Puriding Puringkak

Sapatu Butut

Inget kana éta sapatu, sapatu kameumeut minangkana mah. Sapatu urat digawé di proyék nu sok ngékét dipapaké. Lumayan butut ogé mun sakalieun indit-inditan teu ngétéplék disendal teuing. Bodas asalna mah sapatu téh da puguh sapatu kéts nu sok dipaké olah raga ku batur mah. Ngan bodasna geus leungit ganti warna jadi semu konéng, kuleuheu.

Share
Puriding Puringkak 3005 warna
Share

Ku Agus R Munggaran

Can lila pindah ka imah kontrakan anyar pamajikan geus nyebut teu betah. Pajarkeun mun keur ditinggalkeun gawé sok ngarasa keueung. Pajarkeun téh mun peuting sok loba dédéngéan nu teu pararuguh, malah sakapeungma sok teu pupuguh jol ngahiliwir seungit rampé. Kaharti kituna mah, da puguh di imah ukur paduduaan jeung budak nu orok kénéh. Mangkaning keur boga gawé di luar kota, balik ukur bisa saminggu sakali.  Katambah ku omongan tatangga, siga nu aratoheun imah nu geus heubeul dikosongkeun téh aya nu ngeusian.

“Raos ayeuna mah janten haneuteun, kapungkur mah sok keueung ari wengi ngalangkung ka bumi ieu téh.” Ngadéngé omongan tatangga kitu téh pikeun pamajikan mah nambah gegebegan. Beuki percaya yén imah téh matak pikakeueungeun. Saenyana mah ti mimiti ogé rada kapaksa kontrak ieu imah téh. Daék ngeusian sotéh pédah wé kontrakanana murah jeung bisa dibayar satengahna heula.

Asalna mah tara ieuh didéngé omongan pamajikan téh, da puguh teu pikahartieun alesan nyebut teu betahna téh. Ngan sanggeus pagawéan di proyék réngsé tuluy ngaligeuh deui di imah kakara karasa. Sakur anu dicaritakeun ku pamajikan kaalaman ku sorangan, malah aya leuwihna.

Sakali mangsa isuk kénéh pamajikan geus kukulutus, sapatu nyampak aya dina rigén wadah seuseuheun.

“Cing atuh sapatu kotor kitu mah tong dihijikeun jeung seuseuheun!” pokna nyeuneu.

“Ih, saha nu neundeun sapatu di dinya? Da boga pikiran atuh Akang gé!”

“Urang téh ukur duaan katilu budak nu karék bisa ngalangsud. Moal enya jurig mah nu neundeunna!”

“Hus. Sok padu engab waé ari ngomong téh,” dikitukeun téh pamajikan ngadon neuteup bari kerung.

“Ari wengi nu saur Akang siga nu ngobrol di dapur téh naon nya?”

“Ah éta mah dédéngéan Akang wé meureun. Boa sora ti imah tatangga,” ngahaja ngomong kitu téh ngarah pamajikan teu kapapanjangan nanya. Padahal haté mah kebek ku kabingung, da sidik sora nu ngobrol téh di dapur. Ngan teuing saha?

“Geus wé tong ribut urusan sapatu mah. Keun nyeuseuh ku Akang.”

Nepi ka soré teu weléh kapikiran urusan sapatu dina rigén téh. Asa pamohalan mun enya téa mah aya jurig, piraku ngadon mindahkeun sapatu butut kana wadah seuseuheun. Saenyana mah teu percaya kanu karitu téh, da puguh teu asup akal! Ngan dipikiran sotéh bisi aya jalma nu jail asup ka jero imah, tapi nyaéta saha atuh jalmana? Dinu ayana gé piraku teu kanyahoan, da pamajikan tara ka mana-mana pisan.

Inget kana éta sapatu, sapatu kameumeut minangkana mah. Sapatu urat digawé di proyék nu sok ngékét dipapaké. Lumayan butut ogé mun sakalieun indit-inditan teu ngétéplék disendal teuing. Bodas asalna mah sapatu téh da puguh sapatu kéts nu sok dipaké olah raga ku batur mah. Ngan bodasna geus leungit ganti warna jadi semu konéng, kuleuheu.

Katurug-katutuh meureun pibasaeunana mah. Nganggur geus aya kana sabulanna. Céngcéléngan meunang kukumpul basa keur digawé ampir korédas, da unggal poé ditungtutan dipaké bubutuh sapopoé. Na atuh jol nu ngondang mangkaning lain nu jauh, da ieu mah kasebut baraya deukeut nu rék ngawinkeun budakna. Teu hadé tangtuna gé lamun nepi ka teu datang téh.

Kapaksa bingung-bingung gé badami jeung pamajikan kumaha pipetaeun nyahareupan ondangan téh. Pamajikan ukur ngaheruk bingung, mangkaning cenah céngcéléngan téh ukur cukup keur sababaraha poéeun deui. Ngan sanggeus ditimbang-timbang hadé goréngna tungtungna mah pada sapuk. Duit nu teu sabaraha deui téh rék direcah, sawaréh rék dipaké keur ngamplop.

“Keun sugan aya milik deui keur pangabutuh urang mah,” dikitukeun téh pamajikan unggeuk bari  tungkul.

