Puriding Puringkak

Sora Ti Lapang

Saha teuing anu ngadon maén bal jeung saha deui anu lalajona? Sieun tapi panasaran. Kuring turun deui tina ranjang. Leumpang lalaunan bisi nu boga imah kagudagkeun. Geus aya di tukangeun hordéng, teu gancang nyingkabkeun hordéng. Sora ti lapang téh beuki harus.

Share
Puriding-Puringkak-Abdul-Kohar-SORA-TI-LAPANG
Share

Ku: Abdul Kohar 

Di imah pareum listrik. Balik ti masjid ngabandungan siaran radio anu ngajomantarakeun dongéng Sunda. Gantungdéngéeun jadina. Teu hayang incah pikeun néangan lilin jeung korék. Mending ngedeng bari ngadagoan caang deui. Di imah sorangan. Pamajikan jeung dua budak keur ngéndong di imah dulurna. Pikiran kuring ujug-ujug inget kana kajadian anu geus lila pisan, ka jaman keur SD.

Najan béda sakola, kuring wawuh ka Redi. Wawuh waktu keur Agustusan di lapang kacamatan. Kuring ulin ka imahna nepikeun ka burit. Hujan ngagebrét. Ku kolotna dititah ngéndong. Kabeneran poé isukna tanggal beureum. Ahad jeung Senén peré sakola. Kuring ngéndong bari teu bébéja ka kolot sabab can usum HP jiga ayeuna harita mah.

Betah di imahna najan aya di pakampungan. Hareupeun buruan imahna aya jalan koral. Béh dituna aya lapang anu pikeun kuring mah kakara manggihan. Mun hayang asup ka éta lapang kudu mudunan heula pudunan. Éta téh lapang maén bal ngan legana kabina-bina. Antara gawang hiji jeung gawang séjén téh jauh pisan. Ampir-ampir teu katempo gawang nu beulah kidul. Hilireun éta lapang aya gawir anu luhurna makam. Ari beulah girangna mah aya tangkal awi anu ngarunggunuk.

“Manéh sok maén bal di éta lapang?” tanya kuring.

“Langka,” témbalna.

Katurug manéhna kurang resep kana olahraga. Ceuk Redi, barudak anu aya di sabudeureun éta lapang gé langka maén bal. Paling dipaké téh di mana aya turnamén dina raraga HUT RI. Sakapeung dipaké ngadu bagong. 

Ukuran lapang téh leuwih ti normal. Kabayang capéna hayang ngasupkeun bal ka gawang lawan. Basa ku kuring ditempo ti sisi lapang, lapang téh euweuh jukutan. Taneuhna bareulah maklum tas usum halodo anu karék ditumbu ku usum hujan.

“Manéh betah cicing di dieu?” kuring ngolongan.

“Kurang betah. Beuki teu betah, komo ari usum hujan. Hayang cicing di tempat nu aya sisi jalan raya,” tembalna.

Méméh saré kuring jeung manéhna ngobrol ngalér ngidul. Di luar hujan kawas anu dicicikeun ti langit. Hawa anu tadi nyongkab jadi karasa seger. Hujan anu dianti-anti ku masarakat. Matak genah kana saré, haneut maké simbut kandel. Ari imah Redi wangunna panggung. Jadi dimana hayang ka cai téh kudu kaluar. Aya paragi mandi anu bentukna saung gigireun imahna. Hayang cai kudu nimba. Waktu beuki lila beuki peuting. Redi geus saré ari kuring masih nyileuk.

Masih hayang nyarita ngalér ngidul. Utamana ngeunaan kabiasaan warga di ieu tempat anu béda jauh jeung warga di tempat  kuring anu ngota. Hawa tiris, barangdahar jeung nginum waé ngajadikeun kuring hayang ngising. Buru-buru kaluar ti imah pikeun ngajugjug ka tempat mandi ngaliwatan panto dapur. Hujan kari aruyna, miripis.

“Sora saha éta?” gerentes haté basa rék kaluar ti kamer mandi.

Didéngé-déngé téh sada ti lapang. Rét ka lapang anu lega jeung poék, ti dinya pisan sora nu ibur téh. Jep, éta sora leungit. Ah, meureun dédéngéaan kuring anu ahéng nempo éta lapang anu sakitu legana. Sup ka jero imah ngaliwatan panto dapur. Asup ka kamer tukang tempat Redi saré.

Manéhna kérék mani nyegrek. Beuki matak jauh ka hayang saré. Sangkilang tadi beurang kuring jelas teu saré. Mantuan Redi nu sok mantuan ema jeung bapana nyieun papais sampeu nu dijual di pasar kacamatan.

Barang rék disimbut, kadéngé deui sora ti éta lapang. Kadéngé aya anu keur maén bal mani ramé. Kadéngé deui sora panongton anu nyumangetan ka tiap tim. Tingcorowok. Yakin ieu lain dédéngéan. Bet enya atuh dina wayah kieu aya anu maén bal. Nya peuting, poék jeung lapangna gé meureun laledok.

