Lungkawing Tapi Pada Ngadongdon
Tebing Keraton atawa Tebing Karaton mangrupa déstinasi wisata anu sohor di Bandung. Siga kumaha Tebing Karaton nu jadi pangjugjugan para rumaja téh? Manglé nyaksian ti deukeutna. Saluyu jeung ngaranna, ‘tebing’ nu hartina dina Basa Indonesia mah ‘jurang’, Tebing Karaton gé kitu. Tempat wisata nu jadi pangjugjugan lolobana para rumaja jeung anu resep ka alam téh perenahna aya di 1200 mdpl.
Henteu anéh upama geus anjog di Punclut Tebing Karaton bisa nyerangkeun pamandangan anu sakuriling bungkingna mangrupa jurang. Warna héjo tina lobana tangkal pinus jadi salah sahiji ciri Tebing Karaton, anu bakat ku lungkawingna tutuwuhan anu sakitu jarangkungna téh kacirina siga leutik jeung pendék.
Nurutkeun peta atawa map, perenahna aya di Kampung Ciharegem Puncak, Désa Ciburilal, Kacamatan Cimenyan Kabupatén Bandung. Lamun disorang ti puseur dayeuh Bandung mah kurang leuwih 40 menitan. Jalanna kawilang nanjak, pangpangna 3 km deui saméméh nepi ka tujuan.
Mungkin ku hal éta, nu ngagunakeun mobil mah henteu bisa nepi persis ka tujuan. Tapi kudu diparkir di jalan handapeunana kénéh.

“Ku margi jalanna heureut, mobil kedah diparkir di handap. Kirang langkung 3 km deui ka Tebing Karaton. Ti dinya mah badé diteraskeun kana ojég tiasa atanapi badé mapah ogé tiasa étang étang olahraga,” ceuk tukang parkir anu asli warga di dinya.
Nu kudu diperhatikeun, kandaraan dina kaayaan jagjag. Sabab najan geus alus diaspal, ngajugjug ka Tebing Karaton nanjak.
Nu jadi udagan para rumaja, di Tebing Karaton téh hayang nyaksian meletékna panonpoé (sunrise) jeung surupna panonpoé (sunset). Kitu deui hayang nyaksian pepedut (kabut) di luhur Tebing Karaton anu lamun dipoto téh kacida éndahna.
Ku hal éta ceuk nu geus pangalaman ka tempat tempat saperti kitu, mun rék popotrétan ulah leuwih ti jam 8 cenah. Sabab leuwih ti jam sakitu mah pepedut téh sok euweuh. Kitu deui mun hayang nyaksian surupna panonpoé, kudu sabar nungguan burit pisan.

“Sateuacan jam 8 mah sering kawénéhan aya pepedut. Janten éndah pisan,” ceuk Deni, urang Cimahi nu keur ulin di Tebing Karaton awal Pébruari 2024.
Padahal jam buka tutupna Tebing Karaton mah saluyu jeung tulisan anu aya di gapurana nyaéta buka jam 8 jeung tutup jam 4 soré.
“Leres ari tutup buka mah jam sakitu. Tapi lebet jam 7 gé da tos aya anu jaga. Kitu deui mulihna mah tiasa langkung ti jam 4 sonten,” ceuk tukang parkir deui.
POS 5
Taman Hutan Raja Djuanda tempat konservasi alam sagaligus tempat wisata téh ngabogaan 5 gapura anu ditandaan ku POS 1, POS 2 jeung saterusna. Tebing Karaton téh nyaéta POS 5. Béda jeung POS séjénna, Tebing Karaton mah rada misah. Ti gapura utama POS 1 gé kudu ka luar deui. Tumpak kandaraan kurang leuwih 5 km.
Waragad keur asupna saurang téh Rp. 17.000,-. Kitu téh bisa dipaké keur asup deui ka POS mana waé ogé asal karcisna ulah leungit.
Saméméh anjog ka Tebing Karaton, katuhueun jalan, wisatawan bakal disuguhan pamandangan kebon tutuwuhan atawa palawija dina lamping gunung. Siga ngahaja diumpak umpak anu kacida éndahna. Biasana turis asing mah sok eureun heula pikeun motrétan éta pamandangan anu jarang kapanggih di tempat séjén.



Béda jeung di POS séjénna, di Tebing Karaton mah taya café. Warung gé ukur hiji dua. Tapi taya halangan pikeun nu panasaran hayang nyaksian éndahna pamandangan di Tebing Karaton.
Ti gapura POS 5, ukur 80 méter sanggeus ngaliwatan jalan satapak anu geus maké paving blok téh, wisatawan nepi ka nu jadi pangjugjugan. Nyaéta palataran nu teu sabaraha lega sarta aya batu gedé sababaraha hiji. Nya batu batu éta nu sok ditaraékan pikeun dipoto téh.
Minangka keur kaamanan, di tempat nu jadi karesep wisatawan téh aya pager tina beton. Tujuanana keur pagwates sangkan wisatawan teu meunang ka luar ti éta pager. Kitu deui aya wangunan sarupa papanggungan anu tihangna tina beusi sarta nambahan éndahna éta tempat.
Tebing Karaton lain waé jadi inceran keur nu resep kana fotograpi, tapi ogé keur nu resep suasana sepi. Malahan ku sabab nanjak téa, jadi tujuan keur nu resep sasapédahan. Ngan keur nu borangan mah mending ulah, sabab lungkawing téa.
Kitu deui pikeun wisatawan anu mawa barudak leutik, kudu dijaga bener bener. Sabab bisi moncor kana pager beton téa anu mémang keur nu waranian mah malah sok diponcoran pikeun meunang poto sakumaha anu dipikahayang. *** (éép nr)
Edisi majalah: 2970
Leave a comment