Home Atikan Budaya Seni Ibing Ronggeng
Budaya

Seni Ibing Ronggeng

Ngeunaan kasenian ibing ronggéng, sok sanajan teu ngalalakon siga wayang  golék, drama atawa sandéwara, tapi ku lantaran ngilukeun nu lalajo jadi bagian tina pagelaran, jadi wé tara kurang nu ngalalajoan.

Share
budaya ronggeng pangandaran
Share

Ditulis ku: Ummi Annadzriel

Antara taun 1970-1980, lamun aya nu kariaan di lembur sok tatanggapan minangka pikeun ngahibur nu daratang nyambungan, itung-itung ngabagéakeun sigana mah. Harita aya sababaraha rupa kasenian nu kaitung rada remen ditanggap téh, di antarana baé  wayang golék, seni réog anu ditéma ku bobodoran jeung drama, sandéwara Sunda, jeung ibing ronggéng.

Kasenian anu ditataan di luhur téh henteu manggung saban aya balandongan, tapi sok piligenti kumaha kamampuh nu kariaan da tangtuna teu sarua harga séwana ogé. Anu dimaksud piligenti téh lain hartina di hiji balandongan nanggap kabéh éta pintonan kasenian, tapi dina sajero taun anu kitu téh nya minangkana éta anu kaitung remen ditanggap ku nu kariaan.

Lamun keur raresep kana wayang golék, ampir di saban balandongan nanggap seni wayang golék. Ganti taun ganti deui karesep nu kariaan téh ku réog atawa nu séjénna. Kitu jeung kitu wé aya piligentina aya siklusna.

Ngeunaan kasenian ibing ronggéng, sok sanajan teu ngalalakon siga wayang  golék, drama atawa sandéwara, tapi ku lantaran ngilukeun nu lalajo jadi bagian tina pagelaran, jadi wé tara kurang nu ngalalajoan. Ti bada isa parat nepi ka janari tara ngurangan anu lalajona téh.

Jaman harita mah teu kudu natanyakeun naon hiburanana di nu kariaan téh, sabab ku nempo  bentuk balandonganana ogé geus bisa katorah ku nu liwat ngeunaan naon hiburanana. Lamun katempo panggungna jangkung bari aya gedebong cau ngagolér, geus pasti nu kariaan téh bakal nanggap wayang golék. Tah, lamun panggung jangkungna ukur saluhureun tuur lalaki déwasa bari hareupeun panggung geus didadamparan ku anyaman daun kawung, geus pasti nu kariaan téh hiburanana bakal nanggap ronggéng.

Resep naker ka ronggéng téh. Barisaan dangdan. Ti mimiti dimik-ap, masang gelung (sanggul) jeung nyasak buuk nepika maké samping jeung kabayana éstu ku sorangan, teu kungsi dibantuan ku ahli rias atawa salon kageulisan.

Duka ti iraha mimitina kasenian ronggéng anu jaman ayeuna mah robah ngaranna jadi seni ibing jadi kasenian anu ngabudaya di lembur. Ronggéng wé wungkul taya kecap panumbu séjén teu maké kecap amén tukangeunana.

pagelaran ronggeng amen
Pagelaran Ronggeng Amen

Keur budak mah tacan apal ieuh yén ronggéng téh aya dua rupa. Aya ronggéng amén, aya ogé ronggéng gunung. Apal téh ka dieunakeun sabada sok amprok jeung buku bacaan.

Lamun cék ujaring carita, ronggéng gunung mah ngarupakeun hiji cara nyamurna Dewi Siti Samboja anu disarengan ku para ponggawa nu nyésa ti karaton dina raraga ngaguliksek wadya balad bajo anu geus maragatkeun nyawa ingkang carogé kersana Raja Anggalarang nu nuju ngabahudenda di kadaton Pananjung harita.

Dewi Siti Samboja katut para ponggawana nyamur jadi rombongan tukang ibing bari teu némbongkeun jati dirina. Anjeunna nyamur nganggo panganggo pameget, matak dina derna ngibing, saréréa ditutupan ku sarung, sangkan teu témbong nu mana istri nu mana pameget.

Ari ronggéng amén anu sok disebut ogé tayuban mah taya harib-harib kana kasenian ronggéng gunung, boh nu ngibingna boh nayaga tur waditra pangiringna. Malah mah kawih pangiringnana ogé taya nu mémper.

Kasenian ibing ronggéng ngabogaan pakem nu mandiri. Boh ibingna boh kawih pangiringna. Ti mimiti prak nepi ka tamat téh aya sababaraha istilah.

Tatalu, nyaéta gending bubuka nu teu dipirig ku haleuang juru kawih.Tujuanana pikeun mikat atawa narik ati nu rék lalajo sangkan anu masih kénéh di imahna séwang-séwangan atawa nu masih di perjalanan gura-giru muru ka lokasi. Lian ti éta, ogé bari nungguan juru kawih jeung ronggéngna bérés dangdan. Biasana waktuna tatalu téh lumangsung kurang leuwih sajam. Ti beurang mah sok ti tabuh sapuluh tepi ka tabuh sabelasan, mun tipeuting mah ti bada isa nepi ka tabuh salapanan.

Tamat tatalu biasana juru kawih jeung ronggéng alias juru ibing téh geus ngabaris diuk hareupeun nu lalajo nukangan panayagan. Ronggéng mah disadiaan korsi handapeun panggung, ari juru kawihna mah émok andéprok di luhur panggung, nukangan tukang kendang katut panayagan séjénna.

