Salasahiji tempat wisata anu kasebutna rada anyar di Kota Bandung nyaéta Tepi Kota Healing Bandung. Siga kumaha éta patempatan anu cenah mah éndah bari unsur atikanana kaitung munel téh?
Keur sabagéan jalma, ulin ka tempat wisata teu kudu jauh-jauh. Komo bari waragadna mahal mah. Ka nu deukeut gé taya salahna. Nu penting bisa nyugemakeun. Salah sahijina nu kiwari meujeuhna keur ramé pada ngadatangan téh nyaéta Tepi Kota Healing Bandung.
Disebut ‘Tepi’, mungkin ku sabab perenahna aya di beulah wétan Kota Bandung. Persisna di Jalan Padang Golf nomer 1 Sukamiskin, Arcamanik Bandung. Perenahna di antara Lapas Kelas 1 Sukamiskin jeung Sport Jabar anu teu jauh ti jalan gedé AH Nasution Kota Bandung.
Sakumaha anu kasaksén ku Manglé sababaraha waktu ka tukang, Tepi Kota Healing Bandung henteu pati béda jeung tempat wisata séjénna nu mangrupa taman. Nawarkeun asrina taman, kulinér, kaulinan keur barudak lengkep jeung ‘spot foto’ ilaharna nu kiwari dipikaresep ku wisatawan.
Tempatna ogé heureut teuing henteu, lega teuing henteu. Nu jelas lamun dikurilingan ku leumpang téh moal matak capé teuing keur jalma-jalma anu marawa anak atawa incuna. Tapi dina capéna ogé di Tepi Kota Healing Bandung, aya kandaraan nu diséwakeun. Diantarana aya sapeda listrik, kuda tunggang jeung anu lianna.
Harga karcis asupna ogé kawilang murah. Nyaéta keur sajalma téh ukur 10 rébu. Nu rada hanjakal téh jalan nu rék ka gapurana rada kahalangan. Malah mun poé Minggu mah kénca katuhueun jalan pinuh ku nu daragang.
Loba Satwa
Nurutkeun salah saurang anu jaga di Tepi Kota Healing, tempat wisata éta gedé pisan unsur édukasina cenah. Pangpangna keur barudak. Diantarana kumaha carana sangkan barudak nyaah ka sasatoan jeung resep kana tutuwuhan.
Henteu anéh lamun Tepi Kota Healing lian ti réa kaulinan anu cocog keur barudak, dilengkepan ogé ku rupa-rupa sasatoan. Diantarana aya domba mérino asal nagri Ustrali anu di tempat asalna mah buluna sok dipaké bahan dasar wol. Kitu deui aya japati, kelenci lengkep jeung tamanna sarta soang anu lalucu kokojayan dina balong.



Barudak bisa langsung interaksi jeung sasatoan ku cara maraban jeung héwan-héwan éta anu pakanna disadiakeun ku nu ngokolakeun. Contona wortel keur parab domba Mérino anu hargana ukur 5 rébu. Kitu deui aya parab japati jeung soang sarta kelenci.
Di Tepi Kota Healing ogé dilengkepan ku rupa rupa jajanan jeung inuman. Aya sangu, baso, kopi jeung sagala rupa. Tempat daharna digenah-genah. Aya nu mangrupa saung-saung, jeung aya nu mangrupa café sangkan wisatawan ngarasa tumaninah jeung betah di Tepi Kota Healing.
Lian ti aya wahana keur kaulinan barudak, Tepi Kota Healing anu buka unggal poé ti jam 8 isuk isuk nepi ka jam 8 peuting dina poé Mingggu jeung kalendér beureum, sarta ti jam 11 beurang nepi ka jam 8 peuting dina poé poé biasa ogé nyadiakeun kaulinan séjénna. Diantarana aya séwaan tumpak kuda jeung aya séwaan sapéda listrik anu ogé bisa dipake ku déwasa.
“Nu jelas moal matak rugi. Ku pangaos karcis lebet 10 rébu téh tiasa bébas sawaregna. Barina deuih karcis téh tiasa digentoskeun kana minuman,” nu jaga nerangkeun.
Edisi majalah: 3004
Leave a comment