Saha teuing anu ngadon maén bal jeung saha deui anu lalajona? Sieun tapi panasaran. Kuring turun deui tina ranjang. Leumpang lalaunan bisi nu boga imah kagudagkeun. Geus aya di tukangeun hordéng, teu gancang nyingkabkeun hordéng. Sora ti lapang téh beuki harus.

Lalaunan bulu punduk carengkat. Hordéng dibuka. Jep sora gandéng ti lapang leungit. Ditutup deui, gandéng deui. Meunang sababraha balikan mah kitu jeung kitu. Hordéng ditutupkeun deui. Pikeun anu ka sakitu kalina, kuring muka deui hordéng pikeun ngulinkeun eta sora anu gandeng, ngan aya anu muncul dina kaca ayeuna mah.

“Waaaaa!!!!!!!” kuring ngagoak.

Deregdeg lumpat ka kamer. Sangkilang kuring tarik ngagoak sugan nu boga imah rék nyararing. Kalah beuki tibra saréna.

Tabuh 8 kuring balik ti imah Redi. Ema jeung bapana geus arindit ka pasar ti tas Subuh. Kuring balik leumpang rurusuhan. Liwat ka sisi lapang satékah polah embung ditempo. Soak ku sora anu sapeupeuting kadéngé jeung nu katempo tina kaca.

Waktu tadi kuring nyaritakeun tetempoan jeung dédéngéan tadi peuting, Redi mah kalem waé. Geus biasa cenah aya nu kitu teh. Éta lapang téh sanget. Aya anu ngageugeuhna. Ari anu ngageugeuhna teh siluman oray anu sok asup kana rungkun awi. Apal kitu mah meureun kuring moal ngéndong di imahna. 

“Astagfirullohal ‘adziim,” kuring narik napas.

Ngalamun téh lumayan panjang. Inget kajadianna geus puluhan taun kalarung. Listrik masih can caang. Hawar-hawar kadéngé aya anu ibur ti beulah tukang. Di dinya téh aya lapang voli. Tadi tas aya pertandingan antar désa. Resep wé lapang anu tadina kebon nu kuring jadi mangpaat.

Ngan ari nu olahragana kamalinaan mah kuring teu satuju. Kahayang teh ulah tepi ka reup-reupan. Méméh adan Magrib kudu geus anggeus, sangkan kaburu solat Magrib berjamaah. Ieu mah adzan Magrib geus anggeus gé, kalah caricing heula sisi lapang bari maén HP. Kudu saimbang antara dunya jeung aherat, antara jasmani jeung ruhani.

Imah nu aya di gigireun kuring keur areuweuh. Ayeuna usum anu hajat, meureun keur barabantu di dulurna séwang-séwangan anu keur kariaan. Aya anu tadi inditna, aya ogé anu geus ti poé kamarina indit ka lembur dulurna. Ayeuna keur peré sakola, barudak marilu jeung kolotna.

Kuring curinghak. Sada aya anu keur voli dina kaayaan geus liwat waktu Isya. Dua ceuli ditutup tapi anéhna téh angger kadéngé malah beuki tarik. Cengkat tina sofa muru kamer tengah. Nyokot korsi plastik, terus ditunda di  luhur éta meja. Rék nempo kaluar ngaliwatan kaca anu luhur. Ah, kapan ieu téh poék nya. Maké sénter HP moal jelas ieuh. 

Sora anu ibur ngadadak leungit waktu kuring tadarus. Dina kaayaan poék kuring tadarus di kamer tengah dicaangan ku senter tina HP. Bérés tadarus  karasa tunduh. Tadi beurang ngurus balong nyorangan waé. Teuing rék jam sabaraha caang deui listrik. 

“Innalillahi wa inna ilaihi roji’un,” gerentes haté basa geus nyaring dina kaayaan caang deui. 

Dina WA aya béja ti barudak nu tadi voli yen aya kacilakaan. Barudak ti désa tatangga anu tas voli tabrakan jeung treuk anu nyemprung. Kabéhanna maraot baloboran getih tepika tiwasna. Nu gandeng ti lapang kadéngé deui. Boa éta téh riwan atawa jurigna nya? Ret kana jam dinding anu ngadaplok dina témbok. Waktu nuduhkeun pukul 12 kurang lima menit. Hayang temen kaluar ti imah, nyampeurkeun pamajikan ka lembur dulurna. Euweuh batur, nyorangan ngadédéngékeun sora anu gandeng ti lapang voli.

Abdul Kohar

Guru PAI

SDN 2 Ciakar

Gereba – Cipaku – Ciamis 46252

Edisi majalah 2967

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Puriding Puringkak

Sanggeus 24 Taun

Meureun nu peuting téh hayang ulin jeung alo kuring, nu sok padahal...

Puriding Puringkak

Orok Leungit Tina Aisan

Ku Agus Mulyana Dicarék éta ogé ku mitohana mah. Ulah waka mulang,...

ilustrasi puriding puringkak
Puriding Puringkak

Datangna Alatan Diondang

Imah nu mimitina tingtrim téh jadi kacirina geueuman saprak dicicingan ku pangeusi...

Puriding Puringkak 3006
Puriding Puringkak

Nu Ngageugeuh Rohang Kelas Tilu

Ku: Komala Sutha BAKU ari geus maksa téh. Éka, budak cikal Agus...