Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Anjog ka imah kosan, simpé. Ukur sora bangkong patémbalan jeung sora cai nyéot di solokan nu kareungeu meupeus peuting.

Share
Share

Carpon Eli Rusli

Anjog ka imah kosan, simpé. Ukur sora bangkong patémbalan jeung sora cai nyéot di solokan nu kareungeu meupeus peuting. Kuring teu tuluy asup ka kamer kosan. Buru-buru ka cai heula da geus teu kuat nahan kahampangan bari sakalian wulu.


Awak ngadégdég basa cai dina sisiuk manjur leungeun. Ngan henteu ari nepi ka noroktok huntu mah. Cai tina bak téh asa leuwih tiis tibatan cai tina kulkas. Réngsé wulu buru-buru leumpang muru ka kamer. Konci kamer ngagantung dina paku hareupeun panto. Tuluy dicokot diasupkeun kana liangna. Krék, panto kamer lalaunan méléngé.


Lampu kamer dihurungkeun. Jam nu naplok dina témbok nunjukkeun tabuh sapuluh leuwih lima menit. Ka Bandung téh asa lila ayeuna mah. Keur mah kapegat macét di Rancaékék nu keur aya proyék ngalegaan jalan katurug-turug hujan salila di jalan. Barang ningali kaayaan kamer, kuring ngarandeg. Naha kamer téh teu acak-acakan? Buku-buku kuliah ngajajar luhureun méja leutik. Runtah dina kérésék teuing ka mana. Rarasaan basa rék balik ka lembur, buku ngalayah jeung tacan miceun runtah. Ari ayeuna? Kamer kasampak rapih jaba beresih. Ukur buku agénda nu nyampak di tengah méja leutik. Kawas ngahaja neundeun di dinya misah ti buku nu séjén. Tinimbang lieur mikiran ieu perkara, leuwih hadé kuring solat magrib heula jama jeung solat isa tuluy dahar.


Kacapé lubar saharitaeun saentas ngarasakeun ni’matna dahar timbel bekel ti lembur. Bantal jeung simbut ngagupayan ngajak saré, ngan teu waka ditolih. Kuring nyokot heula buku agénda nu ngagolér dina méja leutik. Barang nyokot buku, pluk pulpén hideung murag tina jero buku. Kuring colohok. Naha pulpén hideung aya dina jero buku? Lalaunan tungtung curuk muka buku agénda salambar-salambar. Panon awas basa ninggang kana tulisan nu aksarana baradag ngaleuwihan garis.


Sayang! Tadi aku ke sini. Tapi kamunya tidak ada. Aku hanya mau bilang. I love you.


Gebeg, kuring reuwas kacida. Hawa nu mimiti ngahéab karasa beuki panas. Saha anu nulis ieu surat? Saha nu mérésan kamer kuring?
Maksakeun peureum panon teu daék peureum. Jero sirah kakalayangan. Ngalalana neguh saha nu nyieun surat dina buku agénda. Aya wanoja asup ka kamer kitu? Saha? Kuring tacan kungsi mawa wanoja ka dieu. Sainget kuring, ukur Maman nu kungsi ngagolér dina kasur.


Bada subuh kuring karék bijil ti kamer. Niatna mah rék mandi sakalian wulu. Kawasna saré téh peuting teuing matak hudangna kabeurangan. Deukeut kamer mandi geus ngantay nu cindukul ngadagoan nu kaluar.

Leungeunna kabéh nangkeup tuur nahan tiris. Kuring milu nagog gigireun Soléh.


“Ngantri Bung!” ceuk Soléh.


Tina biwirna kaluar haseup ipis. Kuring seuri leutik.


“Tadi peuting jol tabuh sabaraha?” Soléh nanya kuring.


“Tabuh sapuluhan. Ti Cicaléngka nepi ka Dangdeur parah pisan macétna. Keur aya proyék pelébaran jalan.”


“Urang ogé karék nepi kadieu tabuh tujuhan. Hujanna gedé kacida.”


“Enya. Tadi peuting mah hujan téh badag. Ari nu teu balik ka lembur saha nya?”


“Tuh Kang Hasan! Kuncén Bandung.”


Soléh seuri bari ngalieuk ka Kang Hasan nu leungeun katuhuna ngusapan janggotna nu carang.


Ngarasa aya nu nyebut ngaranna, Kang Hasan ngalieuk.


“Aya naon? Isuk kénéh geus nyabit-nyabit ngaran déwék?” tanya Kang Hasan nu awakna begang.


“Kang! Waktos nuju ka lembur, aya réréncangan abdi nu ka dieu teu?”


“Rarasaan mah euweuh nu ka dieu da.”


Kang Hasan ngahuleng sakeudeung, kawasna keur nginget-nginget.


“Kamari ti isuk nepi ka lohor euweuh nu ka dieu. Lamun tas lohor mah teu nyaho. Apanan déwék mah indit ka Pasantrén Béngkél Ahlak di Geger Kalong. Kunaon kitu?”


“Ah henteu Kang. Teu kunanaon. Upami dinten Saptu?”


“Saptu mah déwék teu di dieu. Nganjang ka babaturan. Kunaon? Aya nu leungit?”


“Henteu Kang. Bilih aya réréncangan ka dieu.”


“Coba atuh ka si Mba?”


“Oh … Muhun engké,” walon kuring.


Jero haté guligah. Saha saenyana nu asup ka kamer kuring?


