Kota Bandung – SMKN 5 Bandung téh jadi LSP P1 (Lembaga Sertifikasi Profesi Pihak 1) pikeun ngalaksanakeun Uji Kompetensi Keahlian (UKK) ka para siswa. Lian ti keur internal, siswa sakola lian gé bisa miluan. Hal éta dikuatan ku SMK Jejaring. Assesor SMKN 5 Bandung nguji kompetensi para siswa SMK.
Wakil Kepala Bidang Kesiswaan SMKN 5 Bandung, Kiki Rahmat Nugraha. S.Pd., nétélakeun yén SMK Jejaring LSP P1 téh keur jurusan Teknik Komputer Jaringan (TKJ). Da éta jurusan téh ampir aya di unggal SMK. Demi jurusan nu aya di SMKN 5 Bandung téh wincikanana: Desain Permodelan dan Informasi Bangunan (DPIB), Teknik Konstruksi dan Perumahan (TKP), Teknik Geomatika, Teknik Komputer Jaringan (TKJ), Kimia Analisis (KA), jeung Produksi Film (Profil). Lian ti TKJ, jurusan lianna mah ngan aya di sababaraha sakola.
“Alhamdulillah SMKN 5 Bandung tas diangken ku LPJK PUPR (Lembaga Pengembangan Jasa Konstruksi Pekerjaan Umum Perumahan Rakyat) pikeun ngalaksanakeun LSP P1 Konstruksi,” ceuk Kiki basa diwawancara ku Manglé di SMKN 5 Bandung Jl. Bojongkonéng No. 37A Bandung, Sukapada, Cibeunying Kidul, Kota Bandung, Juma’ah (17/1/2025).


Kiki ngémbohan yén dina bulan Fébruari (Uji Kompetensi Keahlian) UKK dilaksanakeun keur jurusan Produksi Film, Teknik Konstruksi dan Perumahan, jeung Kimia Analisis. Demi di bulan April mah UKK keur jurusan Teknik Geomatika, Desain Permodelan dan Informasi Bangunan, Teknik komputer jaringan. Éta UKK téh pamilonna siswa kelas 12.
“Nuju ditataharkeun dugi ka asal palaksanaan UKK téh. Margi sertifikasi profési téh bagian tina tarékah medalkeun lulusan unggulan,” ceuk Kiki tandes naker.
Palebah nataharkeun Sumber Daya Manusa (SDM) mah, ceuk éta guru Teknik Geomatika, di unggal jurusan nu aya di SMKN 5 Bandung téh, tas miboga guru nu ngantongan sertifikasi keur nguji. Atuh dina mekelan siswa saacan prung dina UKK, écés Kiki, tas baroga programna séwang-séwangan.
Di Teknik Geomatika upamana, éta jurusan téh rukun gawé jeung Kecamatan Cibeunying dina program ngukur batas wilayah kelurahan. Nu tas diukur téh Kelurahan Sukapada jeung Padasuka. Nu ayeuna keur dikeureuyeuh téh ngukur batas wilayah kelurahan Pasirlayung. Sagigireun éta, siswa Geomatika gé migawé site plane sakola, nu taun 2024 tas bérés téh SD Cimuncang, SD Cicadas, jeung SD Gatot Subroto. Taun ayeuna keur site plane migawé SMAN 10 Bandung.
“Éta bagian tina pangabdian ka masarakat, sarta pangajaran prakték ka siswa. Rukun gawé sareng Kecamatan Cibeunying téh tas lumangsung tilu taun. Tina 6 kelurahan, tilu parantos, tilu deui teu acan nyaéta Kelurahan Cikutra, Cicadas, Sukamulya,” pokna.


Nataharkeun siswa gé ti mimiti asup. Nu mana diseukeutanana di kelas 11 ngalaksanakeun PLS (Pembelajaran Luar Sekolah). PLS Teknik Geomatika digelar bulan April nu jejerna Kémah Kerja di Bukit Moko, Cimenyan, Kabupatén Bandung. Para siswa diajar mengukur lahan warga, kalayan mimitran jeung perusahaan pikeun validasi. Laju di kelas 12 siswa miluan PJBL (Project Based Learning).
“Préstasi akademik saé, angot ditambihan ku préstasi di luar mah. Pihak sakola ngarojong pisan ka siswa nu ngiring féstival atanapi pasanggiri di luar sakola,” ceuk Kiki bangun sumanget.
Cara siswa jurusan Produksi Film nu nyangking préstasi tingkat nasional Indiefest 2024 Club Lobi Film Universitas Pakuan Bogor. Diiluan ku 66 sakola nu midangkeun 88 film, Siswa SMKN 5 Bandung ngaliwatan Film Tabiat Angka nyangking pangajén juara Ide Cerita Terbaik, juara Penata Gambar Terbaik, juara Editor Terbaik, juara Aktor Terbaik. ***
Leave a comment