Saliwat gé katawis tina jenenganana, Selina Kuo mah jelas sanés urang Sunda. Tapi tos lami cicing di Jawa Barat. Bumina gé di Jalan Mekar Sederhana, Mekarwangi Bandung.
Lahir di Magetan, Jawa Timur 14 April 2009, kiwari Selina nu sapopoé pada nyebut Nonik atawa Selin téh sakola di SMA Harapan Kasih kelas X Bandung.
Lamun di sakolana mah Nonik téh mikaresep pisan kana pelajaran olahraga, seni rupa, musik, Basa Inggris jeung Basa Mandarin. Tapi di saluareun éta Nonik ogé resep pisan kana akting, dance jeung fotoshot. Teu anéh lamun Selina sababaraha kali nyangking juara.

“Kantos janten Finalis Serena, Juara 1 Foto Genic, Juara Favorite Foto Genic, Juara 1 Grup Dance sareng Finalis JKT 48,” ceuk ieu mojang nu jangkungna 157 cm reueus.

Nurutkeun ieu putra kadua Bapa Kuo Che Hung sareng Ibu Yenni Susilowati bisa kitu élmuna lain turunan ti kulawargana tapi diajar mandiri jeung ti agénsi VSP. Ari cita-cita?
“Hoyong janten fashion desainer,” ceuk Selin nu resep kana warga hideung, biru jeung kayas nandeskeun. ***
Manglé 3014
Leave a comment