Home Warta Katumbiri Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor
KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Share
Gibran (dicalana pondok), atlét nu bakal ngajajal DTTTC
Share

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis Training Center di Désa Karyamekar, Kacamatan Cariu.

Keur ngajugjug ka Donic Table Tennis Training Center (DTTTC), ti ibukota Kabupatén Bogor lalampahanna méakkeun waktu kurang leuwih 2 jam. Sabab lokasina nu aya di pasir wilayah Cariu atawa tapel wates jeung Kabupatén Cianjur.

Ti Jalan Raya Transyogi ka pertélon Désa Karyamekar kurang leuwih 8 KM. Lokasi Donic Table Tennis Training Center kawilang jauh tina karaméan jeung imah-imah warga. Ku hal éta cocog pisan keur museurkeun latihan anu mana para atlét leuwih fokus ti isuk-isuk nepi ka peuting.

‘’Janten sim kuring sadaya fokusna kana latihan. Numawi disadiakeun mess kanggo atlét putra putri,” ceuk nu boga GOR sakaligus Ketua Umum Pengurus Besar Persatuan Tenis Meja Seluruh Indonesia (PB PTMSI), Peter Layardi Lay.’’

Sarana éta pikeun Pelatnas atlét di Indonésia. Kiwari keur training cénter jangka panjang anu saeutikna aya 20 atlét putra jeung putri. Malahan sababaraha atlét Porda Kabupatén Bogor milu ngajajal DTTTC éta, seperti Gibran.

Gibran ogé milu mantuan jadi pelatih pikeun atlét-atlét nasional ténis méja U-14 nepi ka U-16.

‘’Atlét-atlét ieu sadayana disiapkeun ti kawit vitamin, tuangeun, mess sarta uang saku. Janten kadariaan sim kuring kana pingpong ieu mudah-mudahan tiasa nyambuangkeun Indonésia dina cabang olahraga ténis méja,” ceuk Peter Layardi Lay.

Lian ti kitu, keur sabudeur DTTTC dipikirkeun ogé sangkan ka hareupna muncul atlét-atlét Indonésia ti Désa Karyamekar Kacamatan Cariu.

Diresmikeunana DTTTC di Désa Karyamekar Kacamatan Cariu lumangsung poé Kemis (9/3/2023). Dihadiran ku Ketua Umum KONI Pusat Marciano Norman, Kadispora Kabupatén Bogor Asnan, nu ngawakilan Plt Bupati Bogor. (unt/éép nr)

Manglé 3019

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

Katumbiri

Ningkatkeun Sosialisasi Perda ka Masarakat Kota Bandung

Masarakat kudu ngarti kana produk hukum sangkan mucunghul kasadaran dina ngalaksanakeunana. Salah...