Teu anéh kiwari mah mun nangenan nu nganteurkeun barang ka imah-imah atawa ka kantor, ampir unggal poé aya. Di kota atawa di lembur sarua waé. Ti mimiti barang saperti pakéan, sapatu, éléktronik, alat olah raga, dahareun, inumeun, malah meuli tarajé ge bisa dipesen ngaliwatan online.
Bisa disebutkeun leuwih praktis ku cara online mah. Najan aya waé kahéngkéranana mah. Upamana barang anu dibeuli téh teu saluyu jeung nu dipesen konsumén. Bisa ukuranana, warnana jeung bahanna.
“Tapi perséntasina nu kitu mah alit pisan. Nu jelas, order ka sim kuring mah diusahakeun satékah polah moal nguciwakeun konsumén,” ceuk Gun Gun Wiguna, pangusaha online nu boga gudang di wewengkon Pangaritan Kota Bandung.
Tangtu nu usaha online téh henteu sakabéhna sukses. Ceuk Gun Gun mah lian ti rejeki nu mungkin geus diguratkeun ti dituna, tapi nu usaha saperti dirina kudu awas kana pasar. Kudu maca naon sakirana nu keur loba dipikabutuh masarakat.
“Upami teu pinter-pinter kitu mah, nya répot,” ceuk Gun Gun, awal Juni 2004 di GOR pingpong tempat dirina latihan.
Saluyu jeung kasang tukang Gun Gun nu resep olahraga sarta baheulana kungsi jadi pamaén Persib Junior, produk anu dijual ku Gun Gun nu aya hubunganana jeung dunya méngbal. Fashion Sport ceuk istilah Gun Gun mah.
“Ayeuna mah dilengkepan ku fashion sapédah. Ti kawit topi, jérséy, jékét, calana, légging, kaos kaki, tas sareng sajabina. Kaleresan deuih sim kuring gé resep pisan kana nyapédah. Tah sapertos kitu anu dimaksad kedah ‘awas’ kana peluang usaha téh,” Gun Gun ngajéntrékeun.
Alhamdulillah ceuk Gun Gun, usahana maju. Malah produk nu geus boga mérek dagang sorangan téh, iwal ti di Bandung, geus sumebar sa Indonésia jeung ka Singapur sarta Brunei Darusallam.
“Mérekna Giosport, tina nami pun bojo anu alhamdulillah aya hokina,” Gun Gun reueus.
Resep Olahraga
Saacan aya corona, Gun Gun kungsi boga toko fashion sport. Tapi nu dijualna réréana nu aya hubunganana jeung dunya méngbal. Sabab Gun Gun kungsi jadi pamaén bal anu lamun tuurna teu kacilakaan basa tanding dina acara Tarkam di Bogor mah saeutik deui rék jadi pamaén proféssional.
Kungsi di Persib Junior 2004-2006. Terus di Persija 2007-2008 U23. Acéh 2009 (PSB Bireun). Jombang 2011 sarta di Tulung Agung 2012-2013. Ti dinya eureun ku sabab kacilakaan tuur téa.
Nurutkeun Gun Gun nu asli teureuh Bandung, usaha ku cara online bakal terus dikeureuyeuh. Sabab lian ti nyaluyukeun jeung jaman téh praktis. Teu kudu nungguan toko, orderan cukup tina handphone bari gogoléran ge bisa.




Promosina dina média sosial saperti Facebook, Instragram jeung Market Place saperti Buka Lapak, Shoppe jeung nu lianna. Mun ngirim barang gawé bareng jeung JNE, JNT, pausahaan cargo atawa ngandelkeun jasa karétaapi.
Konci suksésna, “Harga kedah ramah tapi ajén (kualitas) tetep diutamakeun. Kitu deui barang dugi ka konsumen téh dipahing pisan ulah elat sareng kedah saluyu anu dipesen ku konsumén.”
Barang barang produksi Giosport geus sumebar ampir ka sakuliah Indonésia. Anéhna, ari keur di Bandung sorangan mah malah biasa-biasa waé. Mungkin hal kitu téh sabab di Bandung mah réa saingan.
Sakanyaho Gun Gun aya sababaraha urang babaturanana nu baheulana mah langgangan Gun Gun, kiwari muka usaha saperti dirina. Tapi Gun Gun teu hariwang da rejeki mah urusan nu Kawasa.
“Nu penting mah teras sumanget sareng teu eureun berkréativias. Margi rejeki mah urusan Nu Maha Kawasa,” Gun Gun yakin.
Ngan ceuk Gun Gun, kadang nyieun hiji produk téh tadina mah ajangkeuneun keur kaperluan olahraga méngbal contona, tapi malah diparaké ogé ku nu raresep olahraga lumpat, sapédah jeung anu lianna.
“Tapi nu kiwari pangseueurna dipesen mah tas atanapi kantong. Multi fungsi. Tiasa kanggo sakola sareng kanggo olahraga,” Gun Gun Wiguna nutup obrolan.
Edisi majalah: 2986
Leave a comment