Kota Bandung – Kamekaran dunya industri ditandaan ku pakakas modern kalayan ngamangpaatkeun téhnologi kiwari. Tangtu butuh pagawé nu daria. Nilik kana hal éta, lulusan SMK téh bakal katinggaleun upama masih maké alat prakték heubeul sarta tioti-tiori mangsa ka tukang. Pikeun narékahan sangkan sakola bisa medalkeun lulusan nu kamahéranana dipikabutuh ku dunya industri kiwari, nya carana ngalarapkeun teaching factory.
Hal éta ditepikeun ku Kepala SMK PU Negeri Bandung Asep Taryudin, S.Pd.,M.Pd. nurutkeun Asep, kamekaran dunya usaha jeung industri téh mingkin mesat baé. Atuh sakola diperedih pikeun bisa mapakan.
“Pikeun mayunan tangtangan éta, SMK PU Negeri Bandung ngahangkeutkeun kana ningkatkeun kompeténsi siswa sangkan tiasa nuturkeun kamekaran dunya usaha sareng industri kiwari. Salah sahijina mimitran sareng pihak dunya usaha sareng industri,” ceuk Asep basa diwawancara ku média nu aub dina Forum Wartawan Pendidikan Jawa Barat di kampus SMK PU Bandung Jl Garut No. 10 Kota Bandung (09/01/2025).
Anapon jurusan di SMK PU Bandung téh nyaéta: Teknik Geomatika, Desain Pemodelan dan Informasi Bangunan (DPIB), Teknik Mesin (TM), Teknik Jaringan Komputer dan Telekomunikasi (TJKT), Teknik Instalasi Tenaga Listrik (TITL), Teknik Kendaraan Ringan Otomotif (TKRO). Total siswa 1278, guru jeung staf mah jumlahna 148.

Wangun rukun gawé téh nyaéta Prakték Kerja Lapangan (PKL) jeung guru tamu. Lian ti ngatik siswa di tempat pagawéan, ku ayana guru tamu mah bisa ngaraketkeun kolaborasi sarta sinkronisasi informasi. Utamana patali jeung hal-hal nu dibutuhkeun di dunya usaha jeung industri. Sagigireun éta, écés Asep, dina raraga ningkatkeun kompeténsi guru gé dilaksanakeun program guru magang di perusahaan.
“Informasi nu didugikeun ku pihak perusahaan téh tiasa disaluyukeun sareng program-program sakola. Ku kituna dilarapkeun teaching factory,” ceuk Asep tandes naker.
Teaching factory nu dilaksanakeun di SMK PU Negeri Bandung téh tas nyumponan syarat. Ngan masih sing sarwa kawatesanan upama nilik kana kaayaan parusahaan kiwari nu ngamangpaatkeun pakakas modern. Pikeun nyadap élmuna, ceuk Asep, pihakna kolaborasi jeung sababaraha perusahan.
“Palaksanan program teaching factory téh siswa diajar di perusahaan sacara langsung tanpa ngantunkeun tugas-tugas sakola. Dirarancang sapuratina supados siswa téh tiasa ngiringan program pangajaran di sakola, sareng tiasa ngalaksanakeun program teaching factory,” pokna.
Asep ngémbohan yén di SMK PU Negeri Bandung gé aya bursa kerja, kelas enterpreneur, ningkatkan ajén layanan. Sagalana kaunggel dina rarancang, palaksanaan, ngatik karakter, ningkatkeun kualitas palayanan, sarana prasarana. Upama sakabéhna kacumponan mah siswa gé bakal kompéten tur betah di sakola nu jadi imah kadua.Tas kitu mah SMK PU Negeri Bandung bisa medalkeun lulusan unggulan nu babari digawé, daria wirausaha. Tingkat nuluykeun pendidikan gé nepi 20%. Samalah aya lulusan nu katarima di Teknik Sipil Institut Teknologi Bandung.***
Leave a comment