Home Warta Katumbiri ‘Surabi Program Romadon di Masjid Al Muhyidin
Katumbiri

‘Surabi Program Romadon di Masjid Al Muhyidin

Share
’Surabi’, babagi élmu jeung kanyaah ka mustami.
Share

Unggal Romadon, Masjid Al Muhyidin maneuh ngayakeun kagiatan ‘Surabi’ nyaéta Subuh Ramadhan Berbagi. Tujuanana diantarana nepikeun ceramah ka mustami anu ditutup ku acara babagi hadiah.

Pikeun Masjid Al Muhyidin anu perenahna di RT 05 RW 06 Kalurahan Pasirbiru, Kacamatan Cibiru  Kota Bandung Bandung, ngayakeun kagiatan ‘Surabi’ lain hal anu susah. Sabab sapopoéna ogé éta masjid téh mundel geus biasa dipaké acara kaagamaan.

Dina ‘Surabi’, lian ti mageuhan tali silaturahmi, ngamotivasi ogé rupa-rupa kréasi nu Islami.

Nurutkeun Didi Warsidi, salah saurang nu ngokolakeun Masjid Al-Muhyidin, ayana hadiah waktu subuh keur para jamaah lain supaya daraék ibadah téh alatan ngudag hadiah, tapi sangkan istiqomah ngamamurkeun masjid. Masjid lain saukur diadegkeun fisikna wungkul tapi kudu bisa ngawangun jamaah jang ngeusianana supaya masjid mamur, “ceuk Didi

Dina sabulan Romadon geus aya rarancangna. Anu teu leupas ngabutuhkeun anggaran.

“Tapi henteu keueung, margi masarakat/jamaah nu aya di sabudeur masjid kacida ngarojongna. Malah demi nanjeurkeun ka-Islaman, ti pihak luar gé sering nu mantuan,” Didi reueus.

Saluyu jeung ngaran programna, Subuh Ramadhan Berbagi Insfirasi anu inisiatorna Faisal Renaldi, Asep Aenun Nazah, Muhammd Salman Audah, Didi Warsidi, Yayat Sobari, acarana téh babagi élmu jeung rejeki. Loba mangpaat tina kagiatan ‘Surabi’ éta diantarana masarakat bisa diajar hirup bener pangpangna ngajalankeun anu saluyu jeung ajaran Islam.

Réa mangpaat ku ayana ‘Surabi’

Pikeun penceramah teu hariwang, sabab di lingkungan masjid loba tokoh agama ogé kalangan akademik. Kitu deui sok dijadikeun tempat pengabdian mahasiswa UIN, UPI Cibiru nu bisa méré élmu ka para mustami sarta aya sababaraha  dosén nu remen ngeusian acara dina ‘Surabi’. “Insya Alloh tina kagiatan ‘Surabi’ ageung mangpaatna kanggo balaréa,”  Didi yakin. ***

Manglé 3018

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

BRI Masrahkeun Pakét Lebaran Pikeun PWI Jawa Barat

BANDUNG – BRI Regional Office Bandung ngaliwatan program “BRI Peduli-Berbagi Bahagia Bersama...

Katumbiri

Lawungan jeung Média, ISBI Bandung Medar Rarancang: Dies Natalis ka-57, Ngukuhkeun Dua Guru Besar Anyar, Tatahar UTBK-SNBT 2025

Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung baris ngagelar runtuyan kagiatan di bulan...

Katumbiri

Kiper Persib Manten Muka Soccer Academi

Kiper Persib Bandung musim 2010 – 2011, Markus Haris Maulana, ngalegaan ambahan...

KatumbiriWarta

Aswan Asep Wawan, SE. Kudu Babarengan Sangkan Cibiru Jadi Leuwih ‘Mantap’

Jumaah, 21 Maret 2025, lumangsung acara Résés anggota DPRD Kota Bandung, Aswan...