Carpon Ai Wawang
“Baku ari geus asup ka imah batur teu permisi téh. Cik atuh manéh téh, Suhadma, da geus kolot. Jajauheun ka uluk salam!” Imas kutuk gendeng ti dapur.
“Aya naon, Mas? Keun waé atuh da geus biasa ieuh, lain? Pamali deuih, ka kolot teu ditilaman. Kitu-kitu gé kapan kapi mamang!” Adang, salakina Imas nyampeurkeun. Tapi najan bari baeud gé teu burung Imas mangninyuhkeun cikopi dua cangkir, keur salakina jeung keur Suhadma. Cikopi ngebul kenéh ditanggeuy ka luar.
“Di luar ngopina, méh teu pabeulit, abdi badé masak. Tenang kituh ké dipangmungkuskeun keur bawaeun balik mah!” ceuk Imas bari sok neundeun baki dina mếja.
“Ka dieu sotéh, Ru, teu boga udud. Ménta dua rébu, ieu aya ti Nyi Ulis sawaréh.” Ngomongna teu leupas ti séréngéh. Ka Adang téh nyebutna ‘Ru’, geugeutna tina guru. Mang Suhadma mah amis budi. Ka sasaha gé teu weléh bari nyéréngéh.
Ari Imas najan sok jebras-jebris lamun Suhadma nganjang, tapi kana rejeki mah tara nyaah mikeun. Unggal aya Suhadma, duit keur bako-bako waé mah sok dikeupeulkeun. Atuh lamun aya dahareun sok ngahaja diwadahan. Kukuéhan pamulang nyambungan sok dikumpulkeun majar téh lebar, mending keur Suhadma.
Ngan Imas mah keuheulna lamun Suhadma asup ka imah, sok kawas jurig. Ujug-ujug blus baé asup. Jeung nu matak rujit, Suhadama kungsi wani mukakeun panto kamar, basa manéhna keur gogoléran luhur kasur. Bray, panto ujug-ujug muka. Lol, Suhadma bari nyéréngéh.. Atuh Imas ngoréjat bari ngagéréwék. “Suhadmaaa, cing atuh mikir, asup ka enggon batur heug keketrok heula, lain cungar-cengir!” kituna téh bari lung, Imas ngalungkeun dua kencring sarébuan.
Bari mulung kencring, Suhadma umat-imut. Aya ku ngarti ari Imas, manéhna teu boga sampo. Engké méméh jumaahan rék mandi diangir heula.
Suhadma nikreuh balik sakola. Késang luut-leet tina tarangna. Bajuna anu dekil rapet kana tonggong, jibreg.
Anjog ka imah kaayaan cara biasa, simpé. Bapana ngantor nepi ka soré. Suhadma teu sirikna meubeutkeun awakna kana golodog, bakating ku capé jeung lapar. Kulutrak, sora panto muka. Suhadma ngarénjag, laju ngalieuk. Ana bréh, wanoja geulis jangkung lenjang, buukna ngarumbay semet taktak. Longdrésna ngagapuy nutupan mumuncangan. Ari lebah dada katara lahak.
“Aéh, geuning Ama, hayu ka jero, mandi heula tuluy dahar!” ceuk wanoja anyar piananggih.
Suhadma ukur olohok, dina haténa tumanya. Saha éta awewe? Basa ngaliwat ka patengahan katempo bapana imut. Sinarieun bapa wayah kieu geus aya di imah? Ari éta awéwé saha? Suhadma galếcok dina hatếna.
Manéhna dituyun ku awéwé anyar pinanggih ka cai. Porosot, porosot baju Suhadma dilaanan. Byur, sirahna dikuyuk. Buukna disampoan. Sakujur awakna disabunan. Awéwé anyar pinanggih ngamandian manéhna. Longdrésna disingsatkeun semet pingping. Bari ngamandian téh teu eureun ngomong. Majar manéhna budak jorok. Semet ayeuna mah kudu getol mandi. Mun melid mandi moal dibéré dahar ku ibu, pokna ngaibukeun. Suhadma noroktok kabulusan.
Omongan awéwé anyar pinanggih sakapeung kadéngé, sakapeung henteu. Suhadma anteng ngararasakeun kani’matan anu teu biasa dina haténa. Ayeuna manéhna boga indung, enya si Ibu nu ngamandian manéhna. Geuning aya ku ni’mat ari boga indung, pamikir Suhadma.
