Ku M Yusuf Nurmansyah
Balik ti imah lanceuk leumpang. Teu mawa motor tadi beurang waktu ka kota. Tas ti kota nyimpang ka lanceuk anu panggedéna. Geus langka ojég jaman kiwari mah. Loba jalma anu baroga motor. Dina ngojégna teu loba anu narumpakna. Kapaksa kuring leumpang. Tadina mah hayang nelepon ka budak sina mapagkeun, ngan karék inget budak keur nyaba. Ongkoh deui HP-na pareum. Rék ngecas HP di imah lanceuk pililaeun, kalah beuki peuting.
“Kiwari geus jempling,” ceuk kuring laun.
Leumpang gancang bari mimiti ngarasa keueung. Liwat ka hareupeun imah Mang Dani anu rada nenggang ti imah tatangga. Mémang imahna mah sisi jalan. Di hareupeun imahna teu dicaangan ku bohlam atawa néon. Aya anu keur diuk duka saha. Nu jelas mah lalaki. Panyangka kuring budakna anu lalaki. Tapi budakna anu lalaki mah geus bujang, langka aya di lembur lantaran kuliah di Jakarta. Ongkoh budakna anu lalaki mah jangkung gedé, ari anu keur diuk mah budak leutik.
Aya meureun umurna kana 9 taunan. Najan euweuh cacaang, ku kuring katempo aya budak lalaki keur diuk dina korsi. Leungeunna nangkeup harigu kawas anu tiris. Matana neuteup ka peuntaseun jalan anu mangrupa kebon anu upul-aplak jiga leuweung. Matana belo, gular-giler. Awakna semu lintuh. Kuring ngarasa sieun ku éta budak. Barang kuring geus aya hareupeun pisan éta imah, éta budak neuteup ka kuring. Matana ngiceup terus neuteup deui. Siki matana nu gedé gular-giler. Pipina anu caramihmil beuki jelas katempo waktu manéhna imut ka kuring. Lain kayungyun tapi kalah sieun. Beretek kuring lumpat, teu sirikna notog-notogkeun manéh. Mun hadé mah rék bari ceuceuleuweungan nyebut aya jurig sangkan teu keueung teuing.
“Alhamdulillah,” kuring eureun heula sisi jalan anu caang ku lampu ti saban imah jeung lampu anu rajeg sisi jalan.
Di dinya gé geus simpé. Kaharti ayeuna mah, warga carapéeun sabab tadi beurang tas jalan séhat. Kuring onaman teu milu, kalah ka kota lalajo film horor di bioskop. Suku leumpang deui, kari sakeudeung deui pikeun tepi ka buruan imah. Pamajikan nyaring kénéh. Karesepna maca majalah jeung koran anu maké basa Sunda. Panto dibuka bari héraneun ku kuring anu rénghap ranjug jeung beungeut késangan.
“Manggihan jurig?” tanyana.
Kuring teu waka némbal. Pamajikan mikeun cai hérang sagelas. Kuring ngareureuhkeun kacapé. Dina majalah, pamajikan keur maca carita horor.
“Uyuhan teu keueung,” ceuk kuring bari nutupkeun majalah.
“Pira gé bacaan,” ceuk pamajikan.
Hayang nyaritakeun kana naon anu tadi katempo, ngan asa moal nyambung sabab pamajikan lain urang dieu.
“Dimana aya jurig?” tanya pamajikan.
“Geus lah ulah nyaritakeun jurig!” ceuk kuring.
Taun 2000 waktu kuring keur kelas 3 SMU aya anu maot. Saurang budak lalaki umur 9 taun tilar dunya, saméméhna gering heula meunang dua poé. Ngaran éta budak Anggara, nénéhna mah Aga. Budak Ceu Kokom ti salakina anu ti heula. Ceu Kokom banget kanyenyerian ku ditinggalkeun maot ku budakna.
Meunang hayang boga budak lalaki, sanggeus boga budak anu cikal anu awéwé.
Meunang sabulan waé mah ceuk béja, Ceu Kokom embung barangdahar. Gawéna ceurik bari midangdam ka anu geus taya di kieuna. Ciri-cri budak Ceu Kokom nu kuburanna di lebakeun imahna téh sarua jeung anu katempo ku kuring tadi. Baheula mah di sabudeureun imah Ceu Kokom loba imah, lila ti lila narungtutan parindah.
