Home Gaya Hirup Implik-implik Sisindiran Sanggar Agis
Implik-implik

Sisindiran Sanggar Agis

Sisindiran lain hal anyar pikeun urang Sunda mah. Tapi nu katara atawa kasaksén paling ukur dina televisi lokal, nu tangtuna arang kalalajoan ku kaum milénial mah.

Share
Implaik Sisindiran SIDAK 1 maneuh unggal saptu
Implaik Sisindiran SIDAK 1 maneuh unggal saptu
Share

Hayang Ngamasarakatkeun Sisindiran

Teu wanoh nya moal bogoh. Kitu kana sisindiran ogé. Kumaha carana sangkan sisindiran dipikawanoh jeung dipikaresep? Manglé ngobrol jeung Abah Boy Dirdja, pupuhu Sanggar Agis nu ti taun 2021 ngadegkeun paguyuban sisindiran.

Sisindiran lain hal anyar pikeun urang Sunda mah. Tapi nu katara atawa kasaksén paling ukur dina televisi lokal, nu tangtuna arang kalalajoan ku kaum milénial mah. Komo ku mahabuna média sosial saperti You Tube, televisi téh kiwari mah lain jadi pilihan utama anu dilalajoan.

Ku hal éta, sababaraha grup atawa paguyuban sisindiran terus bajuang sangkan sisindiran ngamasarakat. Malah hayang bisa katarima ku kaum milénial. Salah sahijina Sanggar Agis pingpinan Boy Dirdja atawa sok disebut ogé Abah Oboy.

Boy Dirdja

Ceuk Abah Oboy, ngadegkeun Sanggar Agis taun 2021 téh hayang ngahirupkeun deui sisindiran nu kungsi moyan dina televisi. Nu baheula sok diarep arep ku nu lalajo.

Diaku ku Abah Oboy henteu gampang hayang ngajanggélékkeun hal saperti kitu téh. Tapi ku tekad jeung sumanget nu masih nyangkaruk dina sanubarina, bari kasartaan ku bogana bekel inyana minangka wedalan Caraka Sundanologi, antukna sisindiran bisa makalangan deui dina televisi.

“Alhamdulillah tiasa midang maneuh dina “SIDAK” Sisindiran Di AKTV, unggal dinten Saptu sonten,” ceuk Abah Oboy pertengahan Januari 2024, di panganjrekanana anu sakaligus sanggarna, Jalan Sadang No 43, Cinunuk Cileunyi, Kabupatén Bandung.

Sawatara ayeuna ceuk Boy Dirdja, anggota anu aktip di sanggarna 27 jalma anu 15 diantarana sénior wungkul saentragan jeung dirina. 

“Sésana mah katambihan ku anggota anu aranom. Salah sawiosna Ibu Erna Steven,” ceuk Abah Oboy.

Abah Oboy ngaku boga pangajén husus ka Erna Steven mah. Punten punten cenah, sanajan Ibu Erna lain pituin urang Sunda, tapi kanyaahna sarta sumangetna kana budaya Sunda saperti kana sisindiran, perlu meunang aprésiasi anu hadé pisan.

Malahan putrana ogé, Bethania kiwari diajar budaya Sunda. Ayeuna téh maneuh latihan di Padépokan Seni Mayang Sunda.

Tapi Erna ngaku, kana budaya Sunda mah diajar pisan. “Nya Abah Oboy salah sawios guru sim kuring,” Erna wakca.

SIDAK

Sawatara ayeuna paguyuban sisindiran ti Sanggar Agis mintonna ukur ngeusian acara dina televisi. Nyaéta dina acara SIDAK (Sisindiran Di AKTV), unggal Saptu soré jam 14.30 WIB. Tapi ku kakara sakitu gé geus ngabungahkeun ka Boy Dirdja jeung sakabéh anggotana.

“Margi intina mah hoyong ngamumulé budaya Sunda sareng ngawanohkeun ka générasi milénial, yén sanés urang Melayu waé nu tiasa Berbalas Pantun. Di Jawa Barat gé gaduh sisindiran,” Bah Dirdja sumanget.

Ngan diaku ku Boy Dirdja, soal sisindiran mah awalna nya ti Caraka Sundanologi. Ku sabab pakeum sabab pupuhuna ngantunkeun dunya, sarta kiwari anggotana jarang kumpul, “Nya lahaola sim kuring ngadegkeun Sanggar Agis. Nu anggotana seuseueurna mah masih ti Caraka Sundanologi,” ceuk Bah Dirdja deui. 

Latihanana ceuk Abah Oboy nyaéta unggal rék manggung dina televisi waé. Hal kitu ku sabab masing masing anggota anu boga kasibukan séwang séwangan sarta imahna anu jauh ti sanggar.

Nurutkeun Boy Dirdja (58 taun) réspon masarakat kana sisindiran bisa disebutkeun lumayan. Buktina unggal rék minton kana televisi sok aya waé anggota anyar anu biasana mah babaturan anggotana anu aktip téa.

Wallohu alam bener bener resep jeung henteuna mah. Atawa mungkin waé ngan saukur hayang midang dina televisi. Sabab dua tilu minton kana televisi, sok lusles deui. Béda jeung anggota anu 27 jalma téa.

Tapi ari barudak sakola pantaran SMP jeung SMA mah sok aya waé anu datang ka sanggarna. Nu dianteur ku kolotna ngahajakeun hayang diajar sisindiran. Kadang ti nu jauh pisan. Keur Bah Dirdja, sakitu gé geus matak bungah. Hartina budaya titinggal karuhun téh masih aya anu maliré sarta mimiti dipikaresep ku kaum  milénial.

“Mudah-mudahan ku seringna Sanggar Agis minton dina televisi, sisindiran nu kungsi jaya kapungkur téh sing langkung jaya deui,” Boy Dirdja nutup obrolan. *** (éép nr)

Edisi majalah 2965

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Implik-implik

Banjarmasin Kota Sarébu Walungan

Unggal daérah atawa kota sok boga jujuluk. Contona Garut nu sok disebut...

Implik-implik

Lalampahan ka Prambanan

Candi Prambanan geus kasohor ka mamana. Pada ngadatangan lain waé ku wisatawan...

Implik-implik

Tebing Karaton Éndahna Pamandangan di Lamping Gunung

Tebing Keraton atawa Tebing Karaton mangrupa déstinasi wisata bagian tina Taman Hutan...

Implik-implik

Abah Udin Milu Ngaramékeun Pasar Kopi di Tatar Jabar

Keur sabagian jalma, kopi dianggap jadi kabutuh nu utama. Malah nginum kopi...