Tebing Keraton atawa Tebing Karaton mangrupa déstinasi wisata bagian tina Taman Hutan Raya (THR) Ir. Djuanda anu sohor di Jawa Barat. Siga kumaha Tebing Karaton nu jadi pangjugjugan sagala lapisan umur téh? Manglé nyaksian ti deukeutna. ***
Saluyu jeung ngaranna, ‘tebing’ nu hartina dina Basa Indonésia mah ‘lamping’, Tebing Karaton gé kitu. Tempat wisata nu jadi pangjugjugan lolobana para rumaja jeung anu resep ka alam téh perenahna aya di 1200 mdpl.
Mun geus anjog di Tebing Karaton nu perenahna di Kampung Ciharegem Puncak, Désa Ciburilal, Kacamatan Cimenyan Kabupatén Bandung téh, lain ukur bisa nyerangkeun tangkal-tangkal nu jarangkung siga pendék jeung leutik, tapi Gunung Tangkuban Parahu gé atra pisan.
Pokona sakuriling bungking nu katénjo ti Tebing Karaton nyaéta pamandangan lungkawing nu ampir sakabéhna dihias ku warna héjo tina lobana tatangkalan jarangkung mangrupa leuweung nu jadi ciri éta patempatan.
Lamun disorang ti puseur dayeuh Bandung maké kandaraan, kurang leuwih 40 menitan anu kudu ngaliwatan Tahura Pos 1. Biasana saméméh nepi ka Pos 1 Tahura sok macét sabab jalanna leutik bari geus rada ruksak. Dina poé peré saperti Minggu 26 Januari 2025 mah kacida macétna.

Sanggeus ngaliwatan Tahura Pos 1 jalan mimiti nanjak. Komo 3 km deui ti tempat pangeureunan mobil saméméh nepi ka tujuan mah. Nu matak mun mawa kandaraan téh kudu alus tanagana.
“Ti dinya mah kedah mapah atanapi kana ojég anu mayarna Rp. 25.000,- sakali jalan,” ceuk nu daragang di sabudeur Tebing Karaton.
Aya alusna ogé mun mobil henteu bisa langsung nepi ka luhur, sabab ku kitu lian ti bakal bisa ngararasakeun éndahna Tebing Karaton téh sakalian bisa olahraga leumpang.
Nu jadi udagan para rumaja, di Tebing Karaton téh hayang nyaksian meletékna panonpoé (sunrise) jeung surupna panonpoé (sunset). Kitu deui hayang apal kana pepedut (kabut) di luhur Tebing Karaton anu lamun dipoto téh kacida éndahna.

Tapi keur karéréaanana nu daratang, datang tengah poé ogé henteu jadi pasoalan. Da pamandangan mah tetep alus. Buktina angger wé rea anu datang.
Tebing Karaton nu mangrupa Pos 5 bukana jam 8 isuk-isuk jeung tutupna jam 4 soré. Harga karcis asupna Rp. 17.000,-. Éta téh geus kaasup bisa asup deui ka Pos 1 nu utamana jeung Pos lianna asal tanda karcis asupna ulah leungit.
POS 5
Taman Hutan Raja Djuanda tempat konservasi alam sagaligus tempat wisata téh ngabogaan 5 gapura anu ditandaan ku POS 1, POS 2 jeung saterusna. Tebing Karaton téh nyaéta POS 5. Béda jeung POS séjénna, Tebing Karaton mah rada misah. Ti gapura utama POS 1 gé kudu ka luar deui. Tumpak kandaraan kurang leuwih 5 km.


Saméméh anjog ka Tebing Karaton, katuhueun jalan, wisatawan bakal disuguhan pamandangan kebon tutuwuhan atawa palawija dina lamping gunung. Siga ngahaja diumpak-umpak. Biasana turis asing mah sok eureun heula pikeun motrétan éta pamandangan anu jarang kapanggih di tempat séjén.
Béda jeung di POS séjénna, di Tebing Karaton mah taya café. Warung gé ukur hiji dua anu dikokolakeun ku warga asli sabudeur tempat éta.
Ti gapura POS 5, ukur 80 méter sanggeus ngaliwatan jalan satapak anu geus maké ‘paving blok’ téh, wisatawan nepi ka nu jadi pangjugjugan. Nyaéta palataran nu teu sabaraha lega sarta aya batu gedé sababaraha hiji nu sok ditaraékan pikeun dipoto.
Minangka keur kaamanan, aya pager anu dibeton. Tujuanana keur pangwates sangkan wisatawan teu meunang ka luar ti éta pager. Kitu deui aya wangunan sarupa papanggungan anu tihangna tina beusi paragi ngareureuhkeun kacapé..

Tebing Karaton lain waé jadi inceran keur nu resep kana fotograpi, tapi ogé keur nu resep suasana sepi. Malahan ku sabab nanjak téa, jadi tujuan keur nu resep sasapédahan. Ngan keur nu borangan mah mending ulah, sabab lungkawing téa.
Kitu deui pikeun wisatawan anu mawa barudak leutik, kudu dijaga bener bener. Sabab bisi moncor kana pager beton téa anu mémang keur nu waranian mah malah sok diponcoran pikeun meunang poto sakumaha anu dipikahayang. ***
Manglé No. 3014
Leave a comment