Home Warta Katumbiri Tina 6.000 Réklame nu Sumebar di Kota Bandung, 3.000 Diantarana Ilégal
Katumbiri

Tina 6.000 Réklame nu Sumebar di Kota Bandung, 3.000 Diantarana Ilégal

Share
ilustrasi (foto: net)
Share

Di Kota Bandung teu kurang ti 6.000 Réklame nu dipasang di sababaraha tempat. Éta kagiatan publikasi (iklan) hiji produk téh teu bisa disapirakeun. Kitu nu ditandeskeun ku Anggota Panitia Khusus (Pansus) 3 Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung, Asep Robin, S.H., M.H.

 Nurutkeun Asep, réklame nu nyalabarkeun béja mah miharep aya nu kataji ku hiji produk. Asep Robin nepikeun yén aya dua rupa média réklame dumasar merenahkeunana, nyaéta luar rohang (outdoor) jeung di jero rohangan (indoor).

“Nu remen katitén ku masarakat mah média réklame luar rohangan. Kumargi sumebar dugi ka pasisian. Ti ngawitan spanduk, baliho, umbul-umbul, poster, salabaran, billboard ogé videotron,” ceuk Asep Robin tandes naker.

Asep ngémbohan yén réklame téh ukuranna gé rupa-rupa. Gumantung tina kabutuhan nu aya karep nepikeun béwara, boh mangrupa gambar atawa teks. Ceuk éta Pulitisi Partéy Gerindra téh, kudu pisan nartibkeun reklame ilegal. Lantaran ngaruksak kaéndahan éstétika Kota Bandung. Ku kituna Pansus 3 DPRD Kota Bandung keur nambahan Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) ngeunaan Reklame.

“Dipiharep aturan, sumebarna réklame, ka payunna kaunggel dina Peraturan Daerah Nomer 17 Taun 2017 perkawis Penyelenggaraan Reklame, mung dina palaksanaanana mah masih katawis awut-awutan,” pokna.

Éta Anggota Pansus 3 téh niténan palaksanaan nartibkeun réklame tina nangtukeun titik ngadegna tihang réklame nu teu maliré kaayaan sabudeureun. Sagigireun éta sangeunahna nempateun, teu luyu jeung aturan. Laju muatan kontén teu miroséa aspék sosial ogé kaséhatan.

“Balukarna reklame henteu katata rapih. Reklame nu teu nyumponan sarat gé seueur, atuh matak sareukreuk,” ceuk Asep bangun gereget.

Asep  Robin  nandeskeun yén kudu aya tarékah dina ngababenah reklame di Kota Bandung,  utama nu jadi prioritas téh 3000 réklame illégal. Kudu sagancangna dijieun Peraturan Daerah anyar ngeunaan penyelenggaraan reklame. Angot éta tas diatur dina Peraturan Walikota Nomer 25 Taun 2023.

“Kedah ditambihan sababaraha hal dina aturan  reklame di Kota Bandung. Bando jalan mah kedah ditartibkeun. Pibahayaeun kanggo nu ngalangkung. Wangunan nu malang gé sanés témpat kanggo nyimpen réklame,” ceuk Asep tandes naker.

Widang réklame mah keur persil atawa keur kabutuhan séjén nu napel jeung témbok gedong. Jarak ngadegna tihang reklame ditangtukeun dumasar tinimbangan téhnis, kaéndahan Kota Bandung.

Asep ngécéskeun yén dina nartibkeun reklame téh butuh data, personil, jeung waragad sangkan dina palaksanaana lungsur langsar luyu jeng tugas pokok jeung fungsi dinas nyaéta Satuan Polisi Pamong Praja. Asep miharep ka hareupna mah réklame téh bisa nambahan kaéndaahn Kota Bandung tur jadi salah sahiji sumber Pendapatan Asli Daerah (PAD). ***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis...