Ku mingkin réana kandaraan, macét di jalan geus lain hal nu matak ahéng deui. Ku hal éta, angkutan masal saperti karéta api jadi pilihan. Lain saukur murah, tapi aman. Komo kiwari mah jasa angkutan karétaapi téh geus profésional.
Tumpak karéta api jarak jauh jaman kiwari mah tong sieun teu kabagéan tempat diuk. Sabab sagala rupana geus diatur. Moal mungkin kaleuwihan panumpang. Malah mesen tikétna gé bisa langsung ku cara online.

Stasion leutik anu baheula mah kadang sok disebut halteu jadi ramé. Salah sahiji contona Stasion Cimekar anu perenahna di Cibiru Hilir, Kacamatan Cileunyi Kabupatén Bandung. Unggal poé ampir taya towongna ku panumpang anu rék tumpak jeung turun di éta stasion.
Stasion Cimekar nu kiwari mah kacida bersih jeung agréngna dipikabutuh pisan ku masarakat di sabudeureunana keur anu baroga gawé atawa aya kagiatan di Kota Bandung. Contona lamun hayang ulin ka Pasar Baru Kota Bandung, ku mayar Rp. 10.000,- keur indit jeung balik téh geus mahi. Bari aman, nyaman jeung lancar.
Nu mawa kandaraan ti imahna ka Cimekar, bisa diparkirkeun di stasion. Anu biaya parkirna gé kawilang murah deuih jeung aman pisan.

Ku sabab Stasion Cimekar lokasina deukeut jeung Masjid Al Jabbar nu kiwari pada ngadatangan ti mana-mana, keur masarakat sabudeur Padalarang, Cimahi di kulonna, kitu deui keur warga Cicaléngka, Cibatu di wétanna, jasa angkutan karéta api jadi pilihan nu utama.
“Nya lirén sareng naék téh di Cimekar. Margi ka Al Jabbar kantun ngajleng ceuk paripaosna mah,” ceuk Oki nu sababaraha waktu kaliwat nganteur rombongan Ibu-ibu ti Cimahi. ***
Manglé 3004
Leave a comment