Rebo, 24 Januari 2024, Sekolah Bénjang Indonésia (SBI) resmi diadegkeun. Naon tujuanana jeung siga kumaha ayeuna? Manglé ngobrol jeung Sutrisna nu boga gagasan ngadegkeun Sekolah Bénjang Indonésia.
Dasar diadegkeunana sakola bénjang anu bareng jeung didéklarasikeunana Kampung Wisata Boemi Benjang Oedjoengberoeng téh nurutkeun Sutrisna minangka rasa prihatin kana kamekaran bénjang kiwari.
Sutrisna anu ngakuna mah lain seniman atawa budayawan, malah disebut pengamat ogé henteu, tapi ku sabab inyana warga Ujungberung tempat lahirna seni bénjang, ngarasa wajib miduli kana kalumangsungan seni buhun warisan ti karuhun.
Nurutkeun Sutrisna, bénjang anu enas-enasna mah seni béla diri, henteu bisa dipisahkeun ti seni bénjang lianna saperti bénjang helaran, topéng bénjang jeung ibing bénjang.
“Janten dina seni bénjang mah aya opat. Kahiji bénjang béla diri nu kapungkur-kapungkur mah sok disebat bénjang gulat atanapi bénjang gelut. Kadua bénjang helaran nu kiwari mah sok ditanggap dina acara kariaan sunatan, katilu ibing bénjang sareng kaopat topéng bénjang,” ceuk Sutrisna sababaraha waktu ka tukang di Wallagri Center, Pasanggrahan Ujungberung Kota Bandung.
Saluyu jeung fungsina, nurutkeun Sutrisna bénjang helaran larapna pikeun aleut-aleutan ngurilingan lembur dipirig musik anu hasna maké terebang ngabéjaan ka masarakat lamun di hiji tempat bakal diayakeun pasanggiri bénjang béla diri.

Sedengkeun ibing bénjang mah dilakukeun ku pamilon pasanggiri pikeun nangtang ka pamilon séjénna. Lamun aya anu wanieun, bakal aya anu maju ka pakalangan. Tapi lamun taya anu wanieun, nu ngibing pangheulana bakal ka sisi deui.
Ari topéng bénjang mah minangka hiburanana. Biasana dipintonkeun saméméh pagelaran bénjang dimimitian.
Kiwari mah sapaniten Sutrisna, padépokan atawa paguron bénjang geus jarang ngalatih murid-murid kana bénjang béla diri. Tapi leuwih mentingkeun kana bénjang helaran nu tangtuna jelas udaganana nyaéta panghasilan.
“Ku margi kitu sim kuring sareng réngréngan nu masih mikanyaah kana bénjang, diantawisna para kapala sakola swasta di sabudeur Ujungberung ngadegkeun Sekolah Bénjang Indonésia nu dirojong pisan ku Rumah Zakat pikeun mertahankeun sareng ngamumulé budaya karuhun nu asalna ti Ujungberung téh ulah laas kaséréd jaman,” Sutrisna nandeskeun.
Komo deui ceuk Sutrisna, wilayah Ujungberung ayeuna mah geus réa dieusian ku masarakat anu holna ti luar. Anu can puguh resepeun kana bénjang. Tangtu lila-lila mah mun henteu ditarékahan, bénjang bener-bener kasérédkeun.
Terus Ihtiar
Nurutkeun Kapala Sekolah Bénjang Indonésia, H. Ate Surpiatna, S.Pd.I., anu ogé Kepala Sakola SMP Triyasa, reueus Sekolah Bénjang Indonésia jeung Kampung Wisata Boemi Benjang Oedjoengberoeng bisa ngawujud.
“Alhamdulillah ku ihtiarna réngréngan nu mikanyaah seni benjang, kiwari nu diajar di Sekolah Bénjang Indonésia kirang langkung aya 50 murid,” H. Ate Supriatna reueus.
Henteu cukup ku kitu ceuk H. Ate. Dirina jeung pangurus lianna bakal terus ngusahakeun sangkan siswa-siswi SMP sabudeur Bandung Timur sina daraék sakola benjang.



Dina sakola bénjang, bakal jelas kurikulumna. Gerakan atawa jurusna kudu sarua. Lamun hiji mangsa aya anu naliti soal bénjang, ti mimiti kumaha latihanana, geus nepi ka mana préstasina, nurutkeun Sutrisna jeung H. Ate nya kudu ka sakola bénjang anu tempatna di Wallagri Center, Jalan Walagri Mulya, RT 01 RW 09, Kalurahan Pasanggrahan, Kacamatan Ujungberung Kota Bandung.
“Ari nu nerangkeun sareng praktékna mah nya para ahli bénjang tangtosna ogé. Tiasa ti paguron mana waé. Sim kuring mah ukur ngawadahan,” ceuk Sutrisna jeung H. Ate.
Kitu deui soal Kampung Wisata Boemi Benjang Oedjoengberoeng. Éta téh minangka séntralisasi. Henteu béda ti Angklung Ujo. Lamun aya wisatawan rék mancanagara atawa doméstik hayang apal sagala rupaning perkara bénjang, nya ayana di Kampung Wisata Boemi Benjang Oedjoengberoeng.
“Mudah-mudahan ku ngadegna Sekolah Bénjang Indonésia tiasa ngajaga kalumangsungan seni benjang sangkan tetep aya bari dipikaresep masarakat. Mudah-mudahan seni bénjang nu kiwari kasérédkeun ku jaman téh, tiasa tetep makalangan,” ceuk Sutrisna jeung H. Ate.
Edisi majalah: 3000
Leave a comment