Upama ngadéngé kecap gawé bareng, sok ras kana pupuh pucung. “Utamana jalma kudu réa batur”. Éta padalisan munggaran téh, diteruskeun kana padalisan satuluyna kalayan dipungkas ku padalisan,”Budi akal lantaran ti pada jalma!”
Kekecapan nu pinuh ku papatah kawas kitu téh, bisa dilarapkeun dina rupa-rupa kagiatan. Cindekna mah, bisa dilpaké di mana waé jeung iraha waé, sarta dina widang naon waé. Da, mémang, geusan ngahontal udagan masing-masing gé, mikabutuh pangrojong pihak séjén.
Sawatara poé ka tukang, Senén, 23 Désémber 2024 ,Manglé kasumpingan tamu ti Rumah Aspirasi Berdaya nu gedé katineungna kana basa jeung Budaya Sunda. Éta pakumpulan nu sekretariatna di Jalan Cihampelas, Cipaganti, Coblong, Kota Bandung, Jawa Barat téh boga karep ngayakeun kagiatan dina ngareuah-reuan Poe Basa Indung, 21 Februari 2025. Nu nyemah ka Redaksi Mangle téh ais pangampih éta pakumpulan, ti antarana, Pupuhu Umum (Déwi Daryati), Pupuhu (Rahadian “Wiro”), Ketua Koordinator Bidang (Iwan Slamet Nugraha), sareng Calagara Paméran (Yadi Wahyudi).
Ari keur ais pangampih ieu majalah, silih deudeul kagiatan téh kacida pentingna. Apan, mayengna Manglé terus medal gé ti antarana, cukang lantaranana mah, pangrojong mitra-mitrana téa. Atuh, dina waktuna aya pihak séjén mikabutuh pangrojong ti Manglé, insya Alloh ais pangampih ieu majalah gé milu ngarojong luyu jeung kamampuh sarta kalungguhanana salaku media massa basa Sunda.
Ngahijikeun rupa-rupa poténsi jeung kakuatan geusan ngawujudkeun garapan gawé mémang perelu pisan. Komo deui kagiatan-kagiatan nu patali jeung basa katut budaya Sunda mah, modal kanyaah téh, lain lalaworakeuneun, da malah teu weléh jadi andelan. (*)
Edisi majalah: 3009
Leave a comment