Satuluyna saban poé Suhadma boga batur ulin, budak sapantaran manéhna sarua lalaki. Suhéndar, budak bawana si Ibu. Balik ti sakola sok geus nyampak dahareun, sangu haneut jeung deungeunna. Suhadma kungsi diomongan ku tatanggana, yén si Ibu téh indung téré, lila-lila mah sok bengis. Ngan manéhna teu percaya, si Ibu karasa kanyaahna.
“Mang, nyesep!” Adang ngasongkeun super sabungkus. Bari nyéréngéh Suhadma nyokot roko sabatang. Gap kana korék. Cekés, gur, serebung. Manéhna nyarandé kana tihang.
“Nuhun, Ru. Baheula amang ogé sok ngadaweung kieu bari nyesep téh ari maturan niis persidén Sukarno. Uuuh susuguhna ogé sur-sor katuangan ménak wungkul. Moal aya di kampung mah. Genah pisan jaman harita mah, Ru. Ngan hanjakal kaburu digerejud mangkeluk Suhếndar!”
Adang seuri konéng, teu ngawaro omongan Mang Suhadma, api-api serieus waé nempoan hapé. Ayeuna ngabustam persidén, mangkukna ngarahul jadi ajudan pahlawan Ahmad Yani Nasution. Miluan kumaha campuhna basa haliwu G 30 S PKI. Dasar nu rahul, ngaran Ahmad Yani mah kapan teu maké Nasution. Tapi Adang tara némbal sumawonna protés. Omongan Suhadma sok dihaminan waế. Ceuk barudak kiwari mah Suhadma tukang ngahalu. Pagawéan unggal usik ngalamun jeung ngarahul.
Tapi lamun Suhadma nyabit-nyabit perkara Suhéndar mah lain wadul. Adang ogé geus ma’lum. Tatu nu lawas geutah bontếngan deui, saban-saban Mang Suhadma nyabit ngaran Suhéndar, awakna sok ngageter, huntuna kekerot, rénghap ranjug. Ceuk dongếng kolotna Adang, kajadian harita namper na lelembutan Suhadma, moal bisa poho nepi ka puput umur gé.
Lalakon mangpuluh taun ka tukang anu ngalantarankeun Suhadma ilang wiwaha. Dihianat dua jalma nu pangdeukeutna. Asih jeung Suhếndar, dua jalma nu nancebkeun ruruhit rurujit dina lếngkob hatế Suhadma nu pangjerona.
Harita, nu sakola luhur jarang kếnếh. Hayang sakola menengah atas tếh kudu ka kota kabupatến. Suhadma ngora, dedeg sampé rupa hadé. Lulus sakola langsung digawé di kantor kacamatan. Atuh perkara wanoja, Suhadma bogoh ka anu kumaha waé kari milih. Tapi sanajan kitu Suhadma teu ngalajur napsu. Ngan hiji nu ngait dina atina, Asih, wanoja nu kaselir jadi batur hirupna ngambah sagara rumahtangga.
Suhadma melenyun udud, mani bangun anu dirarasakeun. Panonna peureum beunta. Sabot kitu Adang maling-maling moto nu udud. Pung, poto dikirimkeun di grup WA Kulawarga Besar Éyang Kondang. Dituturkeun kalimah pangateur, “Kasumpingan tamu agung, asistén Persidén Sukarno.”
Teu lila, ramé pada mairan.
“Suhadma keur naon cenah, Kang Guru?” baraya anu dumuk di Bandung nanyakeun.
“Biasa waé, Jang, ngontrol,” témbal Adang.
“Kadé titip, Yi, bisi taya anu ngurus daharna, watir! Wartoskeun cicing waé baturan Ibu Endén, asal daék sasapu buruan. Kanggo tuang mah babarengan waé sareng Ibu!” dulur anu di Jakarta mairan.
Adang cengkat babatek. Léos ka pawon. Suhadma imut. Nuturkeun ka dapur.
“Ru, amang rék mudun. Cikan geus asak kitu sangu, amang rék mekel,” pokna, bari laha-loho kana méja makan. Ragamang leungeunna rék nyomot semur jéngkol. Imas ngajerit.
“Suhadmaaa, awas ulah dicomot. Geuleuh. Ieu keur manéh mah geus dipalastikan. Nahaaa ari manéh botrok téh!”
“Hus, ulah kasar kitu, pamali!” Adang reuwaseun ngadéngé kekecapan pamajikanana.