Masih ceuk béja, harita Ceu Kokom hayang waé indit ka makam tempat Aga dikurebkeun. Saleuheung ari ti beurang, palebah ti peuting bari kaayaan poék jeung hujan. Kahayangna tara ieuh aya anu nurutkeun.
Makamna aya di pakebonan anu jauh ka paimahan. Geus puguh ti beurang mah, sok aya di makam anakna anu ngariung jeung makam aki jeung nini Ceu Kokom salila-lila. Di dinya manéhna ceurik bari ngomong sorangan, ngébréhkeun kasedih anu pohara.
Ngaranna gé nu jadi indung ka anu jadi anak, ngan ari kitu peta mah kaleuleuwihi. Dikandung salila 9 bulan, diurus bener-bener, tapi wayahna kudu paturay. Manusa teu ngaboga-boga, Aga dititipkeun ku Alloh ka Ceu Kokom jeung salakina nepikeun ka Aga umur 9 taun. Dua taun ti tas Aga maot, Ceu Kokom pepegatan. Jigana faktor ékonomi anu jadi panyababna. Rumah tangga deui ka lalaki ngaranna Mang Dimas, anu teuing gawé naon. Boga deui budak lalaki anu ayeuna umur 20 taun. Kahayang boga budak lalaki tinekanan ku lahirna Yanuar. Ngan meureun sahenteuna, masih aya kainget ka Aga nu geus 24 taun maot.
“Geura saré!” titah pamajikan.
Kuring anu keur anteng mikiran Aga, kekedengan dina sofa nepikeun ka reupna.
Aga sapantar jeung alo kuring anu panggedéna. Di sakolana pinter. Poé Ahad sok ulin ka alo. Umur alo 33 taun, geus boga budak umur 4 taun.
“Punten,” ceuk hiji sora ti luareun imah.
Kuring anu keur saré ngagebeg.
“Punten,” sora nu tadi kénéh.
Kuring neureuy ciduh. Rét kana jam dinding, waktu nuduhkeun tabuh dua peuting.
“Punten,” pikeun anu katilu kalina.
Geus tilu kalimah euweuh deui anu nyoara. Kuring maksakeun manéh asup ka kamer bari dilimpudan ku rasa sieun.
“Akang, saha anu pupuntenan wayah kieu?” tanya pamajikan halon.
“Dédéngéan meureun,” ceuk kuring sarua halon.
“Ah henteu, aya kana tilu kalina. Ku kuring mah kadéngéna téh sora budak lalaki,” pamajikan ngaharéwos.
Jadi atuh lain ku kuring wungkul anu ngadéngéna. Pikiran inget deui ka Aga nu mun aya kénéh mah geus jadi saurang bapa. Kulitna bodas beresih, jauh tangéh jeung alo kuring anu hideung pisan.
“Mang Lili, abdi Aga,” ceuk sora ti pipireun kamer.
Leungeun pamajikan nyekelan pigeulang leungeun kuring. Duaan jarempé. Kakeueung beuki nataku.
“Mang, ari Tédi dimana?” tanyana beuki ngadeukeutan témbok kamer.
Kuring jeung pamajikan paadu teuteup. Lisan babacaan sabisa-bisa. Hadéna kuring jeung pamajikan teu hayang ka jamban.
Pamajikan keur nyangu di hawu saméméh kuring indit ka pagawéan.
“Kang, kakaraeun aya nu kararitu ti peuting, saha atuh?” tanya pamajikan.
Kuring nerangkeun.
“Oh kitu, tapi naha bet ka dieu ngajungjuriganna? Jeung naha enya éta téh jurig?” pamajikan ngarampa pundukna.
“Duka téh teuing,” kuring godeg.
Meureun nu peuting téh hayang ulin jeung alo kuring, nu sok padahal geus lain budak deui. Kumaha teuing perasaan Ceu Kokom mun apaleun kana naon anu kajadian ku kuring. Boa kabiasaan Ceu Kokom masih nerus nepikeun ka ayeuna. Ceuk béja ti anu boga kebon anu deukeut jeung makam Aga, Ceu Kokom dimana ka makamna bari barangbawa kaulinan Aga sawaktu keur hirup, di sagédéngeun mawa cai dina botol pikeun dicéborkeun kana luhur makamna. Kana WA aya chat ti alo. Manéhna ngabéjakeun hal anu anéh tadi peuting, nu ampir sarua jeung naon anu ku kuring kaalaman. Alo apaleun pisan kana tanggal maotna, nya poé ieu pisan, 24 taun ka tukang.
Majalah edisi: 3010
Leave a comment