Bérés urusan ongkos jeung eusi amplop, inget kana sapatu.  Mangkaning ondangan téh di gedong, piraku kudu mamaké sapatu kéts nu kuleuheu.

“Nambut wé atuh sapatu kulit ka Kang Édi. Pan pagawé kantor mah tara ukur hiji sapatuna,” ceuk pamajikan méré bongbolongan.

Pasosoré kencling indit ngajugjug imah Kang Édi. Éra-Éra ogé kapaksa waléh, inyana ukur nyéréngéh.

“Kop wé milih sorangan dina erak sapatu. Tong nyokot nu weuteuh wé,” ngomong kituna téh bari ngahéhéh.

“Moal atuh, Kang. Rék milih nu pangbututna wé,” némbal bari nyéréngéh.

“Euweuh nu butut di dieu mah,” ceuk Kang Édi bari seuri. Lain wadul kituna téh da ngaran-ngaran pagawé kantor tangtu dangdanan téh diutamakeun.

Sanggeus milih sapatu, diandeg teu waka dititah buru-buru balik kalah diajak ngopi heula. Dina waktuna balik geus matuh sok ngeupeulan, keur ongkos pajarkeun téh.

Bada isa karék turun tina Angkot di hareupeun gang, leumpang ngalénghoy bari mikiran kumaha lampah pikahareupeun. Haté ngangrés mikiran nanasiban, ukur sapatu gé kudu nginjeum ka batur.

Nepi ka imah, karék gé mukakeun panto geus disampakeun nu matak kerung.

 “Ari bieu ti mana heula?” ceuk pamajikan.

“Har…Panan karék balik ti Kang Édi nginjeum sapatu téa.”

“Ih apan tadi ti Kang Édi mah, teras bieu Akang ka luar deui!” ceuk pamajikan bari rada muncereng.

“Gusti… Piraku ari kudu susumpahan mah. Pan karék jol ieu téh,” rada nyeuneu ngomong téh. Asa kacida, karék gé jol geus ditanya ku nu teu pikahartieun.

“Ih ari akang. Tuh tinggal geura di teras, pan éta sapatu Akang nu dianggo tadi.” Puguh matak ngagebeg nempo sapatu nu tadi ditinggalkeun di imah Kang Édi ayeuna aya di dieu.

“Akang mah apan tadi maké sapatu meunang nginjeum ti Kang Édi. Sapatu  nu  Akang mah ditinggalkeun di ditu!”

“Ari tadi saha atuh nya? Da persis siga Akang pisan!” ceuk pamajikan sorana ngageter.

“Nya saha atuh nu mawa éta sapatu? Da teu rumasa Akang mah.” Kacapé ngadadak leungit, haté ngadadak  ratug.

Geuwat panto dipeundeutkeun tuluy ka tengah imah, pamajikan nuturkeun bari muntangan leungeun, beungeutna semu pias. Di tengah imah ngadon nyanghunjar bari ngahuleng mikiran kajadian nu karék karandapan. Keukeuh asa teu kaharti. Nya saha atuh nu geus nganteurkeun sapatu téh?

Keur méakeun kapanasaran euweuh deui iwal ti kudu nanyakeun ka Kang Édi saha nu nyaho sapatu mah aya kénéh di imahna. Gap kana HP, tuluy nelepon Kang Édi.

“Hapunten, Kang. Badé ngaririweuh ieu téh,” sanggeus ditémbalan ti peuntas.

“Aya naon deui nyah?”

“Punten pisan nyungkeun tulung pangningalikeun, ari sapatu abdi aya dina erak sapatu henteu.”

“Teu dibawa balik nyah tadi téh?”

“Henteu, Kang. Émutan téh ngarah engké ngawangsulkeun sapatu Akang dianggo deui ku abdi.”

“Ké atuh sakeudeung urang téang.” Teu lila geus pok deui ngomong, “Euweuh! Aya naon kitu asa rareuwas?”

“Puguh aya nu anéh ieu téh, Kang. Tadi barang jol ka rorompok sapatu téh tos nyampak di téras!”

“Enyaan éta téh? Na saha nu nganteurkeunana?”

“Nyaéta duka saha nu nganteurkeunana mah. Engké wé dongéngna mah nya, Kang. Hatur nuhun.”

Ngahuleng beuki uleng, ku teu sangka sapatu butut téh bet jadi mamala.

Edisi majalah: 3005

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Puriding Puringkak

Sanggeus 24 Taun

Meureun nu peuting téh hayang ulin jeung alo kuring, nu sok padahal...

Puriding Puringkak

Orok Leungit Tina Aisan

Ku Agus Mulyana Dicarék éta ogé ku mitohana mah. Ulah waka mulang,...

ilustrasi puriding puringkak
Puriding Puringkak

Datangna Alatan Diondang

Imah nu mimitina tingtrim téh jadi kacirina geueuman saprak dicicingan ku pangeusi...

Puriding Puringkak 3006
Puriding Puringkak

Nu Ngageugeuh Rohang Kelas Tilu

Ku: Komala Sutha BAKU ari geus maksa téh. Éka, budak cikal Agus...