Lamun teu inget ka kolot nu geus tihothat ngawaragadan mah kuring téh haroréam kuliah poé ieu. Keur mah capé karék datang tadi peuting, hawana tiis kacida nyecep kana kulit. Ngan poé ayeuna kuring sumanget hayang buru-buru panggih jeung Maman. Hayang miceun kapanasaran saha nu geus nulis surat basa kuring balik ka lembur.


Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali nyerebung udud. Nu wanoja keur ngawangkong. Méméh nyampeurkeun riungan mahasiswa lalaki, Sépti ngageroan. Gigireunana Imas, nangtung bari buku kuliah nutupan hariguna.


“Pip! Ka dieu!”


Kuring nyampeurkeun kanu duaan.


“Réngsé kuliah moal ka mamana?”


“Aya naon kitu Ti?”


“Itu nu geulis ngajak makan siang di kantin.”


Sépti ngawalon bari seuri. Curukna tutunjuk ka nu nangtung gigireunana. Paroman Imas beureum.


“Éta mah kahoyong Néng Septi, sanés abdi.”


“Lah sok kitu Imas mah. Ti mangkukna saha nu hoyong pendak sareng Apip téh.”


Paroman Imas beuki beureum tuluy ngabalieur nyumputkeun imut nu ngagelenyu.


“Punten teu tiasa. Engké mah kuring badé ka perpus, badé milarian bahan kanggo nyerat opini.”


Imas kitu nu mérésan kamer kuring? Maman kungsi nyarita yén Imas neundeun haté ka kuring. Ngan kuringna api lain. Ceuk kuring mah Imas téh geulis. Ngan kuring teu mibanda rasa ka manéhna. Mindeng Maman ngagonjak sangkan kuring réréndéngan jeung manéhna. Keukeuh haté mah teu mikeun.


“Euh abong pangarang. Sok sibuk pisan.”


“Kalem engké ogé aya waktuna. Teu ningalian Maman Ti?”


“Ari keur ngobrol téh sok nyalénggorkeun baé. Acan. Ti tatadi ogé acan katingali. Apal meureun si éta mah saban poé Senén tukang kabeurangan.”


“Coba urang téangan ka béh ditu.”


Kuring leumpang ninggalkeun nu duaan. Sépti jeung Imas melongkeun kalangkang kuring.


*
Maman ngaku teu nyaho saha nu nulis surat dina buku agénda kuring. Ngan réngsé kuliah teu gugur teu angin jol ngajak ka perpustakaan. Asa ahéng pikeun kuring manéhna ngajak ka perpustakaan. Sasarina gé sok tuluy ngajak dahar ka warung sangu sabudeureun kampus. Ari kuring mah geus niat ti tatadi ogé, matakna basa Maman ngajak ka perpustakaan téh asa mobok manggih gorowong.


Kuring anteng macaan buku-buku keur bahan tulisan. Maman teuing ngider ka mana. Ngomongna téh tungguan sakeudeung. Saking ku anteng teu sadar lamun seug Maman geus aya diuk gigireun.


“Héy! Mani tonggoy maca buku téh!”


Kuring kagareuwahkeun. Barang ngalieuk ka manéhna, mani reuwas kabina-bina. Gigireun Maman diuk hiji wanoja nu buukna sataktak. Nyéh manéhna imut. Na jero dada jol dulugdugdag teu pararuguh. Paromanana asa kungsi ningali. Leng sirah muter. Nginget-nginget di mana kungsi panggih jeung manéhna.


“Héy! Tong bengong atuh. Sapertos nu kasima jurig jarian baé.”


Kuring ngabelenyéh éra. Maman jeung éta wanoja bareng nyeungseurikeun.


“Tos hilap ka abi nya? Mani kitu ih. Nembé ogé teu pendak sasasih.”


Ayeuna kuring inget. Ieu wanoja téh ngarana Lina. Kuring jeung manéhna kungsi panggih dina raraga bedah buku pangarang sunda. Harita ngawangkong duaan lila kacida. Manéhana resep pisan kana sastra. Kuliahna di paguron luhur Jalan Dipati Ukur. Ké aya patali naon jeung Maman? Manéhna tuluy nyarita deui kawas nu nyaho naon nu ngaganjel dina jero haté kuring.


“Tong reuwas. Maman téh réréncangan abdi nuju SMA. Punten basa dinten Jumaah pasosonten dongkap ka kosan Apip sareng Maman. Mung nu gaduh kamer nuju teu aya. Teras baé mérésan kamer sareng nyerat surat dina buku agénda. Éta téh piwarangan Maman. Saurna lebar aya pangarang anom mung jomblo.”


Ger Maman jeung Lina seuri akey-akeyan.


“Naha atuh silaing teu ngaku Man?”


“Ari urang mah kumaha nu mikaresep kana seratan agan wé. Saurna hoyong tepang sareng pangarang nu mindeng midang di koran sareng majalah.”


Nyaritana kawas bujang ka dununganana. Nyi mojang imut leleb pisan. Matak ngendagkeun haté.


“Upami kitu mah teu sawios atuh upami eusi seratna leres ogé.”


Paroman Lina beureum marahmay kawas bungah kacida. Kitu deui haté kuring asa ditonjok congcot.


“Perhatian! Perhatian! Kepada pengunjung perpustakaan dilarang berisik!”


Jol pengumuman ti pangurus perpustakaan maké pengeras suara. Kuring jeung Lina méh bareng nutup biwir ku dampal leungeun. Tuluy papelong-pelong bari imut. ***

Majalah edisi 3010

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carpon Ai Wawang-SUHADMA
Carita Pondok

Suhadma

Carpon Ai Wawang “Baku ari geus asup ka imah batur teu permisi...