Waragad mahal can tangtu nyugemakeun. Bisa jadi ku nu béayana murah malah sabalikna. Contona Taman Batu Padalarang nu umum pada nyebut Stone Garden di Citatah Kabupatén Banung Barat. Siga kumaha éta patempatan téh? ***
Keur nu teu payaan atawa epés-méér mah mending ulah nyoba-nyoba ulin ka Stone Garden anu perenahna aya di liliwatan jalan propinsi antara Padalarang jeung Cianjur téh. Sabab lian ti kudu kuat nanjakna, dina usum halodo hawa di sabudeur tempat wisata alam éta kacida panasna.
Tempat keur ngiuhan ukur aya saung anu henteu sabaraha loba, atawa upama embung kasorot panonpoé mah bisa cicing tukangeun batu-batu anu gedé, jarangkung sarta réa minangka ciri hasna Stone Garden.
Jalan saméméh asup ka tempat wisatana ogé sakapeung dilimpudan ku halimun anu sabenerna mah éta téh haseup jeung kebul anu ka luar tina pabrik pangolahan batu kapur anu ngajajar ampir di sapanjang jalan.

Tapi keur anu resep ulin ka alam mah lain halangan hal kitu téh. Buktina sanajan henteu abrul-abrulan siga ka tempat wisata séjénna, aya waé anu daratang. Rizal contona, urang Kota Bandung anu harita sempet ngobrol jeung Manglé. Ceuk Rizal, dirina panasaran hayang ulin ka Stone Garden téh.
“Ngan nembé ayeuna kalaksanakeun,” Rizal wakca.
Nurutkeun sababaraha sumber, Stones Garden mimiti ramé jadi obrolan nu mikaresep wisata murni alam téh taun 2014. Sakumaha biasana di tempat wisata, di Stone Garden gé aya warung najan teu loba, musola jeung salian ti éta.

Sadatangna wisatawan ka Stone Garden bakal disuguhan pamandangan anu béda jeung di tempat wisata séjénna. Balas leumpang nanjak anu jelas matak capé téh bakal kaubaran ku éndahna batu-batu anu ukuranana variatif sarta jadi ciri éta patempatan.
“Pokona ieu mah bénten sareng di tempat sanésna. Stone Garden mah leres-leres wisata alam murni,” Rizal sugema.

Méwah
Saluyu jeung ngaranna, amparan batu anu rupa-rupa ukuran jeung wangunna téh bakal karasa nengtremkeun haté anu sakaligus beuki nambahan rasa iman ka nu Nyiptakeunana. Wisatawan sakapeung moal percaya mun harita keur aya di Padalarang. Sabab batu-batu anu cenah ngandung formasi matématis téh bener-bener éndah.
Bisa kitu ceuk salah saurang juru parkir anu asli warga sabudeur tempat wisata, cenah baheulana pisan akibat tina prosés ayana situ di jaman purba. Nu jelas ceuk sababaraha bahasan dina internét, pamandangan Taman Batu atawa Stone Garden Padalarang téh kawas di Christmas Island Australia atawa lamun dina pilem mah siga tempat anu nyaritakeun di planét séjén.

Taman Batu Padalarang anu peresisna di luhur punclut Guha Pawon, aya di Kampung Girimulya, Désa Gunung Masigit Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat téh upama ditempuh ti puseur kota Bandung kurang leuwih 29 km. Bisa ngagunakeun beus umum jurusan Cianjur atawa Sukabumi ti terminal Leuwipanjang. Upama tumpak motor ngaliwat heula ka Cimahi, Padalarang, Situ Cibiruy kakara nepi ka nu dituju.
Pikeun anu resep popotrétan, alusna mun ulin ka Stone Garden téh burit. Di punclutna lian ti bisa ngawaskeun amparan batu-batu téh ogé bisa nyawang pamandangan ka jauhna.
Usahakeun ulah ngaleuwihan waktu nu geus ditangtukeun pédah resep kénéh ulin di dinya. Sabab mun geus burit pisan mah bakal loba monyét anu puluhan mungkin ratusan jumlahna laleumpang di jajalaneun rék ngampih ka tempatna masing-masing tingtérékél ka lamping gunung. Bisi panasaran, leuwih hadé buktikeun wé ku datang langsung. Stone Garden Citatah Padalarang kaasupna wisata murah tapi méwah. Nu kudu disiapkeun mah, méntal fisik anu kuat. ***
mangle 3010
Leave a comment