Home Warta Katumbiri Tajimalela Gugus 5 Nyitak Préstasi ti Leuleutik
Katumbiri

Tajimalela Gugus 5 Nyitak Préstasi ti Leuleutik

Share
Share

Najan diadegkeun kakara bubulanan (Juli 2024), Paguron Tajimalela Gugus 5 geus bisa ngahontal préstasi pikareueuseun. Nyaéta juara umum katilu tingkat nasional sarta Rafa Benzema ti SD Cinunuk 5 Kabupatén Bandung geus ngahontal juara pesilat terbaik usia dini, dina Bandung Lautan Championship tanggal 2 nepi ka 5 Januari 2025.

Nurutkeun Hilman Fauzi S.Pd., koordinator préstasi widang penca silat di gugus 5 nu ngabawah 10 SD di Kacamatan Cileunyi Kabupatén Bandung, bisa kitu ku sabab disiplin sarta latihan anu daria.

“Margi ari poténsi murid-murid mah sacara fisik sadayana gé parantos saé. Kantun para guruna sapertos sim kuring, Kang Dede Supriadi, S.Ag., Téh Novia Bintang Kania, S.Pd., sareng Kang Rusdiansyah nambihan téhnik-téhnik dina silat,” ceuk Kang Hilman di GOR Purbaya, Jalan Ciguruwik, Désa Cinunuk, Kacamatan Cileunyi Kab. Bandung tempat latihan silat Tajimalela Gugus 5 (19/01/25).

. Kang Hilman.

Kiwari jumlah murid Paguron Tajimalela Gugus 5 tina 10 SD téh kurang leuwih 120. Latihanna unggal poé Minggu. Tapi ari rék aya tanding mah digeder, saminggu téh bisa opat kali latihan.

Teu dipungkir ceuk Kang Hilman, diadegkeun Tajimalela Gugus 5 téh dumasar tina minat para siswa, kolot murid sarta para guru SD anu kacida hadéna.

“Nu jelas tujuan mah nyaéta kanggo ngahontal préstasi dina Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN) sareng ngiring ngamumulé seni silat anu asli milik Indonésia sarta seueur di Jawa barat,” Hilman nandeskeun.

Hal kitu dienyakeun ku Kang Dede minangka Déwan Pelatih Bandung Timur anu ogé jadi Kepala Pelatih di Tajimalela Gugus 5. Ceuk Kang Dede, geus sakuduna silat téh diwanohkeun ka barudak ti leuleutik. Nu matak, sumangetna heula wé. “Insya Alloh soal waragad mah henteu ageung. Malihan kanggo sababaraha jalmi mah sanés mung ukur henteu kedah mayar, tapi pangsi sapuratina gé diharatiskeun,” Kang Dede nutup obrolan. ***

Mangle 3012

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...