Satuluyna aya kawih pangranéh sababaraha lagu minangka kawih panghurmat ka tatamu, ari para juru ibing alias ronggéng tatahar pikeun ngalaksanakeun ibing lulugu.

Ibing lulugu téh mimiti nu dipintonkeun ku juru ibing, mangrupa ibingan sri panggung, anu pirigan rumpaka laguna maké lagu gedé, ti mimiti gawil, badaya, jeung nu séjénna katut ka lagu dengkleung gé aya.   Ari ibinganana mangrupia ibing baksa nyaéta ibing panghurmat ti rombongan ka sakumna nu lalajo.

Ti dinya ditumbu ku ibing sodér, nyaéta ibingan juru sodér nu dikawal ku juru ibing kénca katuhu. Juru sodér téh biasana sok lalaki. Dina ibing sodér atawa ilahar disebut nyodéran, posisi ngibing juru sodér di tengah bari nyepeng  baki dieusi tilepan sodér, nyaéta karembong atawa saléndang. Ari pola ibinganana nyaéta gawil satria, papalayon atawa satria lungguh, bisa ogé ponggawaan atawa macan ucul.

Saha waé nu sok narima sodér? Sodér téh mangrupa bukti panghurmat, biasana sok dimimitian ku ngahurmat nu hajat katut piri umpina.

Laju dina ibingan babak saterusna mah sodér téh dipaparinkeun ka pupuhu lembur anu ngabahudenda ngokolakeun nagara. Di lembur jaman harita saacan camat jeung kuwu sok diheulakeun pejabat ti Departemen Pendidikan dan Kebudayaan nyaéta penilik kebudayaan. Jaman harita, atasan langsung para pelaku seni téh taya lian ti penilik kebudayaan. Idin ramé-ramé jeung idin manggung téh aya dina kakawasaan penilik kebudayaan.

Dina émprona derna ngibing, sakur anu narima sodér bisa waé ngawakilkeun ka nu lian ari maranéhna teu bisa jeung teu biasa ngibing mah.

Carana? Karémbong sodér téh dikongkoyangkeun ka nu sakirana bisa nyuluran ngibing.

Lian ti éta, nu nampa sodér téh bisa ogé ngajakan nu lian pikeun maturan ngibing ku cara nepak nu lalajo ku karémbong dibarung rengkuh tur ngamanggakeun ku dua indung leungeun. Panghurmat tapi teu maksa. Anu ditawaran lamun daék tinggal nangtung laju ngagabung ka pakalangan. Méméh prak ngibing téh ngarengkuhkeun heula awak bari nyodorkeun dua jempol minangka.kodeu ménta idin ngagabung ka nu geus hémpak leuwih ti heula.

Ibingan téh rupa-rupa, aya nu disebut ibing réndéngan nyaéta nu ngibing ngaréndéng tur ngalingkung ngabentuk lingkaran. Pola ibingana ngaréndéng patutur-tutur maju saarah jarum jam.

Satutasna ibing réndéngan aya sambungan kana pola ibingan séjénna saperti gersik, kosongan alias waledan, ibing kaléran (papasangan), aya ogé ibing rincik-rincik.

Jaman harita mah kawantu tacan usum listrik, harianeun aya gejet dalah nyaangan balandongan ogé pan ukur ku damar patromak.

Pon kitu deui anu rék lalajo, kundang obor téh lain babasaan. Aya kalana tilu obor kaopat nepi bakating ku jauh.

Najan jauh misah lembur bari kawates walungan teu ieuh jadi hahalang, sésélékét mapay walahar muru-muru sasak awi pameuntasan. Sigana mah bakating ku langkana manggih hiburan nu matak nepi ka kituna téh.

Sok sanajan kaayaan walurat tapi palebah silih hurmat mah karasa pisan. Tara aya nu seseledek, ngarasa boga hak nu sarua najan ukur dina acara hiburan ogé. Nu lalajo ngahargaan ka nu boga hajat, atuh pon kitu deui rombongan senina ogé ngahurmat ka nu ngondang tur ka nu ngidinan.

Ninggang di kiwari mah da geuning matak olohok mata simeuteun. Éta nu ngibingan ronggéng, jol sup ka balandongan, ketempreng wé ngagabung nyelap gigireun nu séjén. Malah mah lamun geus pinuh lingkaran kahiji der wé nyieun deui lingkaran luareunana. Palebah lagu pangiring ogé, bisa rekés lagu dangdut sagala pan.

Palebah resep ka ronggéng nepi ka ayeuna ogé angger resep najan tara atawa tacan kungsi milu ngibingan. Résép ku barisa dangdanna jeung ku cara ngibingna. Malah mah diémbohan ku kareueus deuih ka generasi Z nu masih kénéh daék diajar nyatrik diajar bagbagan ibing romggéng.***

(Pasisian Pangandaran, Pebuari 2024)

Edisi majalah: 2975

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Pedaran Budaya-Batik Trusmi
Budaya

Trusmi, Puseur Batik Cirebonan

Ku: Ceuceu Gumilang Sing saha nu kungsi ulin ka wewengkon Cirebon nu...

BMKG
Budaya

BMKG Nalingakeun Galagat Alam

Ku : Edoy Suhendar Lamun karasa aya lini, nu didagoan ku masarakat...

tradisi badud
Budaya

Badud, Hirup Teu Neut Paeh Teu Hos

Ditulis ku: Ummi Annadzriel Wanoh jeung seni badud téh mareng jeung apal...

Hidroponik Tatanén Téréh Panén
Budaya

Hidroponik Tatanén Téréh Panén

Ku: Edoy Suhendar Naha enya tatanén hidroponik téréh ka panén? Enya. Sababna,...