Home Warta Katumbiri Salila 2024 Ékonomi Jabar Undak 4,95 Persén
Katumbiri

Salila 2024 Ékonomi Jabar Undak 4,95 Persén

Share
Share

Kota Bandung – Ékonomi Jawa Barat sacara kumulatif (c-to-c) undak 4,95 persén salila 2024. Hal éta ditepikeun ku Badan Pusat Statistik (BPS) Provinsi Jawa Barat dina press rilis berita resmi statistik di Aula Kantor BPS Jabar Jl. Phh. Mustofa No.43 Kota Bandung, Rebo, (05/02/2025).

Kepala BPS Provinsi Jawa Barat, Darwis Sitorus nétélakeun yén Produk Domestik Regional Bruto (PDRB) kana dasar harga konstan téh 448,06 triliun rupiah. Demi keur dasar harga berlaku mah 724,69 triliun rupiah. Ku kituna kamekaran ékonomi di Jawa Barat dina triwulan 4/2024 nyaéta 5,02 persén sacara y-on-y batan triwulan 4/2023, jeung 2,05 persén sacara q-to-q batan triwulan 3/2024. Nurutkeun darwis kagiatan ékonomi nu mayeng ngalantarankeun ékonomi Jawa Barat undak 4,95 persén salila 2024.

“Kamekaran ékonomi 4,95 persén téh némbongkeun kaayaan ékonomi di Jawa Barat salami 2024. Data-data nu ngarojong angka éta diantarana jumlah wisatawan nusantara nu ningkat 7,15 persén batan 2023. Kunjungan wisatawan mancanagara gé majeng 20,33 persén sacara y-on-y nu seuseueuerna mah ti Malaysia,” ceuk Darwis tandes naker.

Kepala BPS Provinsi Jawa Barat, Darwis Sitorus.

Darwis ngémbohan yén impor luar negeri dina triwulan 4 jadi salah sahiji faktor nu ngarojong kamekaran ékonomi di Jabar. Impor bahan baku ningkatna 0,38 persén (q-to-q), 8,89 persén (y-on-y) jeung 5,94 persén (c-to-c). Impor barang modal ningkat 6,59 persén (q-to-q) jeung 2,35 persén (y-on-y), ngan kontraksi 3,23 persén (c-to-c). Demi impor barang konsumsi ningkat 1,36 persén (q-to-q), 10,96 persén (y-on-y), jeung 20,86 persén (c-to-c).

Kamekaran ékonomi diétang dumasar Produk Domestik Regional Bruto (PDRB) kana dasar harga konstan. PDRB mah ditilik ti dua sisi nyaéta lapangan usaha jeung nu dikaluarkeun. Sacara q-to-q nurutkeun lapangan usaha, nu méré kontribusi gedé ka PDRB dina triwulan 4/2024 nyaétu industri olahan 40,62 persén, dagang 14,67 persén, tatanén 8,54 persén, konstruksi 8,50 persén, jeung transportasi 6,29 persén.

Tina lima kategori éta, triwulan 4/2024 industri olahan kontraksi atawa ngurangan 0,96 persén. Nu lianna mah undak, nyaéta dagang undak 4,53 persén, tatanén undak 3,92 persén, konstruksi ningkat 2,05 persén jeung transportasi ningkat 4,07 persén.

“Lapangan usaha nu pangsaéna téh jasa perusahaan dugi ka 23,53 persén. Deni nu ngirangan mah tina jasa keuangan sareng asuransi 7,09 persén,” ceuk Darwis écés naker.

Lebah komponén nu dikaluarkeun, konsumsi pemerintah panggedéna nyéta 41,08 persen, dituturkeun konsumsi LNPRT 3,75 peréen, konsumsi rumah tangga 3,06 persén. Komponén lianna nyaéta PMTB mekar 2,85 persén, jeung impor 0,47 persén. Demi nu ngurangan mah nyaéta ekspor kontraksi 3,84 persén jeung nét ékspor kontraksi 19,09 persén.

Darwis Sitorus ngécéskeun yén sumber kamajuan dina triwulan 4/2024 téh dadagangan nu gedé jeung écéran undak 0,65 persén, akomodasi jeung macangkrama 0,35 persén, tatanén 0,26 persen, informasi komunikasi 0,25 persén. Lebah nu dikaluarkeun mah, konsumsi rumah tangga jadi nu panggedéna nyaéta 1,81 persén, dituturkeun konsumsi pemerintah 1,71 persén jeung PMTB 0,68 persén.

Kamekaran ékonomi di pulo Jawa sacara c-to-c 4,92 persén. Méré kontribusi 57,02 persén kana PDB Atas Dasar Harga Berlaku (ADHB) taun 2024. Darwis ngécéskeun kamekaran ékonomi Jabar 4,95 persén méré kontribusi 22,49 persén kana PDRB atas dasar harga berlaku di Pulo Jawa. Anapon kamekaran ékonomi provinsi lianna di Pulau Jawa nyaéta DKI Jakarta 4,90 persén, Provinsi Jawa Tengah 4,95 persén, Jawa Timur 4,93 persén, DI Yogyakarta 5,03 persén, jeung Banten 4,79 persén. Jawa Barat provinsi nu ékonomi pangalusna kadua di Pulau Jawa tahun 2024.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

BRI Masrahkeun Pakét Lebaran Pikeun PWI Jawa Barat

BANDUNG – BRI Regional Office Bandung ngaliwatan program “BRI Peduli-Berbagi Bahagia Bersama...

Katumbiri

Lawungan jeung Média, ISBI Bandung Medar Rarancang: Dies Natalis ka-57, Ngukuhkeun Dua Guru Besar Anyar, Tatahar UTBK-SNBT 2025

Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung baris ngagelar runtuyan kagiatan di bulan...

Katumbiri

Kiper Persib Manten Muka Soccer Academi

Kiper Persib Bandung musim 2010 – 2011, Markus Haris Maulana, ngalegaan ambahan...

KatumbiriWarta

Aswan Asep Wawan, SE. Kudu Babarengan Sangkan Cibiru Jadi Leuwih ‘Mantap’

Jumaah, 21 Maret 2025, lumangsung acara Résés anggota DPRD Kota Bandung, Aswan...