terapi. Utamana keur nu baroga kasakit saraf kajepit.

“Sok aya waé nu terafi mah,” ceuk Rudiman deui.

Sawatara ayeuna nu kasaksian ku Manglé, Tirta Lega caina hérang. Ngan ku sabab aya sababaraha bagian dasar kolam anu geus ‘ngerak’ siga lumut nu warnana héjo, kadang siga kotor. Hal éta cenah nu bakal dibebenah ku Pamaréntah Kota Bandung téh.

Nu jelas ngojay di Tirta Lega mah moal matak rugi. Mun bosen ngojay, di luar sabudeur kolam aya ogé taman nu réa patung-patung dinosaurs. Asupna ogé ukur Rp. 1000,- keur saurangna. ***

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...