“Atuda, leungeun kotor rék nyomot semur, teu kira-kira. Panan éta mah haturan Akang …,” témbal Imas bari jamotrot.
Demi Suhadma sakitu nu nyarékan nampeu ogé, ih da teu riuk-riuk. Kalah imut mingkin leleb. Komo basa nampanan bungkusan ti Imas mah, imutna gé bari rengkuh. Panonna anu surem neuteup anteb. Bungkusan diambeuan, laju manéhna ngalénghoy balik
Suhadma, jalema sasat teu jejeg. Loba anu rujiteun, tapi loba anu haat pada mikanyaah. Ngan ari Suhadma mah, ka anu ngéwaeun nepi ka laklak dasar nyarékan gé kapan ku manéhna mah saukur dibales ku nyéréngéh. Ninggang di ka jalma anu rujit mah, séréngéh Suhadma dianggapna ngahampas.
Kungsi kajadian Ulis Karma kumaha werana. Pelak kembang anu dipupusti ku pamajikanana, rupa-rupa tataleusan anu marahal meunang meuli ti kota, kasampak ruksak. Pamajikan Ulis ngawékwék di buruan bari mérésan potna nu patulayah. Dikoréh hayam piraku da pager buni sakurilingna. Ngan boga sangkaan pasti katinggang anu ngala daun kélor, sabab tangkal kélor kasampak purutul. Ngan saha, anu kumawani nutuhan dahan kélor di buruan?
Kaayaan keur panas, torojol tatanggana bébéja. Cenah, basa Ulis sakulwarga keur taya di imah, ka buruan aya Mang Suhadma nigasan dahan kélor. Basa ditaranya, cenah dititah Ulis méh caraang, sangkan kekembangan handapeunana kapoyanan panonpoé.
Atuh Ulis mesat bedog, keur mah ambek, disuluhan pamajikanana. Leumpang ngagégag, néangan Mang Suhadma. Di saungna teu kasampak. Disusul ka imah Ibu Endén ogé suwung. Ulis balik deui ka imah bati hanjelu, ambek kapegung.
Pasosoré, Ulis jeung pamajikanana keur nariis. Torojol téh Mang Suhadma manggul dingkul. Ti luar pager kénéh ogé geus nyéréngéh baé. Barang rét nempo Mang Suhadma, pamajikan Ulis ujug-ujug kasundut deui keuheulna.
“Manéh mah, teu beunang dipikanyaah. Ku kami digeténan téh kalah mulangtarima ku waduk!”
Suhadma imut. Nu ngambek teu dipiroséa.
“Nyi Ulis, cikan aya cikopi!” pokna, angger bari nyéréngéh.
Nyaho kakeuheulna teu dilayanan, pamajikan Ulis nyérénténg nyampeurkeun. “Ari manéh, ditanya ku aing kalah der ménta cikopi. Surungah-séréngéh gumasép, abong nu gejul lebokeun …,” Nyi Ulis teu kebat ngomongna, barang bréh nempo daun taleus rupa-rupa pulas jeung motip dina dingkul.
“Nyi Ulis, ieu uing meunang taleus nu aralus keur pelakeun dina pot geura. Pasti leuwih alus batan taleus-taleus anu tadi isuk ruksak ku uing,” Suhadma nyaritana halon nakeran.
Leleb neuteup Nyi Ulis anu dadak sakala marahmay. Nyi Ulis mingkin daréhdéh basa nempo tataleusan bawa Mang Suhadma aralus pulas jeung motipna. Keladi wayang, keladi barét aralus pisan. Leuwih alus batan koléksina salila ieu.
“Suhadmaaa, dasar budak atah adol. Dititah nyacaran jukut, kalah sagala dipiceunan! Angkrék kameumeut aing dikumahakeun?” Si Ibu ngabendéng. Curukna ngacir mh keuna kana siki panon Suhadma anu murungkut, andiprek dina taneuh.
Nempo Suhadma ngadégdeg, Si Ibu lain karunya. Kedewek kana awi sabeulah anu nanggeuh kana pager. Hiuk, gampleng, hiuk jebrod. Awi merekpek neungeulan bitis, tonggong Suhadma. Saawak-awak tinggaralang. Nyerina lain dikieuna. Batin Suhadma ceurik. Haténa tumanya, naha Si Ibu téh bageurna teu lila? Basa anyar amprok mah sakitu deudeuhna. Kadieunakeun Si Ibu jadi barangasan sahaok kadua gaplok. Teu kaop Suhadma salah, tara aya rasrasan pisan. Suhadma kacida nalangsana, teu boga batur pakumaha. Bapana kawas nu teu hayang nyahoeun, kumaha nasib anakna. Suhéndar, lamun nempo manéhna tunggara sok kalah ngancunan.
