Najan aya di palemburan, SDN Cigerenem henteu éléh ku sakola anu aya di kota. Utamana dina hal bersih jeung séhatna. Malah ti taun 2022 geus ditetepkeun jadi Lingkungan Sekolah Sehat (LSS), nyaéta sakola nu miboga lingkungan bersih, éndah, tartib, diiuhan ku pepelakan nu pikabetaheun sarta réana tutuwuhan nu matak seger kana mata jeung ayana tempat miceun runtah nu nyumponan sarat.
Hal kitu diungkabkeun ku Hj. Teti Nurhayati, S.Pd., kapala sakolana sababaraha waktu kaliwat.
Nurutkeun Hj. Teti, SD Negeri Cigerenem anu perenahna di RT 01 RW 01, Kp. Cigerenem Désa Cikadu, Kacamatan Cikadu Kabupatén Cianjur téh, leuwih tihothat ngaronjatkeun kagiatanana. Sabab SDN Cigerenem bakal dipilukeun kana lomba sakola séhat tingkat Kabupatén Cianjur.

Keur ngawujudkeunana, Kapala Sakola boga program nyaéta nagawangun kultur sakola séhat, mekarkeun program kaséhatan, ngaronjatkeun kasadaran kaséhatan, mekarkeun fasilitas kaséhatan sarta gawé bareng jeung kolot murid, ningkatkeun kaparigelan guru, mekarkeun lingkungan sakola anu aman jeung mekarkeun program kaséhatan méntal.

Nu jelas ceuk Hj. Teti, basa inyana keur ngajar baheula nepi ka taun 2013 mah, SDN Cigerenem téh jadi sakola IPK, Induk Pengembangan Kesenian. 31 SD sa-kacamatan latihan kasenianana di SDN Cigerenem. Malah préstasina ogé loba anu nepi ka tingkat kabupatén. “Pokona, sim kuring sareng sadaya réngréngan guru anu ngajar di SD Negeri Cigerenem sapuk ka payunna hoyong teras ngawujudkeun SDN Cigerenem téh janten sakola anu séhat anu ngagaduhan préstasi saluyu sareng visi misi SDN Cigerenem ku cara tetep ngajalankeun kurikulum Merdéka anu kedah teras dimekarkeun nyaéta Proyek Penguatan Profil Pelajar Pancasila,” Hj. Teti Nurhayati nandeskeun. ***
Mangle 3013
Leave a comment