Home Gaya Hirup SD Negeri Cigerenem Juara Umum Biantara Basa Sunda sa-Kacamatan Cikadu
Gaya HirupMejeng

SD Negeri Cigerenem Juara Umum Biantara Basa Sunda sa-Kacamatan Cikadu

Share
Hj. Teti Nurhayati jeung para guru sarta murid-murid SDN Cigerenem nu milu dina ATS 2025.
Share

Ari ku rajin latihan mah bari didorong ku para guru jeung Kapala Sakolana, sarta disumangetan ku para kolotna, SD Negeri Cigerenem Juara Umum Biantara Basa Sunda sa-Kacamatan Cikadu dina acara Ajang Talenta Siswa Kacamatan Cikadu taun 2025.

Ti kénca, Tria, Naura (juara maca sajak) jeung Dhara.

Kagiatan anu dilaksanakeun di Gedung Guru Cikadu Winaya Mekar, Cianjur, 13 April 2025, Tria Nashif Kusaeri pelajar putra kelas V jeung Dhara Fajariah Rusmawan pelajar Putri kelas IV jadi pinunjul kahiji lomba biantara Basa Sunda.

Nurutkeun Hj. Teti Nurhayati, S.Pd., Kapala SDN Cigerenem nu alamat sakolana di RT 01 RW 01, Kp. Cigerenem Désa Cikadu, Kacamatan Cikadu Kabupatén Cianjur téh, dirina jeung para guru nu ngajar di éta sakola ngarasa reueus ku para muridna anu jaradi juara.

“Alhamdulillah prosés moal ngahianat kana hasil. Aya rejekina. Sim kuring sareng sadaya guru anu ngajar di SDN Cigerenem ngaraos gumbira sareng reueus,” ceuk Hj. Teti Nurhayati, S.Pd., saréngséna acara.

Naura jeung salah saurang guruna

Nurutkeun Hj. Teti Nurhayati, perjuangan lain nepi ka dinya. Sabab anu jaluara téh bakal dipilukeun dina lomba sa-Kabupaten Cianjur.

“Mudah-mudahan aya milikna deui. Anu jelas bakal digeder latihanana,” Hj. Teti Nurhayati, S.Pd., sumanget. ***

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Gaya HirupImplik-implik

Paniisan Cippo Tempat Ngojay di Gunung Manglayang

Lain tempat ngojay nu standar sabenerna mah. Tapi Paniisan Cippo atawa anu...

Gaya HirupImplik-implik

Khalana Villa Citengah Wisata Murah Ngaharib-harib Ubud Bali

Piknik atawa wisata mah henteu kudu mahal, nu penting bisa sugema nyukakeun...

Gaya HirupImplik-implik

Rafting di Walungan Palayangan Situ Cileunca Pangaléngan

Wisata rafting/arung jeram atawa tumpak parahu karét di walungan anu caina tarik...

Gaya HirupImplik-implik

Ngamangpaatkeun Poé Peré Naék ka Gunung Papandayan

Pikeun nu resep suasana alam, naék gunung mangrupa hal nu kaasup penting....