Wanci haneut moyan. Sakola keur peré. Kulawaga besar Éyang Kondang geus paheut rék botram leuleutikan kumpul kulawarga di imah Adang. Di pawon awéwé papada sibuk mantuan nu boga imah barang asakan.
Lalaki mah ngadon catur di sasaungan luhur balong.
Keur kitu, torojol Suhadma nyampeurkeun riungan lalaki. Biasa, ti kajauhan kénéh ogé geus nyéréngéh baé.
“Aduuuh ieu Pa Camat karék datang …,” Mang Ayếh ngamimitian ngélég Suhadma. Nu diélégna mah ukur nyéréngéh bari mapay sasalaman.
“Koperna bawa ka dieu, Mang, bisi aya anu maling. Mangka duit Brazil wungkul, lain?” Ulis ngingetan. Mang Suhadma ngarénjag. Berebet ka luar, nyokot buntelanana. Laju ditangkeup, dibawa ka jero saung. Bru, buntelanana ditunda di juru.
“Loba kénéh geuning duit Mamang téh?” Adang miluan nyarita. Mang Suhadma irungna rebéh.
“Bisi hidep barutuh mah, kop waé méré. Éta ogé sésa diinjeum Prabowo keur persiapan pilprés deui, jeung Juragan Bagja nu boga matrial di kota,” pokna.
Ayeuna mah giliran anu lian pating séréngéh. Suhadma sinarieun riukna alum. Teu lila ngagerendeng daria, “Mun hidep daraék nampa, jimat ti Persidén, Amang ayeuna mah geus tenang, amanat ti Persidén geus ditepikeun. Amang rék mulang! Husus keur nu percaya, Amang rék buka rusiah. Regepkeun, Amang lain heureuy. Duit Brazil jimat ti Persidén aya kénéh sakoper deui. Sakali deui husus keur jalma pinilih, nu percaya caritaan Amang, yap tuturkeun!” Adang sabatur-batur teu lémék.
Suhadma nguniang hudang. Leumpang bari hahariringan. Lebah pager méh ngadupak Akim nu angkaribung nanggung duwegan jeung manggaranana. “Jadol téh, Suhadma, sia mah baku ari leumpang teu ngadeléh téh!” panon Akim buncelik. Mang Suhadma males ku imut.
Leumpang ngaharémpoy muru ka dapur. Nempo para wanoja nu keur paropolah. Sinarieun, Suhadma teu wanieun asup. Manéhna ukur nogél na lawang panto, nyérangkeun nu digawé bari gogonjakan.
Léos, manéhna indit. Imas gegeroan bari ngacung-ngacung bungkusan sangu ogé teu dipaliré. Suhadma kebat leumpang, bari tungkul. Cipanonna beueus maseuhan dua kongkolak matana nu karijut. Tingkolếbat dina ciciptanna; balik gawé pasosoré, Asih kaperego keur digugulung Suhéndar. Nepi ka manếhna poho temah wadi. Abur-aburan lali ka kulawarga, ninggalkeun pagawéan, meuntas laut meuntas pulo. Hayang mopohokén kanyeri nu tacan lita dina bayahna.
Kumolếbat deui Si Ibu nu sideku, ménta wening atina ngahampura Suhếndar ulah nepi ka unggah balếwatangan. Meredih ka manếhna ngubur rasa kacintana. Anu antukna manếhna mendem sakabéh rarasaanana; rasa nyaah, rasa ceuceub, rasa cinta jeung kuciwa. Sakabéh rasa na atina dipendem, diurugan tujuh lapis bumi. Nepi ka rarasaanana jadi hampang.
Tapi najan awakna kiwari ngolotan, Suhadma sok asa héran, aya rasa nu teu bisa dipeper na atina, rasa asih. Asih ka wanoja anu seurina mirip Asih dina biwir Imas, anu soméahna siga Asih dina laku Nyi Ulis. Anu haneut tangkeupanana ningtrimkeum siga Asih dina rangkulan si Ibu. ***
Panineungan, pikeung Mang S.
Majalah edisi 3009